SlideShare une entreprise Scribd logo
1  sur  9
1.PUPUH ASMARANDANA
(Ngagambarkeun rasa deudeuh, asih, nyaah, birahi)
Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (8-i, 8-a, 8-é/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a).
Watekna silihasih, silih pikanyaah, naséhat, atawa mépélingan
1. Éling-éling mangka éling [8-i]
2. rumingkang di bumi alam [8-a]
3. darma wawayangan baé [8-é]
4. raga taya pangawasa [8-a]
5. lamun kasasar lampah [7-a]
6. napsu nu matak kaduhung [8-u]
7. badan anu katempuhan [8-a]
PIWURUK SEPUH
Ngariung di tengah bumi,
pun biang sareng pun bapa,
jisim abdi diuk mando,
husu ngupingkeun pituah,
piwejang ti anjeunna,
pituduh laku rahayu,
piwejang sangkan waluya.
2.PUPUH BALAKBAK
(Ngagambarkeun heureuy atawa banyol)
Sapada diwangun ku 3 (tilu) padalisan (15-é, 15-é, 19-é).Watekna pikaseurieun,
banyol, atawa lulucon.
Perambah Anda belum mendukung elemen audio.
1. Aya warung sisi jalan ramé pisan, Citaméng [15-é]
2. Awéwéna luas-luis geulis pisan, ngagoréng [15-é]
3. Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyét, nyangéréng [19-é]
DAYEUH BANDUNG
Dayeuh Bandung kiwari teuing ku rame-araheng,
gedong-gedong pajangkung-jangkung wangunna-alagreng,
tutumpakan-tutumpakan balawiri lalar liwat-garandeng.
3.PUPUH DANGDANGGULA
(Ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, kagumbiraan)
Sapada diwangun ku 10 (sapuluh) padalisan (10-i, 10-a, 8-é/o, 7-u, 9-i, 7-a, 6-u,
8-a, 12-i, 7-a).Watekna kabungahan atawa kaagungan.
1. Méga beureum surupna geus burit [10-i]
2. ngalanglayung panas pipikiran [10-a]
3. cikur jangkung jahé konéng [8-é]
4. naha teu palay tepung [7-u]
5. simabdi mah ngabeunying leutik [9-i]
6. ari ras cimataan [7-a]
7. gedong tengah laut [6-u]
8. ulah kapalang nya béla [8-a]
0. paripaos gunting pameulahan gambir [12-i]
10. kacipta salamina [7-a]
MILANG KALA
Dinten ieu estu bingah ati,
ku jalaran panceg milang kala,
kenging kurnia ti Alloh,
rehing nambahan taun,
tepung taun umur sim abdi,
henteu weleh neneda,
ka Gusti Nu Agung,
malar umur teh mangpaat,
tebih bahla turta pinarinan rijki,
sumujud ka Pangeran.
4.PUPUH DURMA
(Ngagambarkeun rasa ambek, gede hate, sumanget)
Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 7-i, 5-a, 7-i).Watekna
ngambek, paséa, gelut, atawa perang.
Perambah Anda belum mendukung elemen audio.
1. Moal ngejat sanajan ukur satapak [12-a]
2. geus dipasti ku jangji [7-i]
3. mun tacan laksana [6-a]
4. numpes musuh sarakah [7-a]
5. henteu niat seja balik [8-i]
6. najan palastra [5-a]
7. mati di médan jurit [7-i]
LEMAH CAI
Nagri urang katelah Indonesia,
diriksa tur dijaring,
sumirat komarana,
berkahna Pancasila,
ageman eusining nagri,
yu sauyunan,
ngawangun lemah cai.
5.PUPUH GAMBUH
(Ngagambarkeun kasedih, kasusah, kanyeri)
Sapada diwangun ku 5 (lima) padalisan (7-u, 10-u/i, 12-i, 8-u, 8-o). Watekna
bingung, samar polah, tambuh laku.
Perambah Anda belum mendukung elemen audio.
1. Ngahuleng banget bingung [7-u]
2. henteu terang ka mana nya indit [10-i]
3. turug-turug harita téh enggeus burit [12-i]
4. panon poé geus rék surup [8-u]
5. keueung sieun aya méong [8-o]
KADUHUNG
Kaduhung sagede gunung,
kuring sakola teu jucung,
lalawora resep ulin,
hanjakal tara ti heula,
ayeuna kari peurihna.
6.PUPUH GURISA
(Ngagambarkeun nu ngalamun atawa malaweung)
Sapada diwangun ku 8 (dalapan) padalisan (8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8a).Watekna pangangguran, tamba kesel, pikalucueun.
Perambah Anda belum mendukung elemen audio.
1. Hayang teuing geura beurang (8-a)
2. geus beurang rék ka Sumedang (8-a)
3. nagih kanu boga hutang (8-a)
4. mun meunang rék meuli soang (8-a)
5. tapi najan henteu meunang (8-a)
6. teu rék buru buru mulang (8-a)
7. rék tuluy guguru nembang (8-a)
8. jeung diajar nabeuh gambang (8-a)
SI KABAYAN
Si Kabayan lalamunan,
pangrasa bisa nyetiran,
motor atawana sedan,
poho keur eundeuk-eundeukan,
na dahan emplad-empladan,
gujubar kana susukan.
7.PUPUH JURU DEMUNG
(Ngagambarkeun nu bingung ku kalakuan sorangan)
Sapada diwangun ku 5 (lima) padalisan (8-a, 8-u, 6-i, 8-a, 8-u). Watekna
kaprihatinan, kaduhung, atawa hanjakal.
Perambah Anda belum mendukung elemen audio.
1. Mungguh nu hirup di dunya [8-a]
2. ku kersaning anu Agung [8-u]
3. geus pinasti panggih [6-i]
4. jeung dua rupa perkara [8-a]
5. senang paselang jeung bingung [8-u]
ADIGUNG
Lolobana mungguh jalma,
embung hina hayang agung,
hayang hirup mukti,
tapina embung tarekah,
tinangtu mo bakal nanjung.
8.PUPUH KINANTI
(Ngagambarkeun nu nungguan, deudeupeun atawa kanyaah)
Sapada diwangun ku 6 (genep) padalisan (8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i).Watekna
miharep atawa prihatin.
Perambah Anda belum mendukung elemen audio.
1. Budak leutik bisa ngapung [8-u]
2. babaku ngapungna peuting [8-i]
3. nguriling kakalayangan [8-a]
4. néangan nu amis-amis [8-i]
5. sarupaning bungbuahan [8-a]
6. naon baé nu kapanggih [8-i]
KANYAAH INDUNG
Kanyaah indung mo suwung,
lir jaladri tanpa tepi,
lir gunung tanpa tutugan,
asihna teuing ku wening,
putra teh didama-dama,
dianggo pupunden ati.
9.PUPUH LAMBANG
(Ngagambarkeun anu lohong banyol, tapi pikiraneun)
Sapada diwangun ku 4 (opat) padalisan (8-a, 8-a, 8-a, 8-a).Watekna banyol,
atawa pikaseurieun.
Perambah Anda belum mendukung elemen audio.
1. Nawu kubang sisi tegal [8-a]
2. nyair bogo meunang kadal [8-a]
3. atuh teu payu dijual [8-a]
4. rék didahar da teu halal [8-a]
WAWANGSALAN
Dialajar wawangsalan,
saperti tatarucingan,
cik naon atuh maksudna,
teangan naon wangsalna,
gedong ngambang di sagara,
ulah kapalang diajar,
keuyeup gede di lautan,
kapitineung salawasna.
10.PUPUH LADRANG
(Ngagambarkeun anu banyol tapi bari nyindiran)
Sapada diwangun ku 4 (opta) padalisan (10-i, 8-a, 8-i, 12-a). Watekna banyol,
atawa pikaseurieun
Perambah Anda belum mendukung elemen audio.
1. Aya hiji rupa sato leutik [10-i]
2. éngkang-éngkang, éngkang-éngkang [8-a]
3. sok luluncatan di cai [8-i]
4. ari bangun arék sarupa jeung lancah [12-a]
MOKAHAAN
Aya hiji anak bangkong leutik,
mokahaan,
maksudna ngelehkeun sapi,
nahan napas antukna bitu beuteungna.
11.PUPUH MAGATRU
(Ngagambarkeun nu sedih, bingung, handeueul atawa mapatahan)
Sapada diwangun ku 5 (lima) padalisan (12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o). Watekna
piwuruk, prihatin, sarta kalucuan.
Perambah Anda belum mendukung elemen audio.
1. Majalaya Ciparay Banjaran Bandung [12-u]
2. Kopo reujeung Cisondari [8-i]
3. Cicaléngka Ujungberung [8-u]
4. Rajamandala Cimahi [8-i]
5. Lélés Limbangan Tarogong [8-0]
KASAR - LEMES
Dupi irung lemesna teh nya pangambung,
pipi mah disebat damis,
upami buuk mah rambut,
ceuli sok disebat cepil,
kasarna angkeut mah gado.
12.PUPUH MASKUMAMBANG
(Ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes hate)
Sapada diwangun ku 4 (opat) padalisan (12-i, 6-a, 8-i, 8-a).Watekna prihatin,
sasambat, atawa nalangsa.
Perambah Anda belum mendukung elemen audio.
1. Hé manusa mana kaniaya teuing [12-i]
2. teu aya rasrasan [6-a]
3. kaula maké disumpit [8-i]
4. naha naon dosa kula [8-a]
BUDAK JAIL
Anak manuk dikatepel budak jail,
jangjangna getihan,
rek hiber teu bisa usik,
duh manusa kaniaya.
13.PUPUH MIJIL
(Ngagambartkeun kasedih tapi gede harepan)
Sapada diwangun ku 6 (genep) padalisan (10-i, 6-o, 10-e, 10-i, 6-i, 6-u). Watekna
susah, sedih, cilaka, tiiseun, atawa jempling.
Perambah Anda belum mendukung elemen audio.
1. Mesat ngapung puta sang Arimbi [10-i]
2. jeung méga geus awor [6-o]
3. beuki lila beuki luhur baé [10-é]
4. larak-lirik ningali ka bumi [10-i]
5. milari sang rayi [6-i]
6. Pangéran Bimanyu [6-u
NUNGTUT ELMU
Najan cicing nya di tepiswiring,
kade ulah bodo,
kudu tetep nungtut elmu bae,
sabab jalma nu loba pangarti,
hirup tangtu hurip,
mulus tur rahayu.
14.PUPUH PANGKUR
(Ngagambarkeun nu gede ambek atawa nyanghareupan tugas beurat)
Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8a).Watekna lumampah, napsu, sadia rék perang.
Perambah Anda belum mendukung elemen audio.
1. Seja nyaba ngalalana [8-a]
2. ngitung lembur ngajajah milang kori [12-i]
3. henteu puguh nu dijugjug [8-u]
4. balik paman sadaya [7-a]
5. nu ti mana tiluan semu rarusuh [12-u]
6. Lurah bégal ngawalonan [8-a]
7. Aing ngaran Jayapati [8-i]
KA SAKOLA
Seja miang ka sakola,
rek diajar nambahan elmu pangarti,
pigeusaneun bekel hirup,
sabab mungguhing manusa,
kudu pinter beunghar ku elmu panemu,
komo jaman pangwangunan,
urang kudu singkil bakti.
15.PUPUH PUCUNG
(Ngagambarkeun nu ambek ka diri sorangan atawa keuheul kulantaran teu
panuju hate)
Sapada diwangun ku 4 (opat) padalisan (12-u, 6-a, 8-é/o, 12-a).Watekna
piwuruk, wawaran, kaget, atawa éling.
Perambah Anda belum mendukung elemen audio.
1. Lutung buntung luncat kana tunggul gintung [12-u]
2. monyét loréng leupas [6-a]
3. luncat kana pager déngdék [8-é]
4. bajing kuning jaralang belang buntutna [12-a]
TATAKRAMA
Mangka inget tatakrama sopan santun,
tanda jalma iman,
nyarita jeung amis budi,
da basa mah lain barang anu mahal.
16.PUPUH WIRANGRONG
(Ngagambarkeun anu kawiwirangan, era ku polah sorangan)
Sapada diwangun ku 6 (genep) padalisan (8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a).Watekna
kawirang, kaéraan, karugian, kaapesan.
Perambah Anda belum mendukung elemen audio.
1. Barudak mangka ngalarti [8-i]
2. ulah rék ka dalon-dalon [8-o]
3. enggong-enggon nungtut élmu [8-u]
4. mangka getol mangka tigin [8-i]
5. pibekeleun saréréa [8-a]
6. modal bakti ka nagara [8-a]
SIEUN DORAKA
Kuring moal deui-deui,
gaduh panata nu awon,
ngabantah nu jadi indung,
sieun dibendon ku Gusti,
kawas Dalem Boncel tea,
doraka ti ibu-rama.
17.PUPUH SINOM
(Ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh)
Sapada diwangun ku 9 (salapan) padalisan (8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a/8-a, 8-i,
12-a).Watekna gumbira.
Perambah Anda belum mendukung elemen audio.
1. Warna-warna lauk émpang [8-a]
2. aya nu sami jeung pingping [8-i]
3. pagulung patumpang-tumpang [8-a]
4. Ratna Rengganis ningali [8-i]
5. warnaning lauk cai [7-i]
6. lalawak pating suruwuk [8-u]
7. sepat patingk(ar)océpat [7-a (8-a)]
8. julung-julung ngajalingjing [8-a]
9. sisi balong balingbing sisi balungbang [12-a]
TATAR SUNDA
Tatar Sunda estu endah,
lemah cai awit jadi,
sarakan asal gumelar,
amanat Ilahi Robbi,
titipan nini aki,
wajib dijaga dijungjung,
basa katut budayana,
padumukna luhung budi,
insya-Allah tatar Sunda karta harja.

Contenu connexe

En vedette

How Race, Age and Gender Shape Attitudes Towards Mental Health
How Race, Age and Gender Shape Attitudes Towards Mental HealthHow Race, Age and Gender Shape Attitudes Towards Mental Health
How Race, Age and Gender Shape Attitudes Towards Mental HealthThinkNow
 
AI Trends in Creative Operations 2024 by Artwork Flow.pdf
AI Trends in Creative Operations 2024 by Artwork Flow.pdfAI Trends in Creative Operations 2024 by Artwork Flow.pdf
AI Trends in Creative Operations 2024 by Artwork Flow.pdfmarketingartwork
 
PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024
PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024
PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024Neil Kimberley
 
Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)
Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)
Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)contently
 
How to Prepare For a Successful Job Search for 2024
How to Prepare For a Successful Job Search for 2024How to Prepare For a Successful Job Search for 2024
How to Prepare For a Successful Job Search for 2024Albert Qian
 
Social Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie Insights
Social Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie InsightsSocial Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie Insights
Social Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie InsightsKurio // The Social Media Age(ncy)
 
Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024
Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024
Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024Search Engine Journal
 
5 Public speaking tips from TED - Visualized summary
5 Public speaking tips from TED - Visualized summary5 Public speaking tips from TED - Visualized summary
5 Public speaking tips from TED - Visualized summarySpeakerHub
 
ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd
ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd
ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd Clark Boyd
 
Getting into the tech field. what next
Getting into the tech field. what next Getting into the tech field. what next
Getting into the tech field. what next Tessa Mero
 
Google's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search Intent
Google's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search IntentGoogle's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search Intent
Google's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search IntentLily Ray
 
Time Management & Productivity - Best Practices
Time Management & Productivity -  Best PracticesTime Management & Productivity -  Best Practices
Time Management & Productivity - Best PracticesVit Horky
 
The six step guide to practical project management
The six step guide to practical project managementThe six step guide to practical project management
The six step guide to practical project managementMindGenius
 
Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...
Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...
Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...RachelPearson36
 
Unlocking the Power of ChatGPT and AI in Testing - A Real-World Look, present...
Unlocking the Power of ChatGPT and AI in Testing - A Real-World Look, present...Unlocking the Power of ChatGPT and AI in Testing - A Real-World Look, present...
Unlocking the Power of ChatGPT and AI in Testing - A Real-World Look, present...Applitools
 
12 Ways to Increase Your Influence at Work
12 Ways to Increase Your Influence at Work12 Ways to Increase Your Influence at Work
12 Ways to Increase Your Influence at WorkGetSmarter
 

En vedette (20)

How Race, Age and Gender Shape Attitudes Towards Mental Health
How Race, Age and Gender Shape Attitudes Towards Mental HealthHow Race, Age and Gender Shape Attitudes Towards Mental Health
How Race, Age and Gender Shape Attitudes Towards Mental Health
 
AI Trends in Creative Operations 2024 by Artwork Flow.pdf
AI Trends in Creative Operations 2024 by Artwork Flow.pdfAI Trends in Creative Operations 2024 by Artwork Flow.pdf
AI Trends in Creative Operations 2024 by Artwork Flow.pdf
 
Skeleton Culture Code
Skeleton Culture CodeSkeleton Culture Code
Skeleton Culture Code
 
PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024
PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024
PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024
 
Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)
Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)
Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)
 
How to Prepare For a Successful Job Search for 2024
How to Prepare For a Successful Job Search for 2024How to Prepare For a Successful Job Search for 2024
How to Prepare For a Successful Job Search for 2024
 
Social Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie Insights
Social Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie InsightsSocial Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie Insights
Social Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie Insights
 
Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024
Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024
Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024
 
5 Public speaking tips from TED - Visualized summary
5 Public speaking tips from TED - Visualized summary5 Public speaking tips from TED - Visualized summary
5 Public speaking tips from TED - Visualized summary
 
ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd
ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd
ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd
 
Getting into the tech field. what next
Getting into the tech field. what next Getting into the tech field. what next
Getting into the tech field. what next
 
Google's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search Intent
Google's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search IntentGoogle's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search Intent
Google's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search Intent
 
How to have difficult conversations
How to have difficult conversations How to have difficult conversations
How to have difficult conversations
 
Introduction to Data Science
Introduction to Data ScienceIntroduction to Data Science
Introduction to Data Science
 
Time Management & Productivity - Best Practices
Time Management & Productivity -  Best PracticesTime Management & Productivity -  Best Practices
Time Management & Productivity - Best Practices
 
The six step guide to practical project management
The six step guide to practical project managementThe six step guide to practical project management
The six step guide to practical project management
 
Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...
Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...
Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...
 
Unlocking the Power of ChatGPT and AI in Testing - A Real-World Look, present...
Unlocking the Power of ChatGPT and AI in Testing - A Real-World Look, present...Unlocking the Power of ChatGPT and AI in Testing - A Real-World Look, present...
Unlocking the Power of ChatGPT and AI in Testing - A Real-World Look, present...
 
12 Ways to Increase Your Influence at Work
12 Ways to Increase Your Influence at Work12 Ways to Increase Your Influence at Work
12 Ways to Increase Your Influence at Work
 
ChatGPT webinar slides
ChatGPT webinar slidesChatGPT webinar slides
ChatGPT webinar slides
 

Pupuh

  • 1. 1.PUPUH ASMARANDANA (Ngagambarkeun rasa deudeuh, asih, nyaah, birahi) Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (8-i, 8-a, 8-é/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a). Watekna silihasih, silih pikanyaah, naséhat, atawa mépélingan 1. Éling-éling mangka éling [8-i] 2. rumingkang di bumi alam [8-a] 3. darma wawayangan baé [8-é] 4. raga taya pangawasa [8-a] 5. lamun kasasar lampah [7-a] 6. napsu nu matak kaduhung [8-u] 7. badan anu katempuhan [8-a] PIWURUK SEPUH Ngariung di tengah bumi, pun biang sareng pun bapa, jisim abdi diuk mando, husu ngupingkeun pituah, piwejang ti anjeunna, pituduh laku rahayu, piwejang sangkan waluya. 2.PUPUH BALAKBAK (Ngagambarkeun heureuy atawa banyol) Sapada diwangun ku 3 (tilu) padalisan (15-é, 15-é, 19-é).Watekna pikaseurieun, banyol, atawa lulucon. Perambah Anda belum mendukung elemen audio. 1. Aya warung sisi jalan ramé pisan, Citaméng [15-é] 2. Awéwéna luas-luis geulis pisan, ngagoréng [15-é] 3. Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyét, nyangéréng [19-é] DAYEUH BANDUNG Dayeuh Bandung kiwari teuing ku rame-araheng, gedong-gedong pajangkung-jangkung wangunna-alagreng, tutumpakan-tutumpakan balawiri lalar liwat-garandeng. 3.PUPUH DANGDANGGULA (Ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, kagumbiraan) Sapada diwangun ku 10 (sapuluh) padalisan (10-i, 10-a, 8-é/o, 7-u, 9-i, 7-a, 6-u, 8-a, 12-i, 7-a).Watekna kabungahan atawa kaagungan.
  • 2. 1. Méga beureum surupna geus burit [10-i] 2. ngalanglayung panas pipikiran [10-a] 3. cikur jangkung jahé konéng [8-é] 4. naha teu palay tepung [7-u] 5. simabdi mah ngabeunying leutik [9-i] 6. ari ras cimataan [7-a] 7. gedong tengah laut [6-u] 8. ulah kapalang nya béla [8-a] 0. paripaos gunting pameulahan gambir [12-i] 10. kacipta salamina [7-a] MILANG KALA Dinten ieu estu bingah ati, ku jalaran panceg milang kala, kenging kurnia ti Alloh, rehing nambahan taun, tepung taun umur sim abdi, henteu weleh neneda, ka Gusti Nu Agung, malar umur teh mangpaat, tebih bahla turta pinarinan rijki, sumujud ka Pangeran. 4.PUPUH DURMA (Ngagambarkeun rasa ambek, gede hate, sumanget) Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 7-i, 5-a, 7-i).Watekna ngambek, paséa, gelut, atawa perang. Perambah Anda belum mendukung elemen audio. 1. Moal ngejat sanajan ukur satapak [12-a] 2. geus dipasti ku jangji [7-i] 3. mun tacan laksana [6-a] 4. numpes musuh sarakah [7-a] 5. henteu niat seja balik [8-i] 6. najan palastra [5-a] 7. mati di médan jurit [7-i] LEMAH CAI Nagri urang katelah Indonesia, diriksa tur dijaring, sumirat komarana,
  • 3. berkahna Pancasila, ageman eusining nagri, yu sauyunan, ngawangun lemah cai. 5.PUPUH GAMBUH (Ngagambarkeun kasedih, kasusah, kanyeri) Sapada diwangun ku 5 (lima) padalisan (7-u, 10-u/i, 12-i, 8-u, 8-o). Watekna bingung, samar polah, tambuh laku. Perambah Anda belum mendukung elemen audio. 1. Ngahuleng banget bingung [7-u] 2. henteu terang ka mana nya indit [10-i] 3. turug-turug harita téh enggeus burit [12-i] 4. panon poé geus rék surup [8-u] 5. keueung sieun aya méong [8-o] KADUHUNG Kaduhung sagede gunung, kuring sakola teu jucung, lalawora resep ulin, hanjakal tara ti heula, ayeuna kari peurihna. 6.PUPUH GURISA (Ngagambarkeun nu ngalamun atawa malaweung) Sapada diwangun ku 8 (dalapan) padalisan (8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8a).Watekna pangangguran, tamba kesel, pikalucueun. Perambah Anda belum mendukung elemen audio. 1. Hayang teuing geura beurang (8-a) 2. geus beurang rék ka Sumedang (8-a) 3. nagih kanu boga hutang (8-a) 4. mun meunang rék meuli soang (8-a) 5. tapi najan henteu meunang (8-a) 6. teu rék buru buru mulang (8-a) 7. rék tuluy guguru nembang (8-a) 8. jeung diajar nabeuh gambang (8-a) SI KABAYAN Si Kabayan lalamunan, pangrasa bisa nyetiran,
  • 4. motor atawana sedan, poho keur eundeuk-eundeukan, na dahan emplad-empladan, gujubar kana susukan. 7.PUPUH JURU DEMUNG (Ngagambarkeun nu bingung ku kalakuan sorangan) Sapada diwangun ku 5 (lima) padalisan (8-a, 8-u, 6-i, 8-a, 8-u). Watekna kaprihatinan, kaduhung, atawa hanjakal. Perambah Anda belum mendukung elemen audio. 1. Mungguh nu hirup di dunya [8-a] 2. ku kersaning anu Agung [8-u] 3. geus pinasti panggih [6-i] 4. jeung dua rupa perkara [8-a] 5. senang paselang jeung bingung [8-u] ADIGUNG Lolobana mungguh jalma, embung hina hayang agung, hayang hirup mukti, tapina embung tarekah, tinangtu mo bakal nanjung. 8.PUPUH KINANTI (Ngagambarkeun nu nungguan, deudeupeun atawa kanyaah) Sapada diwangun ku 6 (genep) padalisan (8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i).Watekna miharep atawa prihatin. Perambah Anda belum mendukung elemen audio. 1. Budak leutik bisa ngapung [8-u] 2. babaku ngapungna peuting [8-i] 3. nguriling kakalayangan [8-a] 4. néangan nu amis-amis [8-i] 5. sarupaning bungbuahan [8-a] 6. naon baé nu kapanggih [8-i] KANYAAH INDUNG Kanyaah indung mo suwung, lir jaladri tanpa tepi, lir gunung tanpa tutugan, asihna teuing ku wening,
  • 5. putra teh didama-dama, dianggo pupunden ati. 9.PUPUH LAMBANG (Ngagambarkeun anu lohong banyol, tapi pikiraneun) Sapada diwangun ku 4 (opat) padalisan (8-a, 8-a, 8-a, 8-a).Watekna banyol, atawa pikaseurieun. Perambah Anda belum mendukung elemen audio. 1. Nawu kubang sisi tegal [8-a] 2. nyair bogo meunang kadal [8-a] 3. atuh teu payu dijual [8-a] 4. rék didahar da teu halal [8-a] WAWANGSALAN Dialajar wawangsalan, saperti tatarucingan, cik naon atuh maksudna, teangan naon wangsalna, gedong ngambang di sagara, ulah kapalang diajar, keuyeup gede di lautan, kapitineung salawasna. 10.PUPUH LADRANG (Ngagambarkeun anu banyol tapi bari nyindiran) Sapada diwangun ku 4 (opta) padalisan (10-i, 8-a, 8-i, 12-a). Watekna banyol, atawa pikaseurieun Perambah Anda belum mendukung elemen audio. 1. Aya hiji rupa sato leutik [10-i] 2. éngkang-éngkang, éngkang-éngkang [8-a] 3. sok luluncatan di cai [8-i] 4. ari bangun arék sarupa jeung lancah [12-a] MOKAHAAN Aya hiji anak bangkong leutik, mokahaan, maksudna ngelehkeun sapi, nahan napas antukna bitu beuteungna.
  • 6. 11.PUPUH MAGATRU (Ngagambarkeun nu sedih, bingung, handeueul atawa mapatahan) Sapada diwangun ku 5 (lima) padalisan (12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o). Watekna piwuruk, prihatin, sarta kalucuan. Perambah Anda belum mendukung elemen audio. 1. Majalaya Ciparay Banjaran Bandung [12-u] 2. Kopo reujeung Cisondari [8-i] 3. Cicaléngka Ujungberung [8-u] 4. Rajamandala Cimahi [8-i] 5. Lélés Limbangan Tarogong [8-0] KASAR - LEMES Dupi irung lemesna teh nya pangambung, pipi mah disebat damis, upami buuk mah rambut, ceuli sok disebat cepil, kasarna angkeut mah gado. 12.PUPUH MASKUMAMBANG (Ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes hate) Sapada diwangun ku 4 (opat) padalisan (12-i, 6-a, 8-i, 8-a).Watekna prihatin, sasambat, atawa nalangsa. Perambah Anda belum mendukung elemen audio. 1. Hé manusa mana kaniaya teuing [12-i] 2. teu aya rasrasan [6-a] 3. kaula maké disumpit [8-i] 4. naha naon dosa kula [8-a] BUDAK JAIL Anak manuk dikatepel budak jail, jangjangna getihan, rek hiber teu bisa usik, duh manusa kaniaya. 13.PUPUH MIJIL (Ngagambartkeun kasedih tapi gede harepan) Sapada diwangun ku 6 (genep) padalisan (10-i, 6-o, 10-e, 10-i, 6-i, 6-u). Watekna susah, sedih, cilaka, tiiseun, atawa jempling. Perambah Anda belum mendukung elemen audio. 1. Mesat ngapung puta sang Arimbi [10-i] 2. jeung méga geus awor [6-o]
  • 7. 3. beuki lila beuki luhur baé [10-é] 4. larak-lirik ningali ka bumi [10-i] 5. milari sang rayi [6-i] 6. Pangéran Bimanyu [6-u NUNGTUT ELMU Najan cicing nya di tepiswiring, kade ulah bodo, kudu tetep nungtut elmu bae, sabab jalma nu loba pangarti, hirup tangtu hurip, mulus tur rahayu. 14.PUPUH PANGKUR (Ngagambarkeun nu gede ambek atawa nyanghareupan tugas beurat) Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8a).Watekna lumampah, napsu, sadia rék perang. Perambah Anda belum mendukung elemen audio. 1. Seja nyaba ngalalana [8-a] 2. ngitung lembur ngajajah milang kori [12-i] 3. henteu puguh nu dijugjug [8-u] 4. balik paman sadaya [7-a] 5. nu ti mana tiluan semu rarusuh [12-u] 6. Lurah bégal ngawalonan [8-a] 7. Aing ngaran Jayapati [8-i] KA SAKOLA Seja miang ka sakola, rek diajar nambahan elmu pangarti, pigeusaneun bekel hirup, sabab mungguhing manusa, kudu pinter beunghar ku elmu panemu, komo jaman pangwangunan, urang kudu singkil bakti.
  • 8. 15.PUPUH PUCUNG (Ngagambarkeun nu ambek ka diri sorangan atawa keuheul kulantaran teu panuju hate) Sapada diwangun ku 4 (opat) padalisan (12-u, 6-a, 8-é/o, 12-a).Watekna piwuruk, wawaran, kaget, atawa éling. Perambah Anda belum mendukung elemen audio. 1. Lutung buntung luncat kana tunggul gintung [12-u] 2. monyét loréng leupas [6-a] 3. luncat kana pager déngdék [8-é] 4. bajing kuning jaralang belang buntutna [12-a] TATAKRAMA Mangka inget tatakrama sopan santun, tanda jalma iman, nyarita jeung amis budi, da basa mah lain barang anu mahal. 16.PUPUH WIRANGRONG (Ngagambarkeun anu kawiwirangan, era ku polah sorangan) Sapada diwangun ku 6 (genep) padalisan (8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a).Watekna kawirang, kaéraan, karugian, kaapesan. Perambah Anda belum mendukung elemen audio. 1. Barudak mangka ngalarti [8-i] 2. ulah rék ka dalon-dalon [8-o] 3. enggong-enggon nungtut élmu [8-u] 4. mangka getol mangka tigin [8-i] 5. pibekeleun saréréa [8-a] 6. modal bakti ka nagara [8-a] SIEUN DORAKA Kuring moal deui-deui, gaduh panata nu awon, ngabantah nu jadi indung, sieun dibendon ku Gusti, kawas Dalem Boncel tea, doraka ti ibu-rama.
  • 9. 17.PUPUH SINOM (Ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh) Sapada diwangun ku 9 (salapan) padalisan (8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a/8-a, 8-i, 12-a).Watekna gumbira. Perambah Anda belum mendukung elemen audio. 1. Warna-warna lauk émpang [8-a] 2. aya nu sami jeung pingping [8-i] 3. pagulung patumpang-tumpang [8-a] 4. Ratna Rengganis ningali [8-i] 5. warnaning lauk cai [7-i] 6. lalawak pating suruwuk [8-u] 7. sepat patingk(ar)océpat [7-a (8-a)] 8. julung-julung ngajalingjing [8-a] 9. sisi balong balingbing sisi balungbang [12-a] TATAR SUNDA Tatar Sunda estu endah, lemah cai awit jadi, sarakan asal gumelar, amanat Ilahi Robbi, titipan nini aki, wajib dijaga dijungjung, basa katut budayana, padumukna luhung budi, insya-Allah tatar Sunda karta harja.