Ride the Storm: Navigating Through Unstable Periods / Katerina Rudko (Belka G...
Makalah-Sunda-Kampung-Naga.docx
1. MAKALAH TENTANG
“SAJARAH KAMPUNG NAGA”
Diajukeun pikeun nyubadanan tugas mata pelajaran Basa Sunda
Disusun Ku:
Kelas IX F
Anggota :
Haya Nabilah Ramadhani
Annisa Nurul Rahma
Ririn Nur Sipa
Ana Althofunnisa
Rendi Pratama
KEMENTRIAN AGAMA
MADRASAH TSANAWIYAH NEGERI 2 KARAWANG
Jl. Raya Jatisari No. 195 Jatisari
Karawang
2. SAJARAH KAMPUNG NAGA
1. Sajarah Kampung Naga
Kampung naga ayana di desa Neglasari Kacamatan Salawu Kabupaten
Tasikmalaya anu luasna kurang leuwih 1,5 Ha. Di kampung ieu aya 108 Kapala
kaluarga sareng jumlah warga 315 jiwaan.
Panginten nyerebeut dina impleungan urang nalika ngadenge ngaran
kampung naga, pikiran pasti kana sato nyaeta naga tapi sabenerna mah bentuk anu
asli tina kampung eta teh beda pisan jeung ngarana. Soalna di kampung naga teu
aya hiji sato naga. Ngaran kampung naga mangrupakeun hiji singkatan kata tina
kampung diNa Gawir, anu hartina kampung nu aya di tempat anu subur. Kampung
Naga mangrupakeun kampung leutik dimana masarakatna patuh kana ngajaga
tradisi nu aya. Saur bapa kuncen nyaeta Bapa Ade “ kampung naga nyaeta kampung
tradisional anu masih nyekeul jeung ngajungjung luhur warisan karuhun.” Hal ieu
nu ngajadikeun kampung naga unik jeung beda ti kampung-kampung nu lainna.
Teu aya leupatna lamun kampung ieu jadi salah sahiji warisan budaya bangsa
Indonesia nu kudu di pikawanoh tur di lestarikeun.
Nenek moyang Kampung Naga cenah nyaeta Eyang Singaparna nu
makamna aya di leweung di sabeulah kuloneun kampung naga. Warga sanaga
nyaeta ngaran warga kampung naga. Cara warga sanaga mertahankeun adat istiadat
karuhunna nyaeta ku cara ngalaksanakeun upacara-upacara adat sareung pola
kahirupanana salaras jeung adat istiadat leluhurna, saperti dina hal agama,
pakasaban, kaelmuan, kasenian,bahasa jeung tata cara karuhunna.
Masarakat kampung naga ngabogaan tempat-tempat larangan anu ulah di asupan
atawa sok di sebut “pamali”. Tempat-tempat larangan nyaeta hutan larangan di
sabeulah kulon jeung wetan, tempat ieu ulah di asupan ku sing saha jalma oge, iwal
dina waktu upacara atawa zaroh. Di kampung naga aya hiji bangunan anu katelah
sanget nyaeta “Bumi Ageung” nyaeta tempat palaksanaan rutin upacara adat.
Tempat ieu dicaram pikeun di asupan ku jalmi iwalti kokolot adat atawa kuncen.
Poe anu di ageungkeun masarakat kampung naga diantarana; poe salasa,
rebo, jeung saptu. Dina poe-poe eta, masarakat kampung naga dilarang pikeun
nyaritakeun asal-usul sajarah kampung naga jeung dina bulan safar, dilarang
ngalaksanakeun upacara adat atawa zaroh. Saterusna dina bangunan imah, geus di
atur nyaeta ngabujur ka timur-barat nyanghareup ka selatan atawa tonggoh. Tiap-
tiap imah kudu sili singhareupan supaya ngajaga karukunan sasama warga
kampung naga.
2. Ciri-ciri masarakat kampung Naga
Sabenerna, teu aya ciri khusus masarakat kampung naga. Hartina masarakat
kampung naga sami sareng masarakat lainna. Namung, aya hiji anu jadi pambeda
nyaeta bangunan imah nu di jerona sok aya bilik tina “sasag” nyaeta anyaman tina
awi.
Jadi, masarakat kampung naga sami halna jeung masarakat lainna. Aya oge anu jadi
beda nyaeta tina segi arsitek bahan bangunan imah adatna.
Pakakas hirup jeung bangunan masarakat kampung naga
3. Kampung Naga nyaeta kampung tradisionl anu geus pasti pakakas jeung
pakasabannana ge sederhana keneh. Pakasaban masarakat kana tani. Hasil panen
biasana di konsumsi, tapi kadang sok di jual lamun hasil panen aya dina
kaleuwihan.
3. Pakasaban masarakat kampung Naga
Pakasaban masarakat kampung naga oge aya anu kana anyaman. “Rigen”
mangrupi anyaman khas kampung naga. Masarakat biasa nganggo alat-alat
tradisional dina kahirupan sapopoe sapertos ngagarap sawah ku pacul, manen pare
ku etem, jeung pare ditutu teu acan ngagunakeun mesin giling.
Aya oge bangunan imah maranehanana dijieun tina bahan-bahan nu bisa
dijieun ti alam jeung ditambah bahan-bahan nu sejena nu aya di toko-toko. Bilik
imah maranehanana dijieun tina awi sareng kai, hateup imahna dijieun tina injuk.
Bangunan-bangunan anu aya di kampung naga, ngabentuk siga segitiga.
Sakabeh bangunan, hateupna tina injuk bari ngadepka kiblat. Kurang lewih aya 113
bangunan dina area 1,5 Ha. Aya 110 imah warga jeung hiji masjid. Salain eta, aya
oge bangunan bale pertemuan jeung leuit oge Bumi ageung anu sakabehna dijieun
tina bahan bilik jeung kai, singkatna teu aya anu make semen atawa bata. Jeung tina
sakabeh ukuran alat bangunan kabeh eta nenjokeun ayana kasaimbangan jeung
kasalarasan kahirupan nu aya di daerah eta.
Bentuk imah masarakat kampung naga, bentukna kudu panggung, bahan
imah tina awi jeung kai. Hateup imah kudu tina daun nipah, injuk atawa daun eurih.
Lantai imah oge kudu dijieun tina awi jeung kai. Ulah nyieun imah tina tembok
atawa gedong. Imah di kampung naga ulah aya parabot atawa pakakas contona
korsi, meja, jeung tempat sare. Imah di kampung naga ulah ngabogaan daun panto
di dua arah berlawanan, cenah menurut anggapan masarakat didinya, rijki anu asup
kajero imah lewat panto hareup moal kaluar ka panto nu di tukang. Sahingga dina
masang daun panto, masarakat sok ngajauhan masang daun panto nu sajajar
lempeng.
Kasimpulannana, masarakat kampung naga mangrupakeun masarakat anu
masih ngagunakeun parabot hirup anu sederhana atawa disebut non teknologi anu
sakabeh bahan-bahanna aya sadia di alam. Saperti nalika masak make tungku,
ngabajak sawah ngagunakeun pacul, jeung masih loba keneh tapi anu pasti mah di
kampung adat ieu teu aya listrik pikeun panerangan anging ngagunakeun damar.
4. Organisasi kamasarakatan Kampung Naga.
aya 3 lembaga kamasarakatan di kampung Naga nyaeta :
A. Lembaga Pamarentahan.
Sistem kamasarakatan di kampung naga lewih mokuskeun kana system
atawa lembaga-lembaga pamarentahan anu aya di kampung naga. Aya dua
lembaga nyaeta :
Lembaga Pamerentahan
RT
RK / RW
Kudus ( Kepala Dusun )
4. B. Lembaga Adat.
Kuncen dijabat ku Bapak Ade Suherlin anu bertugas sebagai pamangku
adat jeung mimpin upacara adat dina acara ziarah.
Punduh dijabat ku Bapak Ma’mun
Lebe dijabat ku Bapak Ateng anu tugasna ngurus jenazah ti awal nepi
ka beres anu sesuai jeung syariat Islam.
5. Sistem Kaelmuan / pendidikan Masarakat Kampung Naga.
Masarakat kampung Naga masih katinggaleun dina bidang pendidikan.
Tingkat Pendidikan masarakat Kampung Naga mayoritas ukur nepi ka jenjang
pendidikan sekolah dasar, tapi aya oge anu nuluykeun ka jenjang anu lewih luhur
jeung eta oge minoritasna. Kalobaan pola pikirna masih pendek sahingga
masarakat mikir keur naon sakola luhur-luhur lamun akhirna balik jeung gawe dei
di kampung keneh. Tina anggapan eta, karolot nganggap yen lewih hade diajar tina
pangalaman jeung tina alam atawa kumpulan anu biasa di laksanakeun di mesjid
atawa aula.
Namung, menurut kuncen atawa sesepuh di kampung eta, dina mas’alah
pendidikan mah bebas pikeun masyarakatna. Artina teu aya tekanan ka masarakat
anu haying nuntut elmu saluhur-luhurna. Tapi eta oge aya sarat pikeun jalma anu
haying sakola nyaeta nalika tos rengse sakola balik ka kampung halaman
teukenging mawa adat ti luar tapi kdu balik ka asal [ ulah mraktekkeun lalampahan
ti luar di jero kampung naga]. Jeung lamun haying berkarir mah bisa di luar
kampung naga.
6. Sistem Kasenian jeung Bahasa.
Di bidang kesenian masarakat Kampung Naga ngabogaan pantangan atawa tabu
ngayakeun pertunjukan jenis kasenian ti luar Kampung Naga sepertos wayang
golek, dangdut, pencak silat, jeung kesenian anu lainna nu ngagunakeun waditra
goong. Sedengkeun kesenian warisan karuhun masarakat Kampung Naga nyaeta
seni terbangan, angklung, beluk, jeung rengkong.Kesenian beluk ayeuna tos jarang
di pintonkeun, kesenian rengkong oge geus teu dikenal deui terutami ku kalangan
generasi muda. Tapi pikeun masarakat Kampung Naga nu deuk
nonton kesenian wayang, pencak silat, jeung sajabana teu di caram aasal kesenian
eta di pintonkeun di luar wilayah Kampung Naga.
Aya tilu pasangan kesenian di Kampung Naga nyaeta :
a) Terebang Gembrung nu di paenkeun ku duaan atawa leuwih. Biasana di
laksanaken dina waktu takbiran Iedul Fitri jeung Iedul Adha oge di poe 17an.
Alat ieu dijieun tina kai.
b) Terebang Sejat, di paenkeun ku 6 jiwa jeung dilaksanakeun dina waktu upacara
kawinan atawa sunatan masal.
c) Angklung, dipaenkeun ku 15 jalmi jeung dilaksanakeun dina waktu Sunatan
masal.
Ngenaan bahasa, masarakat kampung naga biasa ngagunakeun bahasa
sunda. Naming, diantara masarakat aya oge anu ngagunakeun bahasa Indonesia
jeung bahasa Inggris. Hal saperti kieu di sebabkeun lobana wisatawan domestic
5. jeung luar negri sahingga ngadorog jeung ngamotivasi masarakat pkeun diajar
bahasa sangkan kalancaran komunikasi.
7. Sistem agama
Awalna, loba masarakat di luar anu nyebutkeun yen penduduk di kampung
naga nganut agama islam baheula. Cenah penduduk di kampung naga nganut aliran
sesat soalna maranehna ngalaksanakeun solatna ngan sapoe sakali. Didieu aya hiji
tapsiran anu salah nyaeta ngeunaan maksud solat sapoe sakali. Paktana warga di
kampung naga tetep migawe solatna 5 kali dina sapoe sapeuting. Jadi, maksud tina
solat sapoe sakali teh nyaeta, sakali dzuhur, sakali ashar, sakali maghrib, sakali isya,
sakali subuh.
Penduduk Kampung Naga ngaku mayoritas agamana nyaeta agama islam,
tapi sakumaha parantos ka uninga yen masarakatna oge masih nyekel pageuh adat
istiadat jeung kapercayaan karuhunna.
Nurutkeun kapercayaan masarakat kampung naga, ku ngajalankeun adat
istiadat warisan karuhun oge eta tos nunjukkeun panghormatan ka para leluhur.
Sagala hal anu datangna lain ti karuhun kampung naga, jeung sagala hal anu teu
pernah di lakukeun karuhun eta di anggap tabu atawa pamali. Lamun hal-hal nu di
anggap tabu di pigawe ku masarakat kampung naga berarti ngalanggar adat, teu
ngahormat karuhun, ha lieu bakal ngadatangkeun malapetaka.
Masarakat kampung naga masig percaya kana takhayul nyaeta ayana
makhluk anu go’ib anu ngeusian atawa nyicingan tempat-tempat tertentu anu di
anggap sanget.
Kapercayaan masarakat kana mahluk goib masih di cekel kuat pisan.
Percaya ayana jurig cai, terus ririwa, kunti anak eta masih di percaya ku masarakat
kampung naga. Sedengkeun tempat anu di percaya sanget nyaeta sapertos
makam sembah eyang singaparna, bumi ageung, jeung sajabana.
Dina masalah upacara, di kampung naga aya upacara-upacara adat anu sok
dilaksanakeun ku masarakat sanaga anu waktuna sesuai jeung hari besar Islam
nyaeta :
a) Bulan Muharam keur nyambut datangna Tahun Baru Hijriah
b) Bulan Maulud keur mepeling hari lahirna Nabi Muhammad SAW
c) Bulan Jumadil Akhir keur mepeling pertengahan bulan Hijriah
d) Bulan Nisfu Sya’ban keur nyambut datangna bulan suci Ramadhan
e) Bulan Syawal keur nyambut datangna Idul Fitri
f) Bulan Zulhijah keur nyambut datangna Idul Adha
8. Unsur-Unsur Inovatif kampung Naga
Berdasarkan observasi, kampung Naga ngabogaan sababaraha inovasi diantarana :
Ayana pangaweruh masalah pare. Nyaeta pare lokal anu di percaya ku
masarakat yen pare lokal teh ngabogaan system pertahanan mangrupa benda tajem
sahingga aman tina manuk. Jadi, diantara masarakat kampung naga loba anu milih
melak pare lokal batan nu lainna.
Salajengna inovasi anyar anu jadi ciri khas kampung naga nyaeta karajinan
anyaman Rigen. Terus nu lainna nyaeta tina segi posisi ruangan di jero imah adat
nyaeta posisi dapur anu aya di harepeun imah. Anu tujuannana supaya masarakat
6. lainna bisa nyaho imah anu mana nu teu ngebul atawa teu masak, sahingga
masarakat lain bisa silih bantuan. Hal ieu mangrupakeun wujud tingkat solidaritas
masarakat kampung naga teh luhur pisan. Ieu mangrupa hal leutik namung
manfaatna pikeun dipiconto ku masarakat Indonesia sangkan urang bisa jadi jalma-
jalma anu manfaat pikeun jalma anu sanesna.
Gotong royong ngajadikeun masarakat kampung naga bisa bertahan nepi ka
kiwari. Masarakat kampung naga ngabogaan prinsip atawa falsafah hirup nu
ngajadikeun kahirupan masarakat senantiasa rukun jeung kabudayaanna tetep
lestari nyaeta :
Panyaur gancang temonan
Parentah gancang lakonan
Pamunut gancang caosan.
PANUTUP
Tina pambahasan di luhur, Kampung naga mangrupakeun kampung anu
unik dimana masyarakatna tetep selalu ngajaga budaya warisan leluhurna ku prinsip
gotong royong, ngutamakeun kapentingan umum daripada kapentingan pribadi.
Sareng anu paling penting naha masarakat tetep eksis di tengah Modernisasi jeung
Globalisasi dikarnakeun budaya nu senantiasa dijaga jeung di lestarikeun.
Primitifitas atawa adat istiadat asli paninggalan nenek moyang eta kedahna
bisa jadi treadceneter jeung mangrupakeun kabanggan pikeun urang anu jadi ahli
warisna sabab jadi daya tarik pikeun turis lokal maupun ti luar negri keur dijadikan
bahan observasi. Bapak kuncen oge nyarios kieu “ Ulah era jadi kampungan,
sabab upami hoyong jadi ortodoks perlu waktu berabad-abad, tapi lamun hayang
jadi modern, sajam oge bisa “
Jadi, kasimpulanna adat jeung istiadat masarakat Kampung Naga bisa
bertahan nepi ka ayeuna, sanajan kamajuan jaman sakitu owahna, masarakat
kampung naga tetep bertahan kusabab ayana Budaya nu senantiasa di cekel pageuh
ku masarakatna.
Referensi
- Narasumber kuncen Kampung Naga, Tasikmalaya, Garut, 2012.
- kabtasikmalaya@westjava-indonesia.com
- Indotoplist.com
- kabudayaangarut.com
- Deppar -tempat pariwisata kota garut 2006