SlideShare une entreprise Scribd logo
1  sur  17
Kakawihan
Kelompok
1. Dimas Saputra 80
2. Dini Aminarti 79
3. Fariz Umar 78
4. Felita Delfina 79
5. Haykal Fikri 79
6. Helda Fauziah 82
7. Josua Sitompul 78
8. Kharizta Salsabil 80
9. Malika Salsabila 80
Pengertian Kakawihan
Kakawihan nyaeta salahsahiji rupa lalaguan
Sunda. Aya sawatara rupa lalaguan Sunda,
nyaeta anu disebut kawih, kakawihan jeung
tembang. Umpama ditilik tina rumpakana,
kawih, kakawihan jeung tembang
mangrupakeun oge karya sastra dina
wangun ugeran atawa puisi. Rumpaka kawih
jeung kakawihan henteu pati kaiket ku
aturan. Sedengkeun rumpaka tembang kaiket
ku aturan, nyaeta aturan anu aya dina pupuh.
Perbedaan Kawih jeung
Kakawihan
Anu ngabedakeun kawih jeung kakawihan
nyaeta ari kakawihan mah biasana
dinyanyikeun atawa dihaleuangkeunnana
dina waktu keur ulin atawa keur digawe,
sedengkeun kawih bisa dihaleuangkeun iraha
jeung di mana wae. Kawih jeung kakawihan,
wangun rumpakanya rek sarua jeung
rumpaka anu aya dina sajak, nyaeta henteu
kaiket ku aturan.
Wangenan
Kakawihan asal kecapna tina kawih, nu hartina
Rakitan basa sabangsa dangding nu teu make
patokan pupuh. Ngawih nya eta ngalagukeun kawih
atawa sisindiran. Ieu kabinangkitan teh ka asup
sastra buhun, gelarna dina sastra Sunda mangrupa
sastra sampakan. Tapi nu boga kakawihan teh lain
ngan ukur urang sunda wae, unggal seler bangsa
oge miboga kakawihan sewang-sewangan.
Kakawihan ka asup sastra lisan, sumebarna
tatalepa sacara turun tumurun di lingkungan
masarakat. Ku kituna kakawihan sering disebut
sastra balarea. Kakawihan lain ngan saukur dipake
bari ulin, tapi oge sok dipake bari digawe.
RMA koesoemadinata (dina Soepandi, 1985:14)
mere katerangan ngeunaan kawih, nya eta: sekar
(tembang=kawih) ieu aya dua rupa:
1. Sekar irama merdeka, nya eta tembang nu
panjang pondokna sora jeung wirahmana
sakarep-karep numutkeun raosna priyangga,
numutkeun kangeunahan nu tembang kayaning:
tembang buhun rancag, tembang buhun raehan,
beluk, kakawen, suluk, tembang Cianjuran,
tembang Ciawian, kakawihan dongeng.
2. Sekar-tandak, nya eta tembang anu ajeg
wiletanana tegesna lolongkrang-lolongkrang
antara wirahma-wirahma sami sadayana.
Kadieukeuna kawih jeung tembang dibedakeun.
Ari kawih mah dihartikeun sekar tandak,
sedengkeun tembang nya eta sekar irama
merdika atawa lagu swara. Kiwari kakawihan
dihartikeun lagu-lagu anu sok dinyanyikun ku
barudak bari ulin, nepi ka sakapeung sok
disebut kakawihan barudak atawa kaulinan
barudak. Wibisana spk (200:387) nyebutkeun
lagu rakyat, hartina lagu jeung lirikna geus baku,
sipatna anonym jeung nyebar ti jaman baheula.
Lagu ngawih saperti Polostomo, Pacul goang,
kadewan, jste. (Soepandi & Oyon Sofyan
Usmari, 1985:7).
Kamekaran Kakawihan
Kakawihan (teksna, fungsi jeung
basana) robah luyu jeung kahirupan
masarakat. Nurutkeun kalungguhana,
kakawihan bisa dipasing-pasing jadi
dua golongan nya eta kakawihan
pikeun kaulinan jeung kakawihan
pikeun digawe.
Ciri kakawihan
Kakawihan mangrupa bagian tina folklore, ku kituna
sabagian tina ciri-ciri folklore dipimilik oge ku kakawihan, di
antarana:
a. Sumebar jeung diwariskeun sacara lisan;
b. Sifatna tradisional, nyebarna angger di antara kelompok
tertentu;
c. Aya varian jeung versi, kajadian poho jeung interpolasi
sok nimbulkeun bedana teks. Ku kituna sakapeung teksna
sok beda, wirahmana sarua. Atawa wirahmana sarua,
teksna nu beda;
d. Umumna anonym;
e. Miboga rumus jeung pola;
f. Polos jeung lugu, sakapeung jiga kasar jeung spontan
macam-macam kakawihan
Kakawihan bisa diklasifikasikeun dumasar fungsina, basana,
waktu ngawihkeuna, oge eusina.
Dumasar fungsi, kakawihan pikeun kaulinan, pikeun
sumanget digawe, pikeun mepende, oge pikeun protes social.
1. Kakawihan pikeun kaulinan:
Kakawihan nu dipake dina ngamimitian kaulinan di antarana:
Cing Ciripit, dal del Dol, jeung Hompimpah.
Kakawihan sapanjang kaulinan: Aanyaman, Ambil-ambilan,
Ayang-ayang Gung, Babagongan, Cingcangkeling, Eundeuk-
eundeukan, jst.
2. Kakawihan pikeun numuwuhkeun
sumanget digawe diantarana: Mars
Siliwnagi, Ngawuluku, jeung Ngagebahan
Manuk.
3. Kakawihan pikeun mepende, di antarana
Nelengnengkung, Pat Lapat, jst.
4. Kakawihan pikeun protes social,
mangrupa gambaran protes kana hiji
kaayaan dina mangsa eta kakawihan
dijieun, misalna: Ayang-ayang Gung, Bolu
Bugem, Dengkleung Dengdek, Prangpring,
Tongtolang Nangka, Hatiku Jang Wawan,
jeung Eundeuk-eundeukan Lagoni.
Dumasar basana, aya nu eusina sagemblengna ngagunakeun
basa Sunda jeung aya anu campur jeung basa sejen. Misalna:
Punten Mangga, pupujian, Si Jendil Adil, Slep Dur, jeung Ula
Elo Kembang.
Dumasar waktu, aya anu tadina sok dikawihkeun beurang
atawa peuting oge aya anu beurang jeung peuting. Contona:
Kalongking jeuung Bulan Tok.
Dumasar wangun, teksna aya anu dialog jeung aya anu
monolog.
1. Kakawihan wangun dialog di antarana: Ambil-ambilan, Baju
Beureum, Bolu Bugem, Cir Kupek, Gobang Kalima Gobang,
Tongtolang Nangka, Eundeuk-eundeukan Lagoni, jeung
Wek—wek Dor.
2. Kakawihan wangun monolog di antarana: Aanyaman,
Ayang-ayang Gung, babagongan, Cingcangkeling, Cing
Ciripit, Gobang gocir, jst.
Dumasar eusi, kakawihan loba nu ngagambarkeun kaayaan
masarakat Sunda dina jamanna, magsa kakawihan
Papasingan kakawihan
Nilik kana wanguna, kakawihan barudak the sok
dipasing-pasing jadi sababaraha golongan. Di
antarana:
a. Wangun paparikan
Kakawihan wangun paparikan nya eta wanguna
saperti paparikan, aya cangkang jeung eusi. Bedana,
unggal padalisana teu matok 8 engang, anu penting
asal sasora.
Conto:
TAT TIT TUT
Tat tit tut daun kaliki
Saha nu hitut budak lalaki
Tat tit tut daun kanyere
Saha nu hitut budak awewe
b. Kakawihan laras wekas
Kakawihan laras wekas nya eta kakawihan
anu murwakanti engang tungtung, boh dina
kecap-kecap dina saungkara boh dina
kecap-kecap dina antar padalisan.
Conto:
EUNDEUK-EUNDEUKAN
Eundeuk-eundeukan lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nini
beunang deui ku aki
c. Kakawihan margaluyu
Kakawihan margaluyu nya eta kakawihan anu kecap atawa
engang dina tungtung padalisan, dibalikan deui dina awal
padalisan, dibalikeun deui dina awal padalisan sapandeurieunana.
Conto:
AYANG-AYANG GUNG
Ayang-ayang gung
Gung goongna rame
Menak ki mas Tanu
Nu jadi wadana
Naha maneh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giru
Rukat jeung kompani
Niat jadi pangkat
Katos kagorengan
Ngantos kanjeng dalem
Lempa-lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
d. Kakawihan mondoan kawit
Kakawihan mondoan kawit nya eta kakawihan anu malikan
(mindo) kecap anu sarua dina awal padalisana.
Conto:
PUNTEN MANGGA
Punten… mangga
Ari ga, gatot kaca
Ari ca, cau ambon
Ari bon, bonteng asak
Ari sak, sakit perut
Ari rut, rujak asem
Ari sem, sempal sempil
Ari pil, pilm rame
Ari me, meja makan
Ari kan, kantong kosong
Ari song, song-song lampu
Ari pu, pulau bali
Ari pu, puak paok
Ari wok, wok berewok
SEKIAN HATUR NUHUN
uwu

Contenu connexe

Tendances

Perkembangan Peserta Didik - Perkembangan dan Pertumbuhan
Perkembangan Peserta Didik - Perkembangan dan PertumbuhanPerkembangan Peserta Didik - Perkembangan dan Pertumbuhan
Perkembangan Peserta Didik - Perkembangan dan Pertumbuhan
Dewi Atin Surya
 

Tendances (20)

Tugas biologi sistem endokrin manusia - 2016
Tugas biologi   sistem endokrin manusia - 2016Tugas biologi   sistem endokrin manusia - 2016
Tugas biologi sistem endokrin manusia - 2016
 
Perkembangan Peserta Didik - Perkembangan dan Pertumbuhan
Perkembangan Peserta Didik - Perkembangan dan PertumbuhanPerkembangan Peserta Didik - Perkembangan dan Pertumbuhan
Perkembangan Peserta Didik - Perkembangan dan Pertumbuhan
 
MATERI Sistem hormon KELAS XII SMA
MATERI Sistem hormon KELAS XII SMAMATERI Sistem hormon KELAS XII SMA
MATERI Sistem hormon KELAS XII SMA
 
Q&A Peluang Sma
Q&A Peluang SmaQ&A Peluang Sma
Q&A Peluang Sma
 
Fotosintesis ppt
Fotosintesis pptFotosintesis ppt
Fotosintesis ppt
 
Modul Panca Indera
Modul Panca InderaModul Panca Indera
Modul Panca Indera
 
Rangkuman materi bahasa indonesia kelas xii
Rangkuman materi bahasa indonesia kelas xiiRangkuman materi bahasa indonesia kelas xii
Rangkuman materi bahasa indonesia kelas xii
 
Makalah Motivasi
Makalah MotivasiMakalah Motivasi
Makalah Motivasi
 
Makalah pembelahan sel
Makalah pembelahan selMakalah pembelahan sel
Makalah pembelahan sel
 
Teknik konversi-skor-mentah-hasil-tes
Teknik konversi-skor-mentah-hasil-tesTeknik konversi-skor-mentah-hasil-tes
Teknik konversi-skor-mentah-hasil-tes
 
Metabolisme
Metabolisme Metabolisme
Metabolisme
 
ppt evaluasi perkembangan kognitif.ppt
ppt evaluasi perkembangan kognitif.pptppt evaluasi perkembangan kognitif.ppt
ppt evaluasi perkembangan kognitif.ppt
 
KUMPULAN SOAL BIOLOGI ENZIM DAN METABOLISME SEL
KUMPULAN SOAL BIOLOGI ENZIM DAN METABOLISME SELKUMPULAN SOAL BIOLOGI ENZIM DAN METABOLISME SEL
KUMPULAN SOAL BIOLOGI ENZIM DAN METABOLISME SEL
 
pembentukan sikap dan tingkah laku
pembentukan sikap dan tingkah lakupembentukan sikap dan tingkah laku
pembentukan sikap dan tingkah laku
 
transpor aktif
transpor aktiftranspor aktif
transpor aktif
 
Kerja Enzim
Kerja EnzimKerja Enzim
Kerja Enzim
 
DOGMA SENTRAL
DOGMA SENTRALDOGMA SENTRAL
DOGMA SENTRAL
 
indera penciuman
indera penciumanindera penciuman
indera penciuman
 
Konsep dan Perkembangan Anak dengan hambatan emosi dan sosial (Tunalaras)
Konsep dan Perkembangan Anak dengan hambatan emosi dan sosial (Tunalaras)Konsep dan Perkembangan Anak dengan hambatan emosi dan sosial (Tunalaras)
Konsep dan Perkembangan Anak dengan hambatan emosi dan sosial (Tunalaras)
 
IPS BAB IV : penggunaan uang sesuai kebutuhan
IPS BAB IV : penggunaan uang sesuai kebutuhanIPS BAB IV : penggunaan uang sesuai kebutuhan
IPS BAB IV : penggunaan uang sesuai kebutuhan
 

Similaire à Kelompok kakawihan (9)

Kawih
KawihKawih
Kawih
 
Sisindiran dina basa Sunda
Sisindiran dina basa SundaSisindiran dina basa Sunda
Sisindiran dina basa Sunda
 
Pupuh dan Sisindiran
Pupuh dan SisindiranPupuh dan Sisindiran
Pupuh dan Sisindiran
 
basasunda Nulis Esey SMA
basasunda Nulis Esey SMAbasasunda Nulis Esey SMA
basasunda Nulis Esey SMA
 
Basa sunda
Basa sundaBasa sunda
Basa sunda
 
Gaya basa
Gaya basaGaya basa
Gaya basa
 
Kawih Kelas XI.pptx
Kawih Kelas XI.pptxKawih Kelas XI.pptx
Kawih Kelas XI.pptx
 
KAWIH kelas 8 di semester 1 kelas 8 smp.pptx
KAWIH kelas 8 di semester 1 kelas 8 smp.pptxKAWIH kelas 8 di semester 1 kelas 8 smp.pptx
KAWIH kelas 8 di semester 1 kelas 8 smp.pptx
 
Materi Tentang Pola Pikir Orang Bahasa Sunda
Materi Tentang Pola Pikir Orang Bahasa SundaMateri Tentang Pola Pikir Orang Bahasa Sunda
Materi Tentang Pola Pikir Orang Bahasa Sunda
 

Kelompok kakawihan

  • 2. Kelompok 1. Dimas Saputra 80 2. Dini Aminarti 79 3. Fariz Umar 78 4. Felita Delfina 79 5. Haykal Fikri 79 6. Helda Fauziah 82 7. Josua Sitompul 78 8. Kharizta Salsabil 80 9. Malika Salsabila 80
  • 3. Pengertian Kakawihan Kakawihan nyaeta salahsahiji rupa lalaguan Sunda. Aya sawatara rupa lalaguan Sunda, nyaeta anu disebut kawih, kakawihan jeung tembang. Umpama ditilik tina rumpakana, kawih, kakawihan jeung tembang mangrupakeun oge karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Rumpaka kawih jeung kakawihan henteu pati kaiket ku aturan. Sedengkeun rumpaka tembang kaiket ku aturan, nyaeta aturan anu aya dina pupuh.
  • 4. Perbedaan Kawih jeung Kakawihan Anu ngabedakeun kawih jeung kakawihan nyaeta ari kakawihan mah biasana dinyanyikeun atawa dihaleuangkeunnana dina waktu keur ulin atawa keur digawe, sedengkeun kawih bisa dihaleuangkeun iraha jeung di mana wae. Kawih jeung kakawihan, wangun rumpakanya rek sarua jeung rumpaka anu aya dina sajak, nyaeta henteu kaiket ku aturan.
  • 5. Wangenan Kakawihan asal kecapna tina kawih, nu hartina Rakitan basa sabangsa dangding nu teu make patokan pupuh. Ngawih nya eta ngalagukeun kawih atawa sisindiran. Ieu kabinangkitan teh ka asup sastra buhun, gelarna dina sastra Sunda mangrupa sastra sampakan. Tapi nu boga kakawihan teh lain ngan ukur urang sunda wae, unggal seler bangsa oge miboga kakawihan sewang-sewangan. Kakawihan ka asup sastra lisan, sumebarna tatalepa sacara turun tumurun di lingkungan masarakat. Ku kituna kakawihan sering disebut sastra balarea. Kakawihan lain ngan saukur dipake bari ulin, tapi oge sok dipake bari digawe.
  • 6. RMA koesoemadinata (dina Soepandi, 1985:14) mere katerangan ngeunaan kawih, nya eta: sekar (tembang=kawih) ieu aya dua rupa: 1. Sekar irama merdeka, nya eta tembang nu panjang pondokna sora jeung wirahmana sakarep-karep numutkeun raosna priyangga, numutkeun kangeunahan nu tembang kayaning: tembang buhun rancag, tembang buhun raehan, beluk, kakawen, suluk, tembang Cianjuran, tembang Ciawian, kakawihan dongeng. 2. Sekar-tandak, nya eta tembang anu ajeg wiletanana tegesna lolongkrang-lolongkrang antara wirahma-wirahma sami sadayana.
  • 7. Kadieukeuna kawih jeung tembang dibedakeun. Ari kawih mah dihartikeun sekar tandak, sedengkeun tembang nya eta sekar irama merdika atawa lagu swara. Kiwari kakawihan dihartikeun lagu-lagu anu sok dinyanyikun ku barudak bari ulin, nepi ka sakapeung sok disebut kakawihan barudak atawa kaulinan barudak. Wibisana spk (200:387) nyebutkeun lagu rakyat, hartina lagu jeung lirikna geus baku, sipatna anonym jeung nyebar ti jaman baheula. Lagu ngawih saperti Polostomo, Pacul goang, kadewan, jste. (Soepandi & Oyon Sofyan Usmari, 1985:7).
  • 8. Kamekaran Kakawihan Kakawihan (teksna, fungsi jeung basana) robah luyu jeung kahirupan masarakat. Nurutkeun kalungguhana, kakawihan bisa dipasing-pasing jadi dua golongan nya eta kakawihan pikeun kaulinan jeung kakawihan pikeun digawe.
  • 9. Ciri kakawihan Kakawihan mangrupa bagian tina folklore, ku kituna sabagian tina ciri-ciri folklore dipimilik oge ku kakawihan, di antarana: a. Sumebar jeung diwariskeun sacara lisan; b. Sifatna tradisional, nyebarna angger di antara kelompok tertentu; c. Aya varian jeung versi, kajadian poho jeung interpolasi sok nimbulkeun bedana teks. Ku kituna sakapeung teksna sok beda, wirahmana sarua. Atawa wirahmana sarua, teksna nu beda; d. Umumna anonym; e. Miboga rumus jeung pola; f. Polos jeung lugu, sakapeung jiga kasar jeung spontan
  • 10. macam-macam kakawihan Kakawihan bisa diklasifikasikeun dumasar fungsina, basana, waktu ngawihkeuna, oge eusina. Dumasar fungsi, kakawihan pikeun kaulinan, pikeun sumanget digawe, pikeun mepende, oge pikeun protes social. 1. Kakawihan pikeun kaulinan: Kakawihan nu dipake dina ngamimitian kaulinan di antarana: Cing Ciripit, dal del Dol, jeung Hompimpah. Kakawihan sapanjang kaulinan: Aanyaman, Ambil-ambilan, Ayang-ayang Gung, Babagongan, Cingcangkeling, Eundeuk- eundeukan, jst.
  • 11. 2. Kakawihan pikeun numuwuhkeun sumanget digawe diantarana: Mars Siliwnagi, Ngawuluku, jeung Ngagebahan Manuk. 3. Kakawihan pikeun mepende, di antarana Nelengnengkung, Pat Lapat, jst. 4. Kakawihan pikeun protes social, mangrupa gambaran protes kana hiji kaayaan dina mangsa eta kakawihan dijieun, misalna: Ayang-ayang Gung, Bolu Bugem, Dengkleung Dengdek, Prangpring, Tongtolang Nangka, Hatiku Jang Wawan, jeung Eundeuk-eundeukan Lagoni.
  • 12. Dumasar basana, aya nu eusina sagemblengna ngagunakeun basa Sunda jeung aya anu campur jeung basa sejen. Misalna: Punten Mangga, pupujian, Si Jendil Adil, Slep Dur, jeung Ula Elo Kembang. Dumasar waktu, aya anu tadina sok dikawihkeun beurang atawa peuting oge aya anu beurang jeung peuting. Contona: Kalongking jeuung Bulan Tok. Dumasar wangun, teksna aya anu dialog jeung aya anu monolog. 1. Kakawihan wangun dialog di antarana: Ambil-ambilan, Baju Beureum, Bolu Bugem, Cir Kupek, Gobang Kalima Gobang, Tongtolang Nangka, Eundeuk-eundeukan Lagoni, jeung Wek—wek Dor. 2. Kakawihan wangun monolog di antarana: Aanyaman, Ayang-ayang Gung, babagongan, Cingcangkeling, Cing Ciripit, Gobang gocir, jst. Dumasar eusi, kakawihan loba nu ngagambarkeun kaayaan masarakat Sunda dina jamanna, magsa kakawihan
  • 13. Papasingan kakawihan Nilik kana wanguna, kakawihan barudak the sok dipasing-pasing jadi sababaraha golongan. Di antarana: a. Wangun paparikan Kakawihan wangun paparikan nya eta wanguna saperti paparikan, aya cangkang jeung eusi. Bedana, unggal padalisana teu matok 8 engang, anu penting asal sasora. Conto: TAT TIT TUT Tat tit tut daun kaliki Saha nu hitut budak lalaki Tat tit tut daun kanyere Saha nu hitut budak awewe
  • 14. b. Kakawihan laras wekas Kakawihan laras wekas nya eta kakawihan anu murwakanti engang tungtung, boh dina kecap-kecap dina saungkara boh dina kecap-kecap dina antar padalisan. Conto: EUNDEUK-EUNDEUKAN Eundeuk-eundeukan lagoni Meunang peucang sahiji Leupas deui ku nini beunang deui ku aki
  • 15. c. Kakawihan margaluyu Kakawihan margaluyu nya eta kakawihan anu kecap atawa engang dina tungtung padalisan, dibalikan deui dina awal padalisan, dibalikeun deui dina awal padalisan sapandeurieunana. Conto: AYANG-AYANG GUNG Ayang-ayang gung Gung goongna rame Menak ki mas Tanu Nu jadi wadana Naha maneh kitu Tukang olo-olo Loba anu giru Rukat jeung kompani Niat jadi pangkat Katos kagorengan Ngantos kanjeng dalem Lempa-lempi lempong Ngadu pipi jeung nu ompong
  • 16. d. Kakawihan mondoan kawit Kakawihan mondoan kawit nya eta kakawihan anu malikan (mindo) kecap anu sarua dina awal padalisana. Conto: PUNTEN MANGGA Punten… mangga Ari ga, gatot kaca Ari ca, cau ambon Ari bon, bonteng asak Ari sak, sakit perut Ari rut, rujak asem Ari sem, sempal sempil Ari pil, pilm rame Ari me, meja makan Ari kan, kantong kosong Ari song, song-song lampu Ari pu, pulau bali Ari pu, puak paok Ari wok, wok berewok