4. Biantara nyaéta nyarita di hareupeun
balaréa kalawan aya maksud anu tangtu
(nétélakeun sawangan/kamandang
ngeunaan hiji perkara).
Dina basa Indonésia mah biantara téh
disebut ogé pidato.
7. Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh
Sampurasun,
Wilujeng énjing,
Puji sukur urang kasanggakeun ka Gusti nu Mahasuci,
anu parantos maparin kani’matan ka urang sadaya. Dugi ka
danget ieu urang tiasa patepung lawung paamprok
jonghok dina ieu tempat.
Pentingna Ngajaga Kaséhatan
8. Anu ku simkuring dipikahormat Ustadz sareng
Ustadzah, katut réréncangan sadaya anu ku simkuring
dipihormat. Ngadegna sim kuring di ieu tempat badé
sasanggem minangka wawakil ti réngréngan,
ngadugikeun perkawis pentingna ngajaga kaséhatan.
Bubuka
9. Réréncangan sadaya nu ku simkuring dipihormat,
Nu bisa mangaruhan kana kaséhatan diri téh nyaéta katuangan
sareng leueuteun.Dina milih katuangan kedah apik. Teu kedah nu
awis atanapi nu méwah, nu penting mah tiasa nyumponan kanggo
kabutuh badan urang. Kitu deui dina milih leueuteun. Kedah pilih cai
anu beresih tur ditaheur dugi ka ngagolak. Sok sanaos ayeuna
seueur nu instan, tapi tacan tangtos bakal séhat. Cindekna,
barangtuang teu kéging tambarakan.
Pedaran Eusi
10. Lian tuangeun jeung leueuteun, urang ogé kudu olahraga. Saéna
mah olahraga kedah mayeng. Olahragana mah tiasa naon baé, nu
penting tiasa ka luar késang. Lingkungan ogé kedah dijaga sangkan
beresih, raresik, tur éndah. Tangtu matak betah dicicingan.
Pedaran Eusi
11. Réréncangan sadaya,
Mugia naon nu nembé didugikeun ku simkuring jadi cukang
lantaran ngémutan urang sadaya dina ngajaga kaséhatan diri
jeung lingkungan.
Mung sakitu nu kapihatur, hapunten anu kasuhun. Hatur nuhun.
Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh
Sumber: Widya Basa Sunda Kelas 6
Panutup + salam panutup
12. Kagiatan nepikeun pedaran ku cara lisan
ngeunaan hiji perkara di hareupeun batur.
Biantara
Aya tilu perkara patali jeung biantara, nyaéta:
(1) kagiatan nepikeun pedaran ngeunaan hiji perkara,
(2) ku cara lisan, jeung
(3) di hareupeun jalma réa, balaréa, atawa massa.
13. Dina nepikeun biantara téh aya nu
ditalar, aya ogé bari maca naskah.
Upama ku urang dititénan, naskah
biantara téh dibagi jadi lima bagian:
- Salam pamuka
- Bubuka
- Pedaran eusi
- Panutup
- Salam panutup
14. Téhnik Biantara
Téhnik naskah (téhnik biantara anu make naskah).
Téhnik ngapalkeun (téhnik biantara anu diapalkeun).
Téhnik impromptu (téhnik biantara anu ngadadak).
Téhnik ékstémporar (téhnik biantara anu teu maké naskah).
15. Kalimah Kaayaan
Kalimah kaayaan disebut ogé kalimah sipat.
Kalimah kaayaan nyaéta kalimah anu caritanana mangrupa kecap
kaayaan atawa kecap sipat.
Kecap kaayaan nyaéta kecap
nu nerangkeun kaayaan atawa
sifat hiji barang.
16. ● Kecap “Lingkungan” salaku jejer
(J), jeung
● Kecap “Beresih tur resik”
mangrupa kecap kaayaan atawa
kecap sipat (KS)
● “Cuaca” kaasup kana jejer
● “Panas mentrang” kaasup
kana caritaan/kecap sipat
Conto Kalimah Kaayaan
Lingkungan beresih tur resik
J C
Cuaca ayeuna panas
mentrang
Catetan:
Jejer = subjek
Caritaan = predikat