SlideShare a Scribd company logo
1 of 3
Assalamu ‘alaikum wr.wb.
Hamdan lillah, nahmaduhu wanasta’inuhu wanastaghfiruh, wan’udzubillahi
minsyururi anfusina, waminsayyiati a’amalina, mayyahdillahu falaa mudhillalah
wamayyudlil falaa haadiyalah. Sholatan wasalaman daimaini mutalazimaini ilaa
habii bana Muhammad saw ilaa yaumil qiyamah.
Sampurasun!
Langkung tipayun, hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Allah anu Maha
Ghofur, anu parantos masihan waktos anu kalintang diantos-antos, kanggo tiasa
cumarios dipayuneun hadirin sadaya dina raraga Pasanggiri tingkat Kota Cirebon.
Sholawat sinareng salam kawilujengan, mugia salamina ngocor ngagolontor ka
junjunan alam, anu parantos masihan obor cacaang kanggo kaum manusa sadaya
sangkan jadi jalma anu balageur, calageur tur palinter, anu ngajungjung tinggi harkat
martabat urang sadaya sangkan silih ajenan silih asah, silih asih, jeung silih asuh,
teu pandang bulu, teu dengdek topi, estuning teu ngabeda-bedakeun suku, bangsa
jeung basa.
Girang pangajen anu ku sim kuring diihormat, oge hadirin sadaya anu kusimkuring
dipkareueus.
Sim kuring ngadeg di ieu tempat sanes bade mapatahan naik ka monyet ngojay ka
meri, ieu mah estuning mung saukur tuturus piaseukeun. sugan jeung sugan aya
manfaatna, khusus kangge sim kurin umumna kangge sadayana.
Dina danget ieu sim kuring ngaraos bingah taya watas wangena yen sim kuring
kenging pancen kanggo ngadadarkeun perkawis “NGAMUMULE BASA SUNDA”
Hadirin anu ku simkuring dipikahormat,
Simkuring kalintang ngaraos bingah tur bagja, rehna dina kasempetan ieu simkuring
tiasa janten wawakil ti SMPN 17 kangge lomba biantara Tingkat Kota Cirebon tahun
2022. Anu mana dina kasempetan ieu, simkuring kenging pancen kangge
ngadugikeun biantara anu judulna “Ngamumule Basa Sunda”.
Juru pangajen miwah hadirin sadaya,
Basa sunda teh mangrupikeun anugrah ti Allah SWT khususna kangge masyarakat
Jawa Barat umumna kangge bangsa Indonesia. Urang salaku warga Jawa Barat wajib
hukumna pikeun ngamumule Basa indung anu luhung numatak bagja kanu miara tur
matak waluya kanu ngamumule. Kunaon pangna kitu hadirin sadaya? Basa Sunda
henteu leupas tina nilai-nilai karakter karuhun urang anu parantos ngadarah daging
dina jiwa urang sadaya nyaeta katelah ku istilah silih asah silih asih jeung silih asuh,
hade gogog hade tagog hade rupa hade basa.
Hadirin anu ku simkuring dipikacinta.
Salaku generasi anu hirup dina era digital, simkuring ngaraos ketir ku kaayaan basa
sunda ayeuna. Barudak geus jarang ngobrol jeung indungna boh kitu jeung bapakna.
Boro-boro jeung aki ninina, buyut bao jangawareng udeg-udegna saur paripaosna,
jeung babaturan saemok cabokna oge jiga-jigana teu wawuh-wawuh acan. kunaon
pangna kitu? Barudak ayeuna saribuk ku kaulinana sewang-sewangan. Nu hiji keur
tik-tokan, nu hiji deui keur freefirean. Tos teu resep deui kana ngadangukeun
dongeng ti indung mun rek sare, tos teu resep deui ngidung, ngawih, atawa
ngahariring pupuh pucung. kitu deui nabeuh kendang niup suling, angklung calung,
jeung gamelan. Padahal eta sadaya warisan budaya ti nini aki urang anu kudu di
piara tur dimumule ku urang sadaya salaku pewaris budaya sunda.
Hadirin girang Pangajen anu kusimkuring dimulyakeun
Lamun urang ngabiasakeun ngobrol ngangge basa sunda, tangtos basa sunda teh
moal kagiles ku kamajuan jaman. Sok sanajan urang pinter Bahasa Asing urang tetep
kedah ngamumule basa sunda salaku Bahasa indung urang ku cara ngabiasakeun
ngobrol ku basa sunda. Gunakeun basa Indonesia kanggo nganteurkeun kahebatan
basa jeung budaya sunda di wewengkon nagara Indonesia. Gunakeun Bahasa Inggris
kanggo ngawanohkeun basa jeung budaya sunda anu mangrupikeun kakayaan
budaya Indonesia di jagat raya. Ku ayana kitu simkuring ngadeuheus ka
pamarentah; ayakeun pasanggiri unggal tahun, sejahterakan guru-guruna, sareng
perhatoskeun kurikulumna. Sangkan Basa Sunda teh kariksa kamumule dugi ka
generasi anu salajengna. Dicangreud-pageuhkeun dina manahna sangkan jadi jalma
anu ngagaduhan karakter Sunda anu luhung ku silih asah, silih asih, silih asuh, hade
gogog hade tagog, hade rupa hade basa.
Hayu urang sasarengan ngamumule Basa Sunda ku cara anu sederhana tapi
ngagaduhan efek anu sampurna nyaeta ku ngabiasakeun ngobrol atanapi komunikasi
nganggo Basa Sunda. Ulah dugi ka ngaku urang Sunda tapi teu tiasa nyarios Basa
Sunda. “Allah moal ngarubah hiji kaum lamun urang henteu ngarubah sorangan”.
Ngagaduhan sikap positif kana Basa Sunda mangrupakeun salah sahiji indikator yen
urang teh ngahargaan jeung sukuran kana anugrah ti Allah SWT. Urang tiasa
ngawujudkeun eta sadaya ku cara soson-soson diajar.
Hadirin hormateun simkuring
Rupina sakitu wae biantara ti simkuring bobo sapanon carang sapakan hapunten anu
kasuhun bilih aya kalepatan,
Es Bon-bon Es Kalapa
Meulina ka Kacibarusah
Urang Cirebon tiasa Sunda,
Eta mantap luarbiasa
wallahul muwafiq ila aqwamitthariq. wassalamu alaikum wr. wb.

More Related Content

Similar to Biantara.docx

Serah tarima panganten 2
Serah tarima panganten 2Serah tarima panganten 2
Serah tarima panganten 2Tony Hermawan
 
Serah Terima pengantin Bahasa sunda
Serah Terima pengantin Bahasa sundaSerah Terima pengantin Bahasa sunda
Serah Terima pengantin Bahasa sundaSMAN1Ciwidey
 
Bahasa sunda siswa kelas 9
Bahasa sunda siswa kelas 9Bahasa sunda siswa kelas 9
Bahasa sunda siswa kelas 9Cecep Subagja
 

Similar to Biantara.docx (6)

Serah tarima panganten 2
Serah tarima panganten 2Serah tarima panganten 2
Serah tarima panganten 2
 
Serah panganten 3
Serah panganten 3Serah panganten 3
Serah panganten 3
 
Serah Terima pengantin Bahasa sunda
Serah Terima pengantin Bahasa sundaSerah Terima pengantin Bahasa sunda
Serah Terima pengantin Bahasa sunda
 
Bahasa sunda siswa kelas 9
Bahasa sunda siswa kelas 9Bahasa sunda siswa kelas 9
Bahasa sunda siswa kelas 9
 
Mangle 2450
Mangle 2450Mangle 2450
Mangle 2450
 
Buku guru kls 7
Buku guru kls 7Buku guru kls 7
Buku guru kls 7
 

Biantara.docx

  • 1. Assalamu ‘alaikum wr.wb. Hamdan lillah, nahmaduhu wanasta’inuhu wanastaghfiruh, wan’udzubillahi minsyururi anfusina, waminsayyiati a’amalina, mayyahdillahu falaa mudhillalah wamayyudlil falaa haadiyalah. Sholatan wasalaman daimaini mutalazimaini ilaa habii bana Muhammad saw ilaa yaumil qiyamah. Sampurasun! Langkung tipayun, hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Allah anu Maha Ghofur, anu parantos masihan waktos anu kalintang diantos-antos, kanggo tiasa cumarios dipayuneun hadirin sadaya dina raraga Pasanggiri tingkat Kota Cirebon. Sholawat sinareng salam kawilujengan, mugia salamina ngocor ngagolontor ka junjunan alam, anu parantos masihan obor cacaang kanggo kaum manusa sadaya sangkan jadi jalma anu balageur, calageur tur palinter, anu ngajungjung tinggi harkat martabat urang sadaya sangkan silih ajenan silih asah, silih asih, jeung silih asuh, teu pandang bulu, teu dengdek topi, estuning teu ngabeda-bedakeun suku, bangsa jeung basa. Girang pangajen anu ku sim kuring diihormat, oge hadirin sadaya anu kusimkuring dipkareueus. Sim kuring ngadeg di ieu tempat sanes bade mapatahan naik ka monyet ngojay ka meri, ieu mah estuning mung saukur tuturus piaseukeun. sugan jeung sugan aya manfaatna, khusus kangge sim kurin umumna kangge sadayana. Dina danget ieu sim kuring ngaraos bingah taya watas wangena yen sim kuring kenging pancen kanggo ngadadarkeun perkawis “NGAMUMULE BASA SUNDA” Hadirin anu ku simkuring dipikahormat, Simkuring kalintang ngaraos bingah tur bagja, rehna dina kasempetan ieu simkuring tiasa janten wawakil ti SMPN 17 kangge lomba biantara Tingkat Kota Cirebon tahun 2022. Anu mana dina kasempetan ieu, simkuring kenging pancen kangge ngadugikeun biantara anu judulna “Ngamumule Basa Sunda”. Juru pangajen miwah hadirin sadaya, Basa sunda teh mangrupikeun anugrah ti Allah SWT khususna kangge masyarakat Jawa Barat umumna kangge bangsa Indonesia. Urang salaku warga Jawa Barat wajib hukumna pikeun ngamumule Basa indung anu luhung numatak bagja kanu miara tur matak waluya kanu ngamumule. Kunaon pangna kitu hadirin sadaya? Basa Sunda
  • 2. henteu leupas tina nilai-nilai karakter karuhun urang anu parantos ngadarah daging dina jiwa urang sadaya nyaeta katelah ku istilah silih asah silih asih jeung silih asuh, hade gogog hade tagog hade rupa hade basa. Hadirin anu ku simkuring dipikacinta. Salaku generasi anu hirup dina era digital, simkuring ngaraos ketir ku kaayaan basa sunda ayeuna. Barudak geus jarang ngobrol jeung indungna boh kitu jeung bapakna. Boro-boro jeung aki ninina, buyut bao jangawareng udeg-udegna saur paripaosna, jeung babaturan saemok cabokna oge jiga-jigana teu wawuh-wawuh acan. kunaon pangna kitu? Barudak ayeuna saribuk ku kaulinana sewang-sewangan. Nu hiji keur tik-tokan, nu hiji deui keur freefirean. Tos teu resep deui kana ngadangukeun dongeng ti indung mun rek sare, tos teu resep deui ngidung, ngawih, atawa ngahariring pupuh pucung. kitu deui nabeuh kendang niup suling, angklung calung, jeung gamelan. Padahal eta sadaya warisan budaya ti nini aki urang anu kudu di piara tur dimumule ku urang sadaya salaku pewaris budaya sunda. Hadirin girang Pangajen anu kusimkuring dimulyakeun Lamun urang ngabiasakeun ngobrol ngangge basa sunda, tangtos basa sunda teh moal kagiles ku kamajuan jaman. Sok sanajan urang pinter Bahasa Asing urang tetep kedah ngamumule basa sunda salaku Bahasa indung urang ku cara ngabiasakeun ngobrol ku basa sunda. Gunakeun basa Indonesia kanggo nganteurkeun kahebatan basa jeung budaya sunda di wewengkon nagara Indonesia. Gunakeun Bahasa Inggris kanggo ngawanohkeun basa jeung budaya sunda anu mangrupikeun kakayaan budaya Indonesia di jagat raya. Ku ayana kitu simkuring ngadeuheus ka pamarentah; ayakeun pasanggiri unggal tahun, sejahterakan guru-guruna, sareng perhatoskeun kurikulumna. Sangkan Basa Sunda teh kariksa kamumule dugi ka generasi anu salajengna. Dicangreud-pageuhkeun dina manahna sangkan jadi jalma anu ngagaduhan karakter Sunda anu luhung ku silih asah, silih asih, silih asuh, hade gogog hade tagog, hade rupa hade basa. Hayu urang sasarengan ngamumule Basa Sunda ku cara anu sederhana tapi ngagaduhan efek anu sampurna nyaeta ku ngabiasakeun ngobrol atanapi komunikasi nganggo Basa Sunda. Ulah dugi ka ngaku urang Sunda tapi teu tiasa nyarios Basa Sunda. “Allah moal ngarubah hiji kaum lamun urang henteu ngarubah sorangan”. Ngagaduhan sikap positif kana Basa Sunda mangrupakeun salah sahiji indikator yen
  • 3. urang teh ngahargaan jeung sukuran kana anugrah ti Allah SWT. Urang tiasa ngawujudkeun eta sadaya ku cara soson-soson diajar. Hadirin hormateun simkuring Rupina sakitu wae biantara ti simkuring bobo sapanon carang sapakan hapunten anu kasuhun bilih aya kalepatan, Es Bon-bon Es Kalapa Meulina ka Kacibarusah Urang Cirebon tiasa Sunda, Eta mantap luarbiasa wallahul muwafiq ila aqwamitthariq. wassalamu alaikum wr. wb.