Pidato ini membahas tentang pentingnya melestarikan lingkungan dan alam. Lingkungan yang asri dan lestari perlu dijaga agar masa depan generasi selanjutnya tetap aman dan sejahtera. Semua pihak diminta bekerja sama dalam melestarikan lingkungan, termasuk pemerintah dalam membangun kota yang ramah lingkungan.
1. NASKAH PIDATO PDT
Salam
Muqoddimah ( ngarang sendri)
Langkung tipayun puja urang sanggakeun kanu maha kawasa puji kanu maha suci, sukur kaAlloh anu maha
gofur anu masih keneh ngusik malikeun awak sakujur, tug dugika kiwari masih keneh masihan jatah umur,
ngan omat eta umur ulah rek dihambur-hambur komo mah dipake ujug ria jeung takabur bisi urang
kagolongkeun jalmi anu kufur anggur mah yu urang seueurkeun sukur anu malah mandar jaga di alam kubur
kengeng pangampura ti Alloh anu maha punjul amin ...........
Oge sholawat miwah kasalametan mugia dilimpah curahkeun digulunturkeun ngocor tur ngagolontor, ngalir
tur ngamalir kajungjunan urang sadayana nyatanya ka kangjeng nabi Muhamad SAW. Ka para kulawargana, ka
para sahabatna, ka para tabi’it-tabi’atna, anu malah mandar tug dugi kaumatna nyatanya urang sadayana, anu
mikaconto tur nulad kana tapak lacak mantena ti kawit dugika ahir.
Dina leresan ieu simabdi ngahaturkeun nuhun kapangatur waktu panata acara anu ku simkuring dipihormat ka
dewan juri anu dipiati kaibu guru miwah bapa guru anu di pikaajrih, oge karerencangan sadaya ti kawit
TK/TPA dugika DTA anu sararae tur harade,
Dina danget ieu sim abdi anu teu disangki-sangki tiasa ngadeg di payuneun para wargi, turta tiasa cumarita di
payuneun para ibu miwah para bapa, sanes bae ku tiasa jeung biasa sim abdi ngiring lomba, ngan sim abdi
hoyong tiasa nyarita ku basa sunda dina ngadugikeun biantara.
Tangtosna tatar pasundan anu endah taya duana dibarengan ngajadikeun urang betah cicing didinya di lembur
matuh banjar karang pamidangan tempat ngiuhan tina hujan, tempat niis lamun beurang reureuh ngampih
lamun peuting, cai wahangan cur-cor tina sungapan maseuhan sawah numuwuhkeun pare nu bisa kapetik
hasilna kaala buahna,
Tuh pan lamun tea mah lembur ku urang tetep dijaga kaendahana teu di ruksak ku leungeun-leungeun sarakah
nu matak jadi teu endah, cobi tinggal di kota-kota tos sesah mendakan sawah, tos jarang aya pancuran. Tos
dibangun mol pangbalanjaan anu megah nepika teu merhatikeun bahayana, padahal Gusti Allah parantos
maparin pepeling ka urang sadaya anu dawuhna :
Sareng poma ulah rek migawe karuksakan aranjeun di muka bumi saparantos gusti Allah
ngahadean kana eta bumi
Ngalamun mubuy bakakak * Mawa dahan tina tulang/
Mun lembur tuluy di ruksak * Musibah datang, kaendahan oge ilang
Mangpang-meungpeung hirup di lembur anu masih keneh asri, kuring mah hayang jaga tetep kieu
rangkongna sora bangkong, reangna sora jangrik jeung recetna sora tongeret mapag sareupna wanci
kaburitnakeun disusul ku galindengna barudak santri nu keur dialajar ngaji Kaendahan tangtu lana mun jalma
sadar nyaah jeung miarana enya-enya teu jorok ka lembur sorangan, miceun runtah dina tempatna, kai teu
dituar sangeunahna ahirna alam mere akibatna.
Mangpang-meungpeun hirup ayeuna yu urang jaga lembur pamatuhan, nu endah taya papadana ku urang
keur urang anu urang.
Mung sakitu anu kapihatur,sateuacan amit mungkur nyuhunkeun dihapunten boh bilih aya kalepatan sareng
kakirangan bobot pangayon timang taraju aya di para ibu, jembar hampura anu diteda aya di para bapa, titi
surti sarta ngarti aya di dewan juri.
Ditutup ku du’a Ragi sabeulah di banjar diremetkeun duanana
Pamugi Alloh ngaganjar nyalamekeun sadaya
Wabilahi taufik wal hidayah, warido wal inayah
Wassalamualaikum Wr. W