SlideShare une entreprise Scribd logo
1  sur  3
Wayang Golék
Wayang
Wayang mangrupakeun bentuk téater rahayat nu populér pisan. Masarakat mindeng
ngahubungkeun kecap "wayang" jeung "bayang", dumasar pintonan wayang kulit nu
mintonkeun hirupna bayangan/kalangkang wayang dina layar. Di wewengkon Tatar Sunda, nu
pang populérna mah wayang golék.
Wayang golék aya dua rupa: wayang golék papak (cepak) jeung wayang golék purwa. Iwal ti
wayang wong,pintonan wayang dimaénkeun ku dalang nu mingpin pintonan sakaligus
ngalagukeun suluk, nyoarakeun antawacana, ngatur gamelan, ngatur lagu, jsb.
Tumuwuh
Sakumaha alur carita pawayangan umumna, dina pintonan wayang golék ogé biasana boga
lalakon-lalakon anu boh galur atawa caranganana dicokot tina carita Ramayanajeung
Mahabarata kalawan migunakeun basa Sunda nu diiring ku gamelan Sunda (saléndro), nu
diwangun ku dua saron, peking, selentem, bonang, bonang rincik, kenong, sapasang goong
(kempul jeung goong), ditambah kendang (hiji kendang Indung jeung tilu kulanter), gambang
jeung rebab.
Ti taun 1920-an, salila pintonan wayang golék téh teu weléh dibarengan sindén. Malah harita
mah sindénna bisa leuwih kawentar batan dalangna, utamana nalika jaman Upit Sarimanah
jeung Titim Patimah taun 1960-an.
Dina pintonan wayang golék, lalakon nu ilahar dipintonkeun nyaéta lalakon carangan,lalakon
galur mat teu pati mindeng. Ieu bisa dijadikeun cicirén kaparigelan dalang dina nyiptakeun
lalakon carangan nu alus tur matak dipikaresep. Dalang wayang golék nu kawentar di antarana
Tarkim, R.U. Partasuanda, Abéng Sunarya,Entah Tirayana, Apek, Asép Sunandar Sunarya,
R.H. Cécép Supriadi, Dédé Amung Sutarya, Manan Dédé Sutarya,Apép Hudaya, jld.
Pola pangadegan wayang golék nyaéta (1) Tatalu, dalang jeung sinden naik panggung, gending
jejer/kawit, murwa, nyandra, suluk/kakawén, jeung biantara; (2) Babak unjal, paséban, jeung
bébégalan; (3) Nagara séjén; (4) Patepah; (5) Perang gagal; (6) Panakawan/goro-goro; (7)
Perang kembang; (8) Perang raket; jeung (9) Tutug.
Najan mibanda fungsi rélijius (misalna dina ngaruwat), wayang golék kiwari leuwih dominan
dipaké salaku seni pintonan hiburan rahayat nu mibanda fungsi nu luyu jeung pangabutuh
lingkungan masarakat, boh spiritual atawa materil. Hal ieu bisa ditempo dina sababaraha
kagiatan masarakat nu diramékeun ku pintonan wayang golék, di antarana hajat/kariaan
nyunatan, nikahan, jsb.
Média nyebarkeun Islam
Numutkeun dugaan, sakumaha wayang kulit di wewengkon wétan (Jawa),wayang golék dipaké
ku para wali pikeun nyebarkeun Islam di Tatar Sunda. Kusabab ajaran Hinduharita geus raket
jeung masarakat Sunda harita, carita Mahabarata jeung Ramayana ti Tatar Hindu dimodifikasi
pikeun ngajarkeun Katauhidan. Misalna dina carita Mahabarata,para déwa boga kawenangan
nu absolut pikeun nangtukeun nasib jeung takdir, mangka para wali nyieun objék anyar nu
posisina leuwih kuat, nyaéta Semar.
Sumberna : https://su.wikipedia.org/wiki/Wayang_Gol%C3%A9k
Kumis ucing
Kumis ucing nya éta ngaran tutuwuhan anu kembangna siga kumis ucing. Ieu
tutuwuhan téh tumuwuh ajeg, watangna pasagi, dina buku-bukuna aya akaran tapi teu
siga akar nu dijero taneuh, tangkal kumis ucing téh jangkungna biasana nepi ka 2m.
Wangun daunnalonjong, tungtungna léncop, ukuranana ti 1 nepi ka 10 cm.
Makuta kembangna warna bungur ngora atawa bodas panjangna 13 – 27mm, di bagian
luhur ditutupan ku bulu nu parondok warnana bungur atawa bodas. Benang sari
ukuranana leuwih panjang batan tabung kembang sarta ngaleuwihan biwir kembang
bagian luhur.
Kumis ucing rasana rada pait, asin, kesed, tur rada tiis. Kumis ucing ngandung zat
samak, minyak asiri, ortholiphonglikosida, minyaklemak, saponin, sapofonin, uyah
kalium, jeung myoinositol. Daun kumis ucing biasa dimangpaatkeun pikeun ubar rupa-
rupa kasakit. Di Indonésia daun anu garing dipaké minangka ubar pikeun ngalancarkeun
kahampangan (diuretik) sedengkeun di India pikeun ubarreumatik. Kumis ucing
digunakeun ku masarakat minangka ubar tradisional pikeun batuk, nyeri cangkéng, asup
angin sarta hésé ngising (sembelit). Salian ti éta kumis ucing ogé biasana
dimangpaatkeun pikeun ubar radang ginjal, wawatu, diabétés, albuminuria, sarta kasakit
syphilis.
Sumberna : https://su.wikipedia.org/wiki/Kumis_ucing

Contenu connexe

En vedette

PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024
PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024
PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024Neil Kimberley
 
Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)
Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)
Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)contently
 
How to Prepare For a Successful Job Search for 2024
How to Prepare For a Successful Job Search for 2024How to Prepare For a Successful Job Search for 2024
How to Prepare For a Successful Job Search for 2024Albert Qian
 
Social Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie Insights
Social Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie InsightsSocial Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie Insights
Social Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie InsightsKurio // The Social Media Age(ncy)
 
Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024
Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024
Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024Search Engine Journal
 
5 Public speaking tips from TED - Visualized summary
5 Public speaking tips from TED - Visualized summary5 Public speaking tips from TED - Visualized summary
5 Public speaking tips from TED - Visualized summarySpeakerHub
 
ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd
ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd
ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd Clark Boyd
 
Getting into the tech field. what next
Getting into the tech field. what next Getting into the tech field. what next
Getting into the tech field. what next Tessa Mero
 
Google's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search Intent
Google's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search IntentGoogle's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search Intent
Google's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search IntentLily Ray
 
Time Management & Productivity - Best Practices
Time Management & Productivity -  Best PracticesTime Management & Productivity -  Best Practices
Time Management & Productivity - Best PracticesVit Horky
 
The six step guide to practical project management
The six step guide to practical project managementThe six step guide to practical project management
The six step guide to practical project managementMindGenius
 
Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...
Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...
Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...RachelPearson36
 
Unlocking the Power of ChatGPT and AI in Testing - A Real-World Look, present...
Unlocking the Power of ChatGPT and AI in Testing - A Real-World Look, present...Unlocking the Power of ChatGPT and AI in Testing - A Real-World Look, present...
Unlocking the Power of ChatGPT and AI in Testing - A Real-World Look, present...Applitools
 
12 Ways to Increase Your Influence at Work
12 Ways to Increase Your Influence at Work12 Ways to Increase Your Influence at Work
12 Ways to Increase Your Influence at WorkGetSmarter
 
Ride the Storm: Navigating Through Unstable Periods / Katerina Rudko (Belka G...
Ride the Storm: Navigating Through Unstable Periods / Katerina Rudko (Belka G...Ride the Storm: Navigating Through Unstable Periods / Katerina Rudko (Belka G...
Ride the Storm: Navigating Through Unstable Periods / Katerina Rudko (Belka G...DevGAMM Conference
 
Barbie - Brand Strategy Presentation
Barbie - Brand Strategy PresentationBarbie - Brand Strategy Presentation
Barbie - Brand Strategy PresentationErica Santiago
 

En vedette (20)

PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024
PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024
PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024
 
Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)
Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)
Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)
 
How to Prepare For a Successful Job Search for 2024
How to Prepare For a Successful Job Search for 2024How to Prepare For a Successful Job Search for 2024
How to Prepare For a Successful Job Search for 2024
 
Social Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie Insights
Social Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie InsightsSocial Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie Insights
Social Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie Insights
 
Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024
Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024
Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024
 
5 Public speaking tips from TED - Visualized summary
5 Public speaking tips from TED - Visualized summary5 Public speaking tips from TED - Visualized summary
5 Public speaking tips from TED - Visualized summary
 
ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd
ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd
ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd
 
Getting into the tech field. what next
Getting into the tech field. what next Getting into the tech field. what next
Getting into the tech field. what next
 
Google's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search Intent
Google's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search IntentGoogle's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search Intent
Google's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search Intent
 
How to have difficult conversations
How to have difficult conversations How to have difficult conversations
How to have difficult conversations
 
Introduction to Data Science
Introduction to Data ScienceIntroduction to Data Science
Introduction to Data Science
 
Time Management & Productivity - Best Practices
Time Management & Productivity -  Best PracticesTime Management & Productivity -  Best Practices
Time Management & Productivity - Best Practices
 
The six step guide to practical project management
The six step guide to practical project managementThe six step guide to practical project management
The six step guide to practical project management
 
Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...
Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...
Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...
 
Unlocking the Power of ChatGPT and AI in Testing - A Real-World Look, present...
Unlocking the Power of ChatGPT and AI in Testing - A Real-World Look, present...Unlocking the Power of ChatGPT and AI in Testing - A Real-World Look, present...
Unlocking the Power of ChatGPT and AI in Testing - A Real-World Look, present...
 
12 Ways to Increase Your Influence at Work
12 Ways to Increase Your Influence at Work12 Ways to Increase Your Influence at Work
12 Ways to Increase Your Influence at Work
 
ChatGPT webinar slides
ChatGPT webinar slidesChatGPT webinar slides
ChatGPT webinar slides
 
More than Just Lines on a Map: Best Practices for U.S Bike Routes
More than Just Lines on a Map: Best Practices for U.S Bike RoutesMore than Just Lines on a Map: Best Practices for U.S Bike Routes
More than Just Lines on a Map: Best Practices for U.S Bike Routes
 
Ride the Storm: Navigating Through Unstable Periods / Katerina Rudko (Belka G...
Ride the Storm: Navigating Through Unstable Periods / Katerina Rudko (Belka G...Ride the Storm: Navigating Through Unstable Periods / Katerina Rudko (Belka G...
Ride the Storm: Navigating Through Unstable Periods / Katerina Rudko (Belka G...
 
Barbie - Brand Strategy Presentation
Barbie - Brand Strategy PresentationBarbie - Brand Strategy Presentation
Barbie - Brand Strategy Presentation
 

Wayang golék

  • 1. Wayang Golék Wayang Wayang mangrupakeun bentuk téater rahayat nu populér pisan. Masarakat mindeng ngahubungkeun kecap "wayang" jeung "bayang", dumasar pintonan wayang kulit nu mintonkeun hirupna bayangan/kalangkang wayang dina layar. Di wewengkon Tatar Sunda, nu pang populérna mah wayang golék. Wayang golék aya dua rupa: wayang golék papak (cepak) jeung wayang golék purwa. Iwal ti wayang wong,pintonan wayang dimaénkeun ku dalang nu mingpin pintonan sakaligus ngalagukeun suluk, nyoarakeun antawacana, ngatur gamelan, ngatur lagu, jsb. Tumuwuh Sakumaha alur carita pawayangan umumna, dina pintonan wayang golék ogé biasana boga lalakon-lalakon anu boh galur atawa caranganana dicokot tina carita Ramayanajeung Mahabarata kalawan migunakeun basa Sunda nu diiring ku gamelan Sunda (saléndro), nu diwangun ku dua saron, peking, selentem, bonang, bonang rincik, kenong, sapasang goong (kempul jeung goong), ditambah kendang (hiji kendang Indung jeung tilu kulanter), gambang jeung rebab.
  • 2. Ti taun 1920-an, salila pintonan wayang golék téh teu weléh dibarengan sindén. Malah harita mah sindénna bisa leuwih kawentar batan dalangna, utamana nalika jaman Upit Sarimanah jeung Titim Patimah taun 1960-an. Dina pintonan wayang golék, lalakon nu ilahar dipintonkeun nyaéta lalakon carangan,lalakon galur mat teu pati mindeng. Ieu bisa dijadikeun cicirén kaparigelan dalang dina nyiptakeun lalakon carangan nu alus tur matak dipikaresep. Dalang wayang golék nu kawentar di antarana Tarkim, R.U. Partasuanda, Abéng Sunarya,Entah Tirayana, Apek, Asép Sunandar Sunarya, R.H. Cécép Supriadi, Dédé Amung Sutarya, Manan Dédé Sutarya,Apép Hudaya, jld. Pola pangadegan wayang golék nyaéta (1) Tatalu, dalang jeung sinden naik panggung, gending jejer/kawit, murwa, nyandra, suluk/kakawén, jeung biantara; (2) Babak unjal, paséban, jeung bébégalan; (3) Nagara séjén; (4) Patepah; (5) Perang gagal; (6) Panakawan/goro-goro; (7) Perang kembang; (8) Perang raket; jeung (9) Tutug. Najan mibanda fungsi rélijius (misalna dina ngaruwat), wayang golék kiwari leuwih dominan dipaké salaku seni pintonan hiburan rahayat nu mibanda fungsi nu luyu jeung pangabutuh lingkungan masarakat, boh spiritual atawa materil. Hal ieu bisa ditempo dina sababaraha kagiatan masarakat nu diramékeun ku pintonan wayang golék, di antarana hajat/kariaan nyunatan, nikahan, jsb. Média nyebarkeun Islam Numutkeun dugaan, sakumaha wayang kulit di wewengkon wétan (Jawa),wayang golék dipaké ku para wali pikeun nyebarkeun Islam di Tatar Sunda. Kusabab ajaran Hinduharita geus raket jeung masarakat Sunda harita, carita Mahabarata jeung Ramayana ti Tatar Hindu dimodifikasi pikeun ngajarkeun Katauhidan. Misalna dina carita Mahabarata,para déwa boga kawenangan nu absolut pikeun nangtukeun nasib jeung takdir, mangka para wali nyieun objék anyar nu posisina leuwih kuat, nyaéta Semar. Sumberna : https://su.wikipedia.org/wiki/Wayang_Gol%C3%A9k
  • 3. Kumis ucing Kumis ucing nya éta ngaran tutuwuhan anu kembangna siga kumis ucing. Ieu tutuwuhan téh tumuwuh ajeg, watangna pasagi, dina buku-bukuna aya akaran tapi teu siga akar nu dijero taneuh, tangkal kumis ucing téh jangkungna biasana nepi ka 2m. Wangun daunnalonjong, tungtungna léncop, ukuranana ti 1 nepi ka 10 cm. Makuta kembangna warna bungur ngora atawa bodas panjangna 13 – 27mm, di bagian luhur ditutupan ku bulu nu parondok warnana bungur atawa bodas. Benang sari ukuranana leuwih panjang batan tabung kembang sarta ngaleuwihan biwir kembang bagian luhur. Kumis ucing rasana rada pait, asin, kesed, tur rada tiis. Kumis ucing ngandung zat samak, minyak asiri, ortholiphonglikosida, minyaklemak, saponin, sapofonin, uyah kalium, jeung myoinositol. Daun kumis ucing biasa dimangpaatkeun pikeun ubar rupa- rupa kasakit. Di Indonésia daun anu garing dipaké minangka ubar pikeun ngalancarkeun kahampangan (diuretik) sedengkeun di India pikeun ubarreumatik. Kumis ucing digunakeun ku masarakat minangka ubar tradisional pikeun batuk, nyeri cangkéng, asup angin sarta hésé ngising (sembelit). Salian ti éta kumis ucing ogé biasana dimangpaatkeun pikeun ubar radang ginjal, wawatu, diabétés, albuminuria, sarta kasakit syphilis. Sumberna : https://su.wikipedia.org/wiki/Kumis_ucing