Good Stuff Happens in 1:1 Meetings: Why you need them and how to do them well
CONTO Teks Deskripsi SUNDA.docx
1. Teks Deskripsi Ucing
Ucing (Basa Indonésia:Kucing)
nyaéta mamalia karnivora leutik nu ilaharna jadi
sato ingu pikeun manusa, boh minangka sato
cooeun atawa pikeun nyingsieunan beurit. Ieu sato
geus dalit jeung manusa sahenteuna salila + 9.500
taun[1]
.
Minangka prédator, ucing moroan leuwih ti
saréwu spésiés sasatoan pikeun kadaharanana.
Anatomi jeung morpologi
Gumantung kana spésiésna, awak ucing beuratna
2,5 – 7 kg. Tapi, sababaraha spésiés budidaya,
misalna Maine Coon, bisa nepi ka 11,3 kg. Malah,
mun parabna kaleuleuwihi mah beuratna bisa nepi ka 23 kg. Sabalikna, aya ogé ucing
pangleutikna nu kungsi kalaporkeun beuratna kurang ti 1,8 kg[2]
.
Sakumaha mamalia lianna, ucing miboga tujuh cervical vertebrae, tilu welas thoracic
vertebrae (manusa boga salosin), tujuh lumbar vertebrae(manusa boga lima), tilu sacral
vertebrae (manusa boga lima sabab bipedal), sarta 22/23 caudal vertebrae (manusa boga 3-5,
ngahiji jadicoccyx).
Ras Ucing
Dumasarkeun kana kaayaan buluna ras ucing kabagi 5 bagian nyaéta [3]
:
1. Bulu pendék
2. Bulu sedeng
3. Bulu campuran (pendek jeung panjang)
4. Bulu panjang
5. Bulu campuran
Bulu pendék
Exotik mangrupa variasi tina ras bulu pendék.[3]
Chartreux, Russian Blue jeung Korat. Tilu ras ieu miboga warna bulu anu sarua nyaéta
biru atawa hauk. katilu ras ieu mangrupa ras asli, tapi béda asal daérahna, saperti
Chartreux anu aslna ti Prancis, Russian Blue asalna ti Rusia, jeung Korat ti Thailand.[3]
Manx jeung Japanese Bobtail. Max mangrupa ras anu teu boga buntut, sedengkeun
Japanese bobtail miboga rupa buntut anu ahéng.[3]
Egyptian Mau, Ocicat, California Spangled, Bengal[3]
Siamese jeung Burmese.Kadua ras ieu téh asalna ti Thailand [3]
British shorthair, Européan Shorthair, jeung American Shorthair[3]
Abyssinian'' dipercaya yén ras ieu ras pangkolotna mangrupa ras katurunan Mesir Kuna.
2. Teks Deskripsi Curug Orok
Curug Orok nyaéta salah sahiji objék pelesir alam
mangrupa curug nu perenahna di désa Cikandang,
kacamatan Cikajang,Kabupatén Garut,
Provinsi Jawa Barat.
Asal muasal
Ieu curug dingaranan Curug Orok ku sabab dina
taun 1968 aya awéwé anu miceun orok ti puncak
éta curug.Ku saba éta katelah curug orok anu
ceuk sakaol mah orok éta téh lalaki anu nepi ka
ayeuna nyicingan éta curug. Cenah mah lamun
bobogohan di dinya bakal pepegatan.
Gambaran
Kaayaan géografis
Ditilik tina wangun curugna, di curug orok téh aya 2 curug anu ngalambangkeun indung
jeung anak ku sabab aya curug anu pangluhurna jeung aya ogé curug-curug anu leutik anu
ngalambangkeun orokna curug.Luhurna Curug Orok téh 45 méter.Sedengkeun luhurna di
saluhureun pabeungeutan laut nyaéta 250 mdpl kalayan konfigurasi umum lahanna punclut
ku sabab perenahna di handapeun gunung Papandayan. Jenis material taneuhna nyaéta
mangrupa taneuh porang jeung batu.
Wates administrasi nyaéta :
Kalér : Gunung Papandayan
Kidul : Gunung Geder
Kulon : Désa Cikandang
Wétan : Kacamatan Pamulihan
Ngokolakeun
21 April 1996 ieu curug téh ditetepkeun jadi Objék jeung Daya Tarik Wisata (ODTW). Curug
Orok dikokolakeun ku PT.[Perkebunan Nusantara jeung dipimilik ku PT. Perkebunan
Papandayan. Curug Orok mukana ti jam 09.00-16.30. Jarak ti curug Orok ka kota
kacamatan Cikajang nyaéta 5 Km, sedengkeun ti Kabupatén Garut 31 Km. Saméméh ka
curug anu jadi pangjugjugan urang bakal ngaliwatan téktékan anu panjangna 100
méter.[Pikeun nepi ka curug orok téh bisa naék motor atawa mobil anu lilana kira-kira 1,5
jam.
3. Teks Deskripsi Candi Cangkuang
Candi Cangkuang nyaéta candi titinggal Hindu nu
aya di Kampung Pulo, wewengkon Cangkuang, Kac.
Lélés, Garut, Jawa Kulon. Candi ieu pisan nu munggaran
kapanggih diTatar Sunda sarta mangrupa hiji-hijina candi
Hindu di Tatar Sunda.
Wangunan candi Cangkuang anu ayeuna kasaksian
mangrupa hasil mugar nu diresmikeun taun 1978. Candi
ieu ngadeg dina hiji lapik pasagi nu ukuranana 4,7 x 4,7 m
nu jangkungna 30 cm. Suku wangunan nu
ngawengku pelipit padma, pelipit kumuda, jeung pelipit pasagi ukuranana 4,5 x 4,5 m nu
jangkungna 1,37 m. Di sisi kalérna aya penampil tempat tangga naék nu panjangna 1,5 m
jeung lébar 1,26 m.
Awak wangunan candi bentukna pasagi 4,22 x 4,22 m nu jangkungna 2,49 m. Di sisi
kalér aya lawang asup nu ukuranana 1,56 m (jangkung) x 0,6 m (lébar). Suhunan candi aya
dua tingkat: pasagi ukuran 3,8 x 3,8 m nu jangkungna 1,56 m jeung 2,74 x 2,74 m nu
jaungkungna 1,1 m. Di jerona aya rohangan ukuran 2,18 x 2,24 m nu jangkungna 2,55 m. Di
dasarna aya legok ukuran 0,4 x 0,4 m nu jerona 7 m (dijieun nalika mugar sangkan
wangunanana stabil).
Di antara sésa-sésa wangunan candi, kapanggih ogé arca (taun 1800-an) nu posisina
keur sila luhureun padmasana ganda. Suku kénca nilep datar nu alasna nyanghareup ka jero
pingping katuhu. Ari suku katuhu ka handap napak kana lapik. Hareupeun suku kénca aya
hulu sapi (nandi) nu ceulina nunjuk ka hareup. Ku ayana hulu nandi ieu, para ahli nganggap
yén ieu arca Siwa. Leungeun duanana namprak luhureun pingping. Dina awakna aya hiasan
beuteung, hiasan dada, jeung hiasan ceuli.
Kaayaan arca ieu geus ruksak, beungeutna geus rata, leungeun neip ka pigeulang
duanana geus leungit. Lébar beungeut 8 cm, lébar taktak 18 cm, lébar cangkéng 9 cm,
padmasana 38 cm (jangkungna 14 cm), lapik 37 cm & 45 cm (jangkung 6 cm jeung 19 cm),
jangkung 41 cm.
Candi Cangkuang sakumaha anu kasaksi kiwari, sabenerna mangrupa hasil rékaan
rékonstruksi, sabab nu aslina mah ukur 35%-an. Ku kituna, bentuk wangunan candi
Cangkuang anu sabenerna mah can kanyahoan.
Candi ieu jarakna kira 3 m kiduleun kuburan Arif Muhammad.
4. Deskripsi Kampung Naga
Kampung Naga mangrupa kampung adat Sunda-Islam nu sacara administratif asup ka
wewengkon Désa Néglasari,Kacamatan Salawu, Tasikmalaya, nu legana kira 4 ha. Kampung
Naga perenahna lebakeun ti jalan gedé nu nepungkeun daérah Garut jeung Tasikmalaya,
henteu jauh kurang leuwih 30 km deui ka Kabupatén Tasikmalaya jeung 26 km ti kota Garut.
Adat
Béda ti masarakat adat ilaharna, urang Kampung Naga mah campur jeung masarakat
modéren, ngagem Islam, tapi masih pengkuh miara adat karuhun. Dina hiji sisi masarakatna
bisa narima kamodérenan kayaning ayana tipi, listrik, jeung sajabana, tapi dina sisi séjén
maranéhna tetep nyepeng adat karuhunna (wangunan imah panggung tina anyamanawi,
hateup injuk, miara leuweung, melak paré variétas lokal, jsb.). Numutkeun Ahman Sya, salah
saurang guru besar UNSIL Tasikmalaya, pengkuhna masarakat Kampung Naga téh utamana
mah dina hal taat hukum, gotong royong, jeung basajan (teu konsumtif).
Di antara upacara adat nu dilaksanakeun di Kampung Naga nyaéta:
Upacara poé-poé Islam
Mulud atawa Alif ku ngayakeun Pedaran (macakeun sajarah karuhun) nu dimimitian ku
mandi di walungan Ciwulan.
Rupa wangunan
Wangunan di Kampung Naga boh imah, masjid, balé patemon, atawa leuit bentukna sarua.
Luhurna ditutupan ku hateup jeung injuk (tutup wuwung). Pindingna tina biliksedengkeun
pantona tina serat hoé, kabéhanana nyanghareup ka kalér atawa kidul. Ornamén arsitéktur has
Kampung Naga nu lianna nyaéta susunan batu nu rapih.
Objék wisata
Kampung Naga mangrupa salah sahiji objék wisata di Tatar Sunda nu loba dijugjug ku
wisatawan jero jeung luar negri, rata-rata kana 40 rébuan urang per taun.
5. Teks Deskripsi Monyet
Monyét mangrupa anggota dua ti tilu
golongan primata simian. Dua golongan ieu
nyaéta Monyét Dunya Anyar jeung Monyét Dunya
Kunanu kabéhna ngawengku 200-an spésiés. Monyét ogé
dibédakeun jeung kera (Ing. ape)
kayaning simpanseu jeung gorila.
Ukuran monyét rupa-rupa pisan, ti mimiti Marmosét
Pigmi nu jangkungna 10 cm (kaasup buntut) sarta beurat
120 g, nepi ka Mandril jalu nu jangkungna saméter sarta
beurat 35 kg. Aya nu hirup na tangkal (arboréal), aya ogé
nu hirup di lapang jukut/sabana. Kadaharanana rupa-rupa
gumantung ka spésiésna, tapi ilaharna
mah bungbuahan, daun, kakacangan, sisikian, kembang, serangga, lancah, endog,
jeung satoleutik.
Sababaraha ciri nu ngabédakeun dua golongan monyét di antarana buntut préhénsil (bisa
'nyepeng', meulit) monyét Dunya Anyar nu teu dipiboga ku monyét Dunya Kuna.
Klasifikasi
Anak lutung mah warna buluna konéng emas; bakal ganti warna nalika manjing sawawa.
Béréndélan di handap ieu méré nahkeun rupa-rupa famili monyét (dikandelan) dina
klasifikasi primata. Catet yén golongan pangleutikna nu ngawengku monyét
nyaéta Simiiformes, simian nu ogé ngawengku kera.
ORDO PRIMATA
Subordo Strepsirrhini: prosimian non-tarsier
Subordo Haplorrhini: tarsier, monyét jeung kera
Infraordo Tarsiiformes
Famili Tarsiidae: tarsier
Infraordo Simiiformes: simian
Platyrrhini: monyét Dunya Anyar
Famili Cebidae: marmosét, tamarin, kapucin jeung 'monyét bajing'
Famili Aotidae: 'monyét peuting', 'monyét bueuk', douroucoulis
Famili Pitheciidae: titis, sakis, jeung uakaris
Famili Atelidae: 'monyét howler', 'monyét lancah', jeung 'monyét woolly'
Catarrhini
Superfamili Cercopithecoidea
Famili Cercopithecidae: monyét Dunya Kuna
Superfamili Hominoidea
Famili Hylobatidae: gabon ('kera leutik')
Famili Hominidae: manusa jeung kera badag lianna