1. Thema :”Ngarasa Reueus Jadi Urang Sunda”
NGAMUMULE BASA SUNDA
Assalamu`alaikum wr. Wb.
Ibu-ibu nu luhung ku elmu panimu, bapa-bapa nu jembar ku karsa karya
katut pangalaman, oge rerencangana para siswa anu ku simkuring dipiheman.
Puji sinareng syukur Alhamdulillah Urang sanggakeun ka dzat Illahi Robbi
Allah AWT, mungguhing kukawasaan anjeun-Na urang sadaya tiasa diparengkeun
riung mungpulung patepung lawung bari nyucruk elmu pangaweru.
Patepang raray patarema panangan bari nyiar pangabisa, bongkok
ngaronyok paamprok jonghok sugan isuk jaganing geto bias silih longok,
silih pikasono, silaturahmi numutkeun tali paranti tur sakumaha numutkeun
ajaran Alloh Sang Hyang Widi nu didugikeun ku para Nabi.
Kadang wargi anu mulya.
Dina ieu kasempatan sim kuring kenging pancen biantara dina raraga
“Ngaronjatkeun Ajen-inajen Atikan Basa jeung Sastra Sunda”. Nanging
sateucanna bade tamada ka wargi sadaya,
neda ampun paralun bilih aya nu luhung kaluhuran, sih hapunten anu kasuhun,
margi saestuna sim kuring rumaos miskin ku pangarti-malarat ku pangabisa,
rumaos teu bodo-bodo acan,
estuning ilang alon margahina. Nanging pedah kuwengku ku pancen, sim kuring
neda widi bade
maksakeun bae diajar dina cumarita payuneun wargi sadaya. Judul nu baris
dibiantarakeun teh
nyaeta,“NGAMUMULE BASA SUNDA”.
Hadirin amu ku sim kuring dipihormat.
Dumasar kana Kurikulum 2004, Atikan Basa jeung Saster Sunda the
mangrupi pangajaran kaasup kana Muatan Lokal anu luyu pisan sareng
lingkungan sabudeureun siswa, komo patali sareng Otonomi Daerah mah.
Nyambung pisan tangtosna ge. Kumargi kitu, para siswa ditungtut malar
kahudangkeun manah sareng emutanna sangkan mikaresep tur mikareueus kana
basa sunda salaku banda urang sadaya, banda pusaka urang tatar sunda nu
kudu dimumule serta dilestarikeun ku para generasina.
2. Mun urang tatar Sunda mibanda rasa kacinta jeung kareueus pikeun ngamumule
basa Sunda, tangtu moal mindeng teuing kacaritakeun salah ngalarapkeun
kecap atawa kalimah dina komunikasi sapopoena, pangpangna dina ngagunakeun
undak-usuk basa, boh lisanna boh tulisna. Contohna bae:
Basa nu salah larapna
Dinten naon bade mios ka Bandung the ? Ari jawabna: Insya Alloh abdi
angkat dinten Saptu.
Sareng pun rama teu ? Ari jawabna: Manawi tos tilu dinten udur pun
rama mah.
Ari kuduna mah
Dinten naon bade angkat ka Bandung the ? Jawabanna: Insaya Alloh abdi
mios dinten Saptu.
Sareng tuang rama teu ? Jawabanna: Numawi tos tilu dinten teu damang
pun bapa mah.
Jeung rea-rea deui conto sejenna.
Mindeng kabandungan ku urang sadaya, teu saeutik urang sunda nu geus
luntur rasa kareueus jeung rasa kacintana kana Basa Sunda. Buktina bae,
loba nu indung bapana pituin urang Sunda, tapi nyarios ka para putrana
sapopoe naggunakeun Basa Malayu, alias Basa Indonesia. Rajeun digunakeun ge
dina waktuna nyarenkan. Lalampahana samodel kitu teh kapikir ku sim kuring
mah saolah-olah mun aranjeunna ngagunakeun basa Sunda mah matak era, atawa
boga anggapan
handap nileyna. Aya deui nu boga anggapan yen lamun ngagunakeun basa Sunda
teh cenah sieun salah ngalarapkeunna. Padahal mun seug dipikir deui mah,
naha make kudu sieun salah ngalarapkeunna sagala? Pan mun aya nu apaleun
salah mah piraku teu aya nu ngomekeun sangkan bener. Jadi, nu puguh salah
mah, nyaeta urang Sunda ku anjeun nu geus teu daek ngagunakeun basa Sunda
dina kahirupan sapopoena. Anu antukna, generasi urang Sunda leupas
tina purwa-daksi tur jati-diri ka-Sundaannana. Tah…, mun geus kieu, na rek
kusaha atuh nu baris ngamumule basa Sunda teh ….?
3. Kadang wargi anu mulya.
Pikeun ngamumule basa Sunda saestuna heuntue hese, tapi lain hartina
kudu dianggap gampang deuih, lantaran dina prakprakannana kudu ngaliwatan
sabaraha sarat. Ari saratna ngamumule teh kudu mibanda rasa kacinta
reujeung kareueus. Eta rasa kacinta kareueus teh bisakaujudkeun lamun geus
wanoh. Sangkan wanoh, nya kudu wawuh heula tangtuna ge. Jadi cindekna mah,
sangkan urang Sunda bisa ngamumule basa jeung sastra Sunda teh, leuwih ti
heula kudu diwawuhkeun ti oorok. Ti oorok beureum keneh jeung sastra
Sundakudu geus diwawuhkeun ka para putrana. Ari contona, geuning sangkan
orok bisa sare atawa sangkan repeh tina ceurik, ku sepuhna sok
dipangawihkeun Ayun Ambing. Anu kieu tea geuning kawihna teh:
Ayun-ayun ambing
Diayun-ayun ku samping
Ayun-ayun lenjang
Diayun-ayun ku sinjang
…………………..., jeung saterusna.
Atawa sok dipangdongenkeun geuning. Aya dongeng lalampahan kuya jeung
monyet, dongeng pinterna sakadang peucang, dongeng kumaha licik jeung
pangedulanna si Kabayan, jeung rea-rea deui dongeng sejenna nu biasana mah
didongengkeunna teh memeh sare. Ku cara sarupa kitu, dipireungeuh atawa
henteu, nu janten sepuh tos napelkeun opat rupa atikan ka nu janten
putrana. Ka hiji basana, ka dua sastrana, ka tilu kawihna, jeung nu
kaopatna ngawawuhkwun lampah paripolah alias adat istiadat urang Sunda ka
darah dagingna sorangan. Cing geura mangga lenyepan masing anteb, naha
kabiasaan sarupa kitu teh ku urang rek dipiceun mundelna,
terus nu nyesa kantun wasna? Duh………, piraku …….. dulur?!
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat,
Sabada ngalenyepan pananya tadi, sim kuring neda widi ka kadang wargi
pikeun nyindekkeun kedaling ati pamugi teu lepat nampi, gelar amanat ka
sadaya urang Sunda, muga diridhoan ku Sanghyang Murbawisesa Alloh SWT nu
Maha Kawasa, hayu urang sareundeuk saigel, sabobot sapihanean sabata
sarimbangan rempug jukung sauyunan, pikeun sabanda sariksa ngamumule basa
4. titingala karuhun urang sadaya basa nu jembar ku ciri budaya, nyaeta basa
Sunda.
Panutup catur pamungkas carita: mugi-mugi ieu pedaran sing janten
panggeuing pangeling anu teu kedah disebatkeun kanggo saha-sahana, mung
rupina mah cekap dipundut kasadaranna bae. Salajengna, bilih aya Pangagung
katut dulur-dulur nu kasiku kalbuna bilih aya Pamingpin atanapi wargi-wargi
nu kagerih atina sarta bilih aya Pejabat katut Aparat rengrenganna atawa
baraya nu kadupak manahna, mugi agung cukup lumur muga jembar hapuntenna nu
diteda. Kana bobot pangayon timbang tarju ti kadang wargi sadaya anu mulya,
insya Alloh baris ditampi ku asta kalih kasangga kalingga murda. Mugi Alloh
nyakseni tur ngobulkeun kana niat suci urang sadaya pikeun ngamumule basa
Sunda. Amin Yaa robbal alamien!
Wassalam mu`alaikum wr. Wb.