SlideShare a Scribd company logo
1 of 4
Hatur séwu nuhun utamina kasanggakeun
 Nama: Toni Fajar H
                                     ka pangersa Bapa Hasan sakulawargi anu parantos
 Kelas : XII-IPA 4                   ngangken kalayan nampi ka sim kuring sinareng
 SMAN 22 BANDUNG                     rombongan, ku panampian anu kalintang
                                     nyugemakeunana. Abot nyuhun abot nanggung
abot narimakeunana. Teu aya anu tiasa dipisanggem iwal ti seja menekung ka Nu Maha
Agung, ngamugi-mugi ka Gusti Nu Maha Suci, pamugi rupining kasaéan Bapa Hasan
sakulawargi sing janten amal soléh anu dipirido ku Alloh SWT. Amin.
       Bapa Hasan miwah Ibu Hasan sakalih, kitu deui wargi-wargi anu sami ngaluuhan
ieu pajemuhan, sim kuring misanggem di dieu téh minangka wawakil pun lanceuk,
nyaeta Bapa sareng Ibu Rojiun, ti desa Pager Maneuh kec Manjang Jaya. Sim kuring
dipasihan pancen kedah masrahkeun putrana pun lanceuk, wastana Rahmat, anu insya
Alloh moal lami deui bade didahupkeun ka putra Bapa sareng Ibu Hasan, nami Neng
Nengsih. Kantenan, ieu pancen téh kanggo sim kuring mah teu kinten abotna. Rumaos
pisan, sim kuring tuna ku pangabisa. Sok rajeun soteh aya anu ngahiras, ukur purah
janten tukang naktak, kurad-kored sareng pucal-pacul. Dupi ayeuna, bet kedah janten
wawakil kanggo masrahkeun pipanganteneun. Asa rempan sim kuring téh. Rempan ku
dua ku tilu. Boh bilih ieu pancen teu kaawakan ku sim kuring. Boh bilih aya basa anu
kirang merenah larapna. Namung, ku margi tos dipasihan kapercantenan anu sakitu
ageungna ti kulawargi pun lanceuk, asa awon kasebatna upami eta kapercantenan ku
sim kuring dimomorekeun. Nya bade lahlahan wae ieu mah. Bade nyobi-nyobi, etang-
etang lauk buruk milu mijah. Jalaran kitu, langkung ti payun neda sih hapunten, bilih
aya catur nu teu kaukur, bilih aya basa nu teu kareka.
       Bapa miwah Ibu Hasan sakalih, pun lanceuk sawargi-wargi darongkap ka dieu téh
seja aya nu dipimaksad. Rupina ku Bapa sareng Ibu Hasan oge parantos kagalih.
Namung teu aya lepatna saupami ku sim kuring didadarkeun deui kalawan langkung
tandes. Janten kieu gek-gekana mah, wirehna kapungkur sabadana pun alo, Cep
Rahmat, patepang nu munggaran sareng Neng Nengsih, rupina ngaraos kapetik ati
kapentang asmara cinta. Bubuhan Neng Nengsih apan sakieu sieupna. Saur juru pantun
mah geulisna bawa ngajadi endahna bawa ti kudrat. Dedeg sampe rupa hade. Gadona
endog sapotong, beungeutna ngadaun seureuh, irungna kuwung-kuwung, tarangna teja
mentrangan. Diteuteup ti hareup sieup disawang ti tukang lenjang. Pantes saupami
Cep Rahmat teras kagembang kapengpeongan. Atuh kaleresan diwuwuh ku batu turun
keusik naek, itu purun ieu daek, dugi ka pasini jangji hoyong cacap jatukrami.
Dina danget ieu, Cep Rahmat téh rupina seja maheutkeun jangji pasinina, gaduh
maksud hoyong mungkas alam lalagasan, ngancik di alam rimbitan, teteg jejem rek muru
ka bale nyungcung, manawi aya rido ti Gusti Nu Maha Agung.
       Dina ieu nkasempetan, kalayan kasakseni ku wargi-wargi, oge diwuwuhan ku para
sepuh, sim kuring seja nyanggakeun pun alo, Cep Rahmat, ka ramana Neng Nengsih,
pangersana Bapa Hasan kanggo ditikahkeun dina danget ieu.
Atuh ka Bapa Hasan sarimbit, hususna ka Neng Nengsih, ti danget ieu Bapa sareng Ibu
salaku sepuhna nyanggakeun Cep Rahmat, ti luhur sausap rambut ti handap sahibas
dampal, ti tengah tina pangkonan. Nyanggakeun rambutna salambar, getihna satetes,
ambekanana sadami. Nyanggakeun ti luhur saujung ketu, ti handap saujung sapatu, di
tengahna anu kitu, anu sawaktos-waktos sok jiga surutu.
Kalihna ti eta, Cep Rahmat dongkapna ka dieu téh estuning henteu jangjang henteu
jingjing. Mung ieu we saurna nu dibantun téh mung sarupi, nyaeta nu ngaringkuk kawas
kuuk, nu bosongot kawas marmot, nu ngarengkol osok ngompol.
         Saur Cep Rahmat, eta nu bedegul lir doran pacul téh tos ngukuntit ti aalit,
dicacandak ti bubudak, nanging estu teu acan pisan digolangkeun. Bubuhan dipake
pamikul bengkung, dianggo pangeret bingkeng, dianggo tihul teu hurung. Numawi teras
dibantun we ka dieu. Manawi di dieumah tiasa dimangpaatkeun ku Neng Nengsih,
dianggo geusan nyiptakeun kabagjaan lahir batin. Jadi pamatri asih laki rabi dina
ngambah sagara rumah tangga.
Bapa kalih ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring!
Sateuacan nampi kana ieu pamaksadan, pamugi kauninga utamina ku Neng Nengsih,
wirehing Cep Rahmat téh mung jangkung luhur salirana wungkul. Ditilik tina harti
sareng hartana mah estuning sepi harti tuna harta, suwung ku kaweruh. Atuh ditilik
tina rigigna sanes rigig santri, direret tina legegna sanes legeg Bapa Lebe, masih keneh
meryogikeun pangatik sareng pangdidik ti para sepuhna, malah mandar tiasa ngawangun
rumah tangga sakinah sakumaha anu dipiharep ku urang sadaya.
Bapa kalih Ibu, dongkapna sim kuring sareng rombongan ka ieu tempat téh katingalna
mah ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang. Nanging
ngaleut téh henteu leubeut ku tanggeuyan, ngembat téh teu rebo ku cacandakan.
Ngabringna henteu rimbil ku jingjingan. Estuning keupat eundang ngadaleungdang,
indit sirib ngaligincing. Eta cenah aya nu kajingjing sakedik, kabantun bari ngalangkung,
duka naon. Duka artos sapeser duka kaen sacewir. Eta mah haturan wae kanggo Neng
Nengsih tamba isin ngaligincing.
        Bapa miwah ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring, rupina pisanggemeun
sim kuring urang cekapan sakitu wae. Mugi agung cukup lumur, jembar hapuntenna
anu diteda, bilih langkung saur bahe carek. Bilih aya budi anu kajingjing ti tepis wiring,
basa anu kacandak ti padfesaan. Bilih aya nu kabadug kalbu kagedak manah, kabentur
tuur kabentar taar, kababuk punduk kapangkek kelek, kaciwit imbit katajong tonggong
sareng bobokong. Hapuntenna anu kasuhun.
Pamungkas pisanggem, hatur sewu nuhun kana samungkawis perhatosanana.
Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalamu’alaikum wr.wb.
BIANTARA NARIMA CALON PANGANTÉN
Assalamu’alaikum wr. wb.
Alhamdulillahiladzi hadzanalihadza wama kunna linahtadiya laula anhadzallah.
Allohumma sholli ‘ala sayyidina muhammadin ‘abdika wannabiyyika warosullikannabiyil
ummiyi wa ‘ala alihi washobihi wassallam.
Puji sinareng sukur urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Kalayan rahmat sareng
karunia ti Manten-Na, alhamdulillah dina dinten ieu urang sadaya tiasa riung kempel
dina ieu pajemuhan, dina raraga silaturahmi. Kalihna ti éta, urang kempel téh insya
Alloh seja tumut kana pidawuh Alloh kalih Rosulna, nyaéta ngalaksanakeun
walimatulnikah. Urang sadaya seja nyakseni kalayan ngajurung ku du’a kana naon rupi
anu dipimaksad ku sohibul makosid sakulawargi.
Solawat sinareng salam mugi-mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, habibana wa
nabiyana, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, kalayan mugi-mugi dikocorkeun ogé ka
kulawargina, ka para sohabatna, ka tabi’in tabi’atna kalebet urang sadaya kaom
muslimin anu tumut kana ajaranana. Pamugi urang sadaya kalebet umat anu kénging
syafaat di yaumil ahir. Amin.
Bapa kalih Ibu, hadirin hormateun sim kuring!
Kalayan asamana sohibul makosid Bapa Hasan sakulawargi, langkung tipayun
ngahaturkeun réwu nuhun ka panata acara anu parantos maparinan kasempetan ka sim
kuring kanggo ngadugikeun naon rupi anu dipimaksad ku sohibul makosid.
Hatur nuhun laksa keti kabingahan kasanggakeun ogé ka para wargi, langkung ti payun
ngahaturkeun réwu nuhun ka para sepuh anu sami-sami rawuh, ka dulur anu di lembur,
ka baraya-baraya anu araya. Teu hilap ka para tokoh ti palih tonggoh, anu mikadeudeuh
ka palih galeuh, ka handai tolan anu ti péngkolan, ka nu ngaranggo tudung ti Bandung,
ka para rumaja sareng wanoja anu caket méja, sareng kum ka sadayana warga sinareng
wargi anu teu disebat hiji-hiji, anu sami-sami gingsir linggih, nawiskeun kaasih diri,
dongkap lengkah nembrakeun katresna manah, pada rawuh mihatur lunturna kalbu,
ngahaturkeun nuhun kana kasumpingan sadayana.
Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi horamateun sim kuring.
Dina ieu kasempetan sim kuring ngahturkeun wilujeng sumping kalayan ngahaturkeun
réwu nuhun laksa keti kabingahan ka Bapa kalih Ibu, ogé palawargi sadayana ti
rombongan calon pangantén pameget, anu parantos rawuh ka ieu lembur, parantos
sumping ka ieu bumi. Kantenan bae rawuhna para sepuh, sumpingna para wargi téh
parantos dianti-anti ti tadina, dianjang-anjang ti anggalna. Hapunten anu kasuhun
wiréh dina panampianana éstuning dilalaworakeun. Bapa-bapa lenggahna di patempatan
anu kirang sampurna. Wargi-wargi linggihna di pangcalikan anu kirang utami. Ieu
panampian téh boa-boa lebet kana paripaos werit ku budi sareng parangi, tebih ti basa
utami, heureut pakeun kirang bahan, anggang ti basa utama. Atuh ku kituna luntur
kalbu anu kasuhun, jembar manah anu diteda, wening galih anu dipamrih ti sadayana
kana rupining katuna sareng kakirangna.
Bapa kalih ibu, sakumaha anu tadi kakuping ku urang sadaya, naon rupi anu parantos
didugikeun ku pangersana sesepuh ti pihak calon pangantén pameget, saurna téh seja
nyanggakeun Cép Rahmat, ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal, ti tengan
tina pangkonan. Nyanggakeun rambutna salambar, getihna satétés, ambekanana sadami.
Nyanggakeun ti luhur saujung ketu, ti handap saujung sapatu, di tengahna anu kitu,
anu sawaktos-waktos sok jiga surutu.
Sateuacanna sim kuring nampi kana éta pamaksadan, pamugi kauninga utamina ku Cép
Rahmat kalih sepuhna, wiréhna pun anak téh, Néng Néngsih, upamina disebat atah
mah éstuning masih kénéh atah. Atah ku pangawarah tebih ku pangatik, meryogikeun
kénéh pangaping sareng pangjaring ti para sepuh, malah mandar tiasa ngawangun rumah
tangga anu runtut raut répéh rapih.
Salajengna sakumaha anu parantos didugikeun ku sepuh ti pihak calon pangantén
pameget nembé, anu nyaurkeun yén Cép Rahmat sumpingna ka dieu téh saurna henteu
jangjang henteu jingjing. Mung nyandak nu sarupi, nyaéta ngaringkuk kawas kuuk, nu
bosongot kawas marmot, nu ngaréngkol osok ngompol, nu bedegul lir doran pacul. Teu
sawios-wios, da di dieuna ogé teu disampakeun nao-naon, mung disampakkeun Néng
Néngsih nu kagungan tilas raheut nu kapungkur. Nanging raheut sanés saraheut-
raheutna, legok sanés salegok-legokna. Éstuning raheut asli ti ajali, legok candak ti
kudratna, paranti neundeun kadeudeuh paranti nunda pelakeun.
Atuh kalih ti éta, sagédéngeun Cép Rahmat, anu jajapna alhamdulillah sakitu seueurna.
Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang. Ngaleut leubeut
ku tanggeuyan, ngembat rébo ku cacandakan. Ngabring rimbil ku jingjingan. Sim kuring
kalayan asmana pangersa Bapa Hasan sakulawargi, ngahaturkeun réwu nuhun laksa keti
kabingahan. Hatur nuhun kana karupining cacandakanana.
Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring!
Kalayan asmana pangersa Bapa Hasan sakulawargi, diwuwuh ku rapa sepuh ogé
disakséni ku palawargi, kalayan ngucap bismillahirrohmanirrohim sim kuring nampi kana
naon rupi anu janten pamaksadan sesepuh ti pihak calon pangantén pameget. Mugi-
mugi ieu murangkalih téh, Cép Rahmat sareng Néng Néngsih tiasa kauntun tipung
katambang beas, laksana anu diseja, dikobul ka balé nyungcung. Insya Alloh sakedap
deui ieu murangkalih téh urang rungrum ku pangdua dina acara anu poko, nyaéta akad
nikah.
Rupina sakitu pisanggem ti sim kuring. Bobo sapanon carang sapakan. Langkung saurna
bahé carékna, hapunten anu kasuhun.

Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalamu’alaikum wr. wb

More Related Content

More from Tony Hermawan

Serah tarima panganten
Serah tarima pangantenSerah tarima panganten
Serah tarima pangantenTony Hermawan
 
Serah tarima panganten 2
Serah tarima panganten 2Serah tarima panganten 2
Serah tarima panganten 2Tony Hermawan
 
Pancasila sebagai ideologi terbuka
Pancasila sebagai ideologi terbukaPancasila sebagai ideologi terbuka
Pancasila sebagai ideologi terbukaTony Hermawan
 
Unsur unsur golongan utama
Unsur unsur golongan utamaUnsur unsur golongan utama
Unsur unsur golongan utamaTony Hermawan
 
Unsur unsur golongan utama
Unsur unsur golongan utamaUnsur unsur golongan utama
Unsur unsur golongan utamaTony Hermawan
 

More from Tony Hermawan (8)

Serah panganten
Serah pangantenSerah panganten
Serah panganten
 
Serah tarima panganten
Serah tarima pangantenSerah tarima panganten
Serah tarima panganten
 
Serah tarima panganten 2
Serah tarima panganten 2Serah tarima panganten 2
Serah tarima panganten 2
 
Pancasila sebagai ideologi terbuka
Pancasila sebagai ideologi terbukaPancasila sebagai ideologi terbuka
Pancasila sebagai ideologi terbuka
 
Elemen elemen html
Elemen elemen htmlElemen elemen html
Elemen elemen html
 
Unsur unsur golongan utama
Unsur unsur golongan utamaUnsur unsur golongan utama
Unsur unsur golongan utama
 
Unsur unsur golongan utama
Unsur unsur golongan utamaUnsur unsur golongan utama
Unsur unsur golongan utama
 
Koloid
KoloidKoloid
Koloid
 

Serah tarima panganten 2

  • 1. Hatur séwu nuhun utamina kasanggakeun Nama: Toni Fajar H ka pangersa Bapa Hasan sakulawargi anu parantos Kelas : XII-IPA 4 ngangken kalayan nampi ka sim kuring sinareng SMAN 22 BANDUNG rombongan, ku panampian anu kalintang nyugemakeunana. Abot nyuhun abot nanggung abot narimakeunana. Teu aya anu tiasa dipisanggem iwal ti seja menekung ka Nu Maha Agung, ngamugi-mugi ka Gusti Nu Maha Suci, pamugi rupining kasaéan Bapa Hasan sakulawargi sing janten amal soléh anu dipirido ku Alloh SWT. Amin. Bapa Hasan miwah Ibu Hasan sakalih, kitu deui wargi-wargi anu sami ngaluuhan ieu pajemuhan, sim kuring misanggem di dieu téh minangka wawakil pun lanceuk, nyaeta Bapa sareng Ibu Rojiun, ti desa Pager Maneuh kec Manjang Jaya. Sim kuring dipasihan pancen kedah masrahkeun putrana pun lanceuk, wastana Rahmat, anu insya Alloh moal lami deui bade didahupkeun ka putra Bapa sareng Ibu Hasan, nami Neng Nengsih. Kantenan, ieu pancen téh kanggo sim kuring mah teu kinten abotna. Rumaos pisan, sim kuring tuna ku pangabisa. Sok rajeun soteh aya anu ngahiras, ukur purah janten tukang naktak, kurad-kored sareng pucal-pacul. Dupi ayeuna, bet kedah janten wawakil kanggo masrahkeun pipanganteneun. Asa rempan sim kuring téh. Rempan ku dua ku tilu. Boh bilih ieu pancen teu kaawakan ku sim kuring. Boh bilih aya basa anu kirang merenah larapna. Namung, ku margi tos dipasihan kapercantenan anu sakitu ageungna ti kulawargi pun lanceuk, asa awon kasebatna upami eta kapercantenan ku sim kuring dimomorekeun. Nya bade lahlahan wae ieu mah. Bade nyobi-nyobi, etang- etang lauk buruk milu mijah. Jalaran kitu, langkung ti payun neda sih hapunten, bilih aya catur nu teu kaukur, bilih aya basa nu teu kareka. Bapa miwah Ibu Hasan sakalih, pun lanceuk sawargi-wargi darongkap ka dieu téh seja aya nu dipimaksad. Rupina ku Bapa sareng Ibu Hasan oge parantos kagalih. Namung teu aya lepatna saupami ku sim kuring didadarkeun deui kalawan langkung tandes. Janten kieu gek-gekana mah, wirehna kapungkur sabadana pun alo, Cep Rahmat, patepang nu munggaran sareng Neng Nengsih, rupina ngaraos kapetik ati kapentang asmara cinta. Bubuhan Neng Nengsih apan sakieu sieupna. Saur juru pantun mah geulisna bawa ngajadi endahna bawa ti kudrat. Dedeg sampe rupa hade. Gadona endog sapotong, beungeutna ngadaun seureuh, irungna kuwung-kuwung, tarangna teja mentrangan. Diteuteup ti hareup sieup disawang ti tukang lenjang. Pantes saupami Cep Rahmat teras kagembang kapengpeongan. Atuh kaleresan diwuwuh ku batu turun keusik naek, itu purun ieu daek, dugi ka pasini jangji hoyong cacap jatukrami. Dina danget ieu, Cep Rahmat téh rupina seja maheutkeun jangji pasinina, gaduh maksud hoyong mungkas alam lalagasan, ngancik di alam rimbitan, teteg jejem rek muru ka bale nyungcung, manawi aya rido ti Gusti Nu Maha Agung. Dina ieu nkasempetan, kalayan kasakseni ku wargi-wargi, oge diwuwuhan ku para sepuh, sim kuring seja nyanggakeun pun alo, Cep Rahmat, ka ramana Neng Nengsih, pangersana Bapa Hasan kanggo ditikahkeun dina danget ieu. Atuh ka Bapa Hasan sarimbit, hususna ka Neng Nengsih, ti danget ieu Bapa sareng Ibu salaku sepuhna nyanggakeun Cep Rahmat, ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal, ti tengah tina pangkonan. Nyanggakeun rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami. Nyanggakeun ti luhur saujung ketu, ti handap saujung sapatu, di tengahna anu kitu, anu sawaktos-waktos sok jiga surutu.
  • 2. Kalihna ti eta, Cep Rahmat dongkapna ka dieu téh estuning henteu jangjang henteu jingjing. Mung ieu we saurna nu dibantun téh mung sarupi, nyaeta nu ngaringkuk kawas kuuk, nu bosongot kawas marmot, nu ngarengkol osok ngompol. Saur Cep Rahmat, eta nu bedegul lir doran pacul téh tos ngukuntit ti aalit, dicacandak ti bubudak, nanging estu teu acan pisan digolangkeun. Bubuhan dipake pamikul bengkung, dianggo pangeret bingkeng, dianggo tihul teu hurung. Numawi teras dibantun we ka dieu. Manawi di dieumah tiasa dimangpaatkeun ku Neng Nengsih, dianggo geusan nyiptakeun kabagjaan lahir batin. Jadi pamatri asih laki rabi dina ngambah sagara rumah tangga. Bapa kalih ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring! Sateuacan nampi kana ieu pamaksadan, pamugi kauninga utamina ku Neng Nengsih, wirehing Cep Rahmat téh mung jangkung luhur salirana wungkul. Ditilik tina harti sareng hartana mah estuning sepi harti tuna harta, suwung ku kaweruh. Atuh ditilik tina rigigna sanes rigig santri, direret tina legegna sanes legeg Bapa Lebe, masih keneh meryogikeun pangatik sareng pangdidik ti para sepuhna, malah mandar tiasa ngawangun rumah tangga sakinah sakumaha anu dipiharep ku urang sadaya. Bapa kalih Ibu, dongkapna sim kuring sareng rombongan ka ieu tempat téh katingalna mah ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang. Nanging ngaleut téh henteu leubeut ku tanggeuyan, ngembat téh teu rebo ku cacandakan. Ngabringna henteu rimbil ku jingjingan. Estuning keupat eundang ngadaleungdang, indit sirib ngaligincing. Eta cenah aya nu kajingjing sakedik, kabantun bari ngalangkung, duka naon. Duka artos sapeser duka kaen sacewir. Eta mah haturan wae kanggo Neng Nengsih tamba isin ngaligincing. Bapa miwah ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring, rupina pisanggemeun sim kuring urang cekapan sakitu wae. Mugi agung cukup lumur, jembar hapuntenna anu diteda, bilih langkung saur bahe carek. Bilih aya budi anu kajingjing ti tepis wiring, basa anu kacandak ti padfesaan. Bilih aya nu kabadug kalbu kagedak manah, kabentur tuur kabentar taar, kababuk punduk kapangkek kelek, kaciwit imbit katajong tonggong sareng bobokong. Hapuntenna anu kasuhun. Pamungkas pisanggem, hatur sewu nuhun kana samungkawis perhatosanana. Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalamu’alaikum wr.wb.
  • 3. BIANTARA NARIMA CALON PANGANTÉN Assalamu’alaikum wr. wb. Alhamdulillahiladzi hadzanalihadza wama kunna linahtadiya laula anhadzallah. Allohumma sholli ‘ala sayyidina muhammadin ‘abdika wannabiyyika warosullikannabiyil ummiyi wa ‘ala alihi washobihi wassallam. Puji sinareng sukur urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Kalayan rahmat sareng karunia ti Manten-Na, alhamdulillah dina dinten ieu urang sadaya tiasa riung kempel dina ieu pajemuhan, dina raraga silaturahmi. Kalihna ti éta, urang kempel téh insya Alloh seja tumut kana pidawuh Alloh kalih Rosulna, nyaéta ngalaksanakeun walimatulnikah. Urang sadaya seja nyakseni kalayan ngajurung ku du’a kana naon rupi anu dipimaksad ku sohibul makosid sakulawargi. Solawat sinareng salam mugi-mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, habibana wa nabiyana, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, kalayan mugi-mugi dikocorkeun ogé ka kulawargina, ka para sohabatna, ka tabi’in tabi’atna kalebet urang sadaya kaom muslimin anu tumut kana ajaranana. Pamugi urang sadaya kalebet umat anu kénging syafaat di yaumil ahir. Amin. Bapa kalih Ibu, hadirin hormateun sim kuring! Kalayan asamana sohibul makosid Bapa Hasan sakulawargi, langkung tipayun ngahaturkeun réwu nuhun ka panata acara anu parantos maparinan kasempetan ka sim kuring kanggo ngadugikeun naon rupi anu dipimaksad ku sohibul makosid. Hatur nuhun laksa keti kabingahan kasanggakeun ogé ka para wargi, langkung ti payun ngahaturkeun réwu nuhun ka para sepuh anu sami-sami rawuh, ka dulur anu di lembur, ka baraya-baraya anu araya. Teu hilap ka para tokoh ti palih tonggoh, anu mikadeudeuh ka palih galeuh, ka handai tolan anu ti péngkolan, ka nu ngaranggo tudung ti Bandung, ka para rumaja sareng wanoja anu caket méja, sareng kum ka sadayana warga sinareng wargi anu teu disebat hiji-hiji, anu sami-sami gingsir linggih, nawiskeun kaasih diri, dongkap lengkah nembrakeun katresna manah, pada rawuh mihatur lunturna kalbu, ngahaturkeun nuhun kana kasumpingan sadayana. Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi horamateun sim kuring. Dina ieu kasempetan sim kuring ngahturkeun wilujeng sumping kalayan ngahaturkeun réwu nuhun laksa keti kabingahan ka Bapa kalih Ibu, ogé palawargi sadayana ti rombongan calon pangantén pameget, anu parantos rawuh ka ieu lembur, parantos sumping ka ieu bumi. Kantenan bae rawuhna para sepuh, sumpingna para wargi téh parantos dianti-anti ti tadina, dianjang-anjang ti anggalna. Hapunten anu kasuhun wiréh dina panampianana éstuning dilalaworakeun. Bapa-bapa lenggahna di patempatan anu kirang sampurna. Wargi-wargi linggihna di pangcalikan anu kirang utami. Ieu panampian téh boa-boa lebet kana paripaos werit ku budi sareng parangi, tebih ti basa utami, heureut pakeun kirang bahan, anggang ti basa utama. Atuh ku kituna luntur kalbu anu kasuhun, jembar manah anu diteda, wening galih anu dipamrih ti sadayana kana rupining katuna sareng kakirangna. Bapa kalih ibu, sakumaha anu tadi kakuping ku urang sadaya, naon rupi anu parantos didugikeun ku pangersana sesepuh ti pihak calon pangantén pameget, saurna téh seja nyanggakeun Cép Rahmat, ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal, ti tengan
  • 4. tina pangkonan. Nyanggakeun rambutna salambar, getihna satétés, ambekanana sadami. Nyanggakeun ti luhur saujung ketu, ti handap saujung sapatu, di tengahna anu kitu, anu sawaktos-waktos sok jiga surutu. Sateuacanna sim kuring nampi kana éta pamaksadan, pamugi kauninga utamina ku Cép Rahmat kalih sepuhna, wiréhna pun anak téh, Néng Néngsih, upamina disebat atah mah éstuning masih kénéh atah. Atah ku pangawarah tebih ku pangatik, meryogikeun kénéh pangaping sareng pangjaring ti para sepuh, malah mandar tiasa ngawangun rumah tangga anu runtut raut répéh rapih. Salajengna sakumaha anu parantos didugikeun ku sepuh ti pihak calon pangantén pameget nembé, anu nyaurkeun yén Cép Rahmat sumpingna ka dieu téh saurna henteu jangjang henteu jingjing. Mung nyandak nu sarupi, nyaéta ngaringkuk kawas kuuk, nu bosongot kawas marmot, nu ngaréngkol osok ngompol, nu bedegul lir doran pacul. Teu sawios-wios, da di dieuna ogé teu disampakeun nao-naon, mung disampakkeun Néng Néngsih nu kagungan tilas raheut nu kapungkur. Nanging raheut sanés saraheut- raheutna, legok sanés salegok-legokna. Éstuning raheut asli ti ajali, legok candak ti kudratna, paranti neundeun kadeudeuh paranti nunda pelakeun. Atuh kalih ti éta, sagédéngeun Cép Rahmat, anu jajapna alhamdulillah sakitu seueurna. Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang. Ngaleut leubeut ku tanggeuyan, ngembat rébo ku cacandakan. Ngabring rimbil ku jingjingan. Sim kuring kalayan asmana pangersa Bapa Hasan sakulawargi, ngahaturkeun réwu nuhun laksa keti kabingahan. Hatur nuhun kana karupining cacandakanana. Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring! Kalayan asmana pangersa Bapa Hasan sakulawargi, diwuwuh ku rapa sepuh ogé disakséni ku palawargi, kalayan ngucap bismillahirrohmanirrohim sim kuring nampi kana naon rupi anu janten pamaksadan sesepuh ti pihak calon pangantén pameget. Mugi- mugi ieu murangkalih téh, Cép Rahmat sareng Néng Néngsih tiasa kauntun tipung katambang beas, laksana anu diseja, dikobul ka balé nyungcung. Insya Alloh sakedap deui ieu murangkalih téh urang rungrum ku pangdua dina acara anu poko, nyaéta akad nikah. Rupina sakitu pisanggem ti sim kuring. Bobo sapanon carang sapakan. Langkung saurna bahé carékna, hapunten anu kasuhun. Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalamu’alaikum wr. wb