2. MEDAR KAULINAN
Galah Asin/gobak sodor
• Dilakukeun dua regu
• Ditempat anu lega
• Samemeh prung nyieun kalang
• Diwates ku kotak-kotak (6 kotak)
• Biasana pamaen anu lolos kudu
ngagorowok nyebut “ Asin”
3. Bebedilan atawa Peperangan
• Diulinkeun ku dua regu
• Diulinkeun ku budak lalaki
• Bebedilan biasana dijieun tina awi
• Pelorna tina keretas
• Kudu bisa ngatur stategi supaya teu
katembak sarta bisa ngelehkeun lawan
4. Sondah
• Biasana diulinkeun ku budak awewe
• Samemeh prung nyieun kalang
• Pamaeun kudu boga kojo (talawengkar)
• Samemeh maen hompimpah
• Kaulinan sondah, diajar ngajaga
kasaimbangan awak sarta kaparigelan
luncat bari engkle.
5. KALIMAH AKTIP
Kalimah aktip nyaeta kalimah anu jejerna ngalakukeun pagawean anu
ditetelakeun ku caritaan.
Titenan kalimah-kalimah ieu di handap!
Barudak keur ngagambar kalang.
Barudak = jejer (subyek)
keur ngagambar = caritaan (predikat)
kalang = obyek
Maman mawa kaleci warna – warni
Maman = jejer (subyek)
mawa = caritaan (predikat)
kaleci = obyek
6. Kalimah aktip henteu salawasna mikabutuh obyek. Titenan kalimah-
kalimah ieu di handap!
Danu keur ulin
Danu = jejer (subyek)
keur ulin = caritaan (predikat)
Neni keur luncat tinggi
Neni = jejer (subyek)
keur luncat tali = caritaan (predikat)
7. KECAP BARANG
Kecap barang mangrupa kecap nu nuduhkeun barang, jeung naon-naon nu
dianggap barang saperti jalma, sato, tutuwuhan, patempatan, jeung nu
sejenna nu dianggap barang.
Kecap barang bisa dipiheulaan ku kecap bilangan. Titenan kalimah-
kalimah ieu di handap!
Maman mawa kaleci
Barudak arulin
Kalecina diwadahan ku Danu
Kecap barang aya dua rupa, nyaeta :
Kecap barang anu nuduhkeun barang nyata, diantarana; buku, sapu,
karanjang, pacul, jeung sajabana.
Kecap barang anu nuduhkeun barang teu nyata, diantarana;
kaparigelan, kapinteran, kanyaah, kausah, jeung sajabana.
8. Tugas :
Kerjakan hal 16-18 (bagian A & B) di
buku tulis, dikumpulkan paling lambat
pkl 21.00 via link.