The document discusses the importance of enjoining good and forbidding evil based on evidence from the Quran and hadith.
The Quranic verses cited emphasize the duty of believers to command right conduct and prohibit wrongdoing. Similarly, the hadith mentions that the Prophet Muhammad instructed people to spread virtue and prevent vice in society.
Overall, the document provides religious sources and arguments for the principle of promoting righteousness and discouraging sin among Muslims. It presents evidence from the Quran and sayings of the Prophet to establish the importance of this principle in Islamic teachings.
+92343-7800299 No.1 Amil baba in Pakistan amil baba in Lahore amil baba in Ka...
Guiding People Towards Goodness and Preventing Wrongdoing
1. 1
لْغَت َُاببَْنم َةبْوُقُع ظْي
ب َرَمَاَمْنَع َىهَنْوَا ٍفْوُرْع
ُهَلْعف ُهُلْوَق َفَالَخَو ٍرَكْنُم
BAB XXIV
BEURATNA SIKSAAN
PIKEUN JALMA NU AMAR
MA'RUF NAHI MUNKAR
TATAPINA
OMONGANANA TEU
LOYOG JEUNG
KALAKUANANA
a. Dalil Al-Qur'an
1) Q.S. Al-Baqarah (2) ayat 44
5. 5
b. Dalil As-Sunnah
H.R. Bukhari sareng Muslim ti Abu Zaid Usamah bin
Haritsah
وعنأبز ىيدأسامةبنحارثةقال:
سمعترسولللايقول:يؤتى
بالرجليومالقيامةفيلقف ىالن ىار،
فتندلقأقتاببطنهفيدوربهك امي ادور
الحمارفالر ىحف ،ايجتمعإليهأهل
النارفيقولوني :افلنمالكأ ؟لمتكن
تأمربالمعروفوتنهع ىنالمنكر؟
6. 6
فيقولب :لك ىنتأمربالمعروفول
أتيهوأنهع ىنالمنكروأتيه(متفق
عليه):ةلمهمال الالدب وه قلدنت هلوق
اءعماأل :ابتقألاو ،جرخت اهنعمو
اعلم وللا .بتق اهداحو
(Ieu hadits katampi) ti Abu Zaid Usamah Ibn Haritsah ,
anjeuna (Abu Zaid) sasauran: “Simkuring nguping
Rasulullâh ngadawuh: “Bakal didatangkeun dina poé
qiyamah hiji lalaki tuluy dibalangkeun manéhna kana
naraka, mangka peujitna kaluar tina beuteungna, tuluy
éta jalma muter-muter ngurilingan peujitna lir ibarat
kaldei ngurilingan panggilingan. Nya para ahli naraka
ngariungan éta jalma bari pok naranya: “Hei fulan,
kunaon anjeun, naha lain anjeun téh baheula (keur di
dunya) sok amar ma'ruf (marentah kana kahadean) jeung
nahi munkar (ngalarang kamungkaran)? Pok ngajawab
éta jalma: “Enya, kuring baheula (di dunya) sok
marentah ka batur kana kahadean tatapina kuring teu
migawe kana éta kahadean jeung kuring ogé sok
ngalarang batur kana kamungkaran tatapina kuring
12. 12
b. Dalil As-Sunnah
1) H.R. Bukhari sareng Muslim ti Abu Hurairah
ةريره يبأ نعوللا لوسر نأ
دح اذ:إثلث قافنمال ةيٓا :القث
كذبو ،إذو اعدأخلفو ،إذااؤتمن
خان(متفقعليه)
ىلصو امص نإو :ةايور يفو
ملسم هنأ معزو
(Ieu hadits katampi) ti Abu Hurairah , yen
Rasulullâh ngadawuh: “Ari ciri jalma munafik
aya tilu: “(hiji) dimana cacarita manéhna
bohong, (dua) dimana jangji manéhna nyulayaan
(ingkar), jeung (tilu) dimana dibéré amanat
manéhna khianat.” [Muttafaq ‘alaih]
Dina hiji riwayat (sanésna aya tambihan): “Sok
sanajan manéhna (jalma munafiq) téh puasa
13. 13
jeung sholat sarta ngaku yen manéhna téh
muslim”
2) H.R. Bukhari sareng Muslim ti Hudzaifah bin
Al- Yaman
وعنحذيفةبناليمانقال:
حدثنر اسولللاحديثينقد
رأيتأحدهمو اأنا انتظر
األخر:حدثنأ اناألمانةنزلتفي
جذرقلوبالرجالثمنزلالقرآن
فعلموم انالقرآنوعلموم ان
السنةث ،محدثنع انرفعاألمانة
فقالي :نامالرجلالنومةفتقبض
األمانةمنقلبهف ،يظلأثرهم اثل
الوكتث ،مينامالنومةفتقبض
15. 15
نصرانياأويهوديل ايردنهعلي
ساعيهو ،أمال ايومفمك انتأبايع
منكمإلفلناوفلنا)هيلع قفت(م
(Ieu hadits katampi) ti Hudzaifah
Ibn Al-Yaman , anjeuna (Hudzaifah) sasauran:
“ Rasulullâh nyarioskeun dua hadits ka kuring
saréréa. Kuring geus nyaho kana hadits nu kahiji,
ayeuna kuring ngadago-dago kana hadits nu hiji
deui.” Anjeuna (Rasul) ngadawuh: “Yen ari
amanat téh geus turun kana ati sanubari manusa,
tuluy lungsur Al-Qur’an. Jalma-jalma nyaho
kana éta amanat tina Al-Qur’an jeung tina As-
Sunnah. Salajengna anjeuna (Rasul) méré nyaho
ka kuring saréréa (para shahabat) ngeunaan
diangkatna/dicabutna amanat. Anjeuna (Rasul)
ngadawuh: “Hiji jalma sare kalawan sakali sare,
ujug-ujug diangkat/dicabut amanat tina haténa,
nya masih aya sesana (éta amanat) saperti noktah
hideung nu leutik. Tuluy éta jalma sare deui nu
kadua kalina, maka (sesa) amanat
dicabut/diangkat deui tina haténa, tatapina masih
kénéh aya sésana saperti sasanggaleun, lir ibarat
16. 16
ruhak seuneu nu diragragkeun kana suku anjeun,
maka kulitna melendung (melepuh) padahal di
jerona teu aya nanaon.” Salajengna Nabi (méré
conto/perumpamaan) kalawan nyandak batu
karikil lajeng dipuragkeun (éta batu) kana
sampéanna. “Sahingga dina waktu isuk-isukna
manusa migawe jual-meuli, tatapina hampir teu
aya saurang ogé anu migawe amanat. Nepika
dicaritakeun: “Saestuna di kalangan Bani Fulan
aya hiji jalma nu paling dipercaya. Nepika éta
jalma dipuji-puji, kataji ku
kasabaranana/kauletanana, kataji ku ku
kaparigelanana, sarta kataji ku kacerdasanana.”
Padahal dina haté éta jalma téh teu aya iman
saeutik ogé nu nyangkaruk sok sanajan sagede
siki sasawi. Bener-bener geus datang hiji
mangsa, dimana Kaula teu perduli ngeunaan saha
ti antara maranéh nu dibe’at ku Kaula. Lamun
kabuktian manéhna téh jalma muslim maka
agamana nu bakal mulangkeunana ka Kaula.
Jeung lamun manéhna téh urang Nasharanatawa
Yahudi maka walina nu bakal mulangkeunana ka
Kaula. Anapun poé ieu maka Kaula henteu
ngayakeun perjanjian jeung saha baé iwal ti
Fulan jeung Fulan.” [H.R. Bukhari sareng
Muslim]
17. 17
3) H.R. Muslim ti Hudzaifah sareng
Abu Hurairah
وعنحذيفةوأبه ىريرةقال:
قالرسولللا:يجمعللا
تباركوتعالالن ىاسفيقوم
المؤمنونحتت ىزلفلهمالجنة
فيأتونادمصلواتللاعليه
فيقولوني :اابانااستفتحلنال اجنة
فيقولو :هلأخرجكممنالجنة
إلخطيئةأبيكمل .ستبصاحب
ذالكإذ ،هبوإ الاب ىنيإبراهيم
خليلللاق .ال:فيأتونإبراهيم
فيقولل :ستبصاحبذالكإنما
كنتخليلمنوراءاءرو،
20. 20
sawarga dideukeutkeun ka maranehna. Tuluy
maranéhna téh ngadeuheus ka Nabi Adam bari
nyarita: “Duh, Bapak abdi sadaya, abdi sadaya
neneda mugia mukakeun surga kanggo abdi
sadaya.” Anjeuna (Adam) ngadawuh: “Teu
pati-pati nu ngalantarankeun kaluarna maranéh
(manusa) ti surga téh kajaba kasalahan bapak
maranéh, Kaula teu miboga hak kana éta. Jung
ayeuna mah indit tepungan anak/turunan Kaula,
Ibrahim, khalilullah (kakasih Allâh).” Anjeuna
(Rasulullâh ) ngadawuh: “Nya maranéhna
(jalma-jalma mukmin) ngadeuheus ka Nabi
Ibrahim . Waleran Ibrahim : “Kaula henteu
miboga hak kana éta (muka sawarga). Saestuna
Kaula ngan saukur kakasih (Allâh) nu
pangtukangna tinu pangtukangna. Jung indit
tepungan Musa, jalmi nu parantos diajak
cumarios langsung ku Allâh.” Nya maranéhna
(jalma-jalma mukmin) ngadeuheus ka Musa .
Lajeng Musa ngawaler: “Kaula lain jama nu
berhak pikeun éta. Jung tepungan Isa,
Kalimatullah sareng Ruhullah.” Singhoreng Isa
ogé ngawaler: “Kaula lain jalma nu berhak kana
éta.” Mangka maranéhna (jalma-jalma mukmin)
ngadeuheus nepangan Muhammad lajeng
21. 21
anjeuna (Rasul) ngadeg sarta dipaparin widi (ti
Gusti Allâh) pikeun nohonan kana paneda jalma-
jalma muslim (pikeun muka sawarga).
Tuluy dileupas amanat jeung rahim, duanana
ngadeg di gédéngeun shirath (jambatan shirathal
mustaqim), di beulah katuhu jeung beulah kénca.
Golongan nu kahiji ngaliwat (shirath) lir ibarat
sagancang buraq (kilat).” Simkuring (Hudzaifah)
tumaros ka Rasulullâh : “Bi abi wa ummi,
sapertos kumaha anu ngaliwat (shirath)
sagancang kilat téh?” Anjeuna (Rasul)
ngadawuh: “Naha lain anjeun geus ningali
kumaha éta kilat nyamber tuluy balik deui dina
sakicep panon.” Tuluy (golongan nu kadua,
ngaliwat shirathna) lir ibarat hembusan angin,
tuluy (golongan nu katilu ngaliwat sirathna) lir
ibarat hiberna manuk, tuluy (golongan nu kaopat
ngaliwatan shirathna) lir ibarat jalma nu lumpat
kacida tarikna. Amal-amal maranéhna nu mawa
maranéhna (ngaliwat shirath) saperti kitu.
Sedeng Nabi aranjeun, ngadeg di luhureun
shirath bari ngado’a: “Rabbi, sallim sallim (Nun
Gusti, Nu Ngurus-Ngatur jisim abdi,
salametkeun, salametkeun, nepika amal manusa
teu mampu (mawa maranéhna kalayan gancang),
22. 22
nepika aya jalma nu teu sanggup leumpang
kajaba ngésod. Di gigir beulah katuhu jeung
kénca shirath aya pirang-pirang kakait tina beusi
nu pating gulantung nu diparentah pikeun
ngaitan jalma-jalma nu kudu dikait. Aya jalma
nu salamet tina éta kakait aya ogé nu
katarikbantingkeun kana jero naraka.” Demi
Allâh Nu Jiwa Abu Hurairah aya dina
ganggeman Anjeuna (Allâh), saestuna kerakna
(dasarna) jahannam téh jerona sajauh tujuh puluh
taun.” [H.R. Muslim]
4) H.R. Al-Bukhari ti Abu Khubaib Abdullah bin
Az-Zubair
وعنأبخ ىبيبب ـضمالخاء
المعجمةع ـبدللابنالزبيرقال:
لمو اقفالزبيريومالجملدعاني
فقمتإلج ىنبهفقالي :ابنيإنه
ليقتلاليومإلظالمأومظلومو ،إني
لأرانإ يلسأقتلمظلومو اإنمن
29. 29
Ibn Az-Zubair , anjeuna (Abdullah) sasauran:
“Nalika Zubair ngadeg dina poénan perang Jamal,
anjeuna ngagentraan ka kuring, maka kuring ngadeg
di gédéngeun anjeunna, tuluy anjeuna (Zubair)
nyarita: “Yeuh anaking, saéstuna teu aya nu kabunuh
dina ieu poé kajaba jalma nu nganiaya atawa
kaaniaya. Jeung saéstuna ama teu ningali diri ama
kajaba ama bakal kabunuh secara kaaniaya. Nu
paling ngajadikeun bangbaluh pikiran ama téh
nyaéta hutang ama. Naha numutkeun anjeun hutang
ama bakal nyésakeun harta urang?” Lajeng anjeuna
sasauran deui: “Yeuh anaking, pék jual barang-
barang milik urang jeung bayarkeun kana hutang-
hutang ama.” Anjeuna (Zubair) ngawasiatkeun ku
sapertilu jeung sapertiluna tina sapertilu pikeun
anak-anakna Abdullah – maksudna yen nu
diwasiatkeun pikeun anak-anakna Abdullah Ibn
Zubair téh sapertiluna tina sapertilu (sapersalapan).
Nyarios Zubair: “Lamun mah aya sesa tina harta
urang – sanggeusna dibayarkeun kana hutang, maka
nu sapertiluna tina sapertilu pikeun anak-anak
anjeun.”
Hisyam bin Urwah nyarita: “Sabagian anak-anakna
Abdullah aya nu nyasamian sabagian anak-anakna
Zubair –Khubaib sareng Abad -. Waktu harita Zubair
30. 30
ngabogaan salapan putra jeung salapan putri.
Abdullah nyarita: “Pun bapa ngawasiatkeun hutang-
hutangna ka kuring, anjeuna sasauran: “Yeuh
anaking, upama hidep teu sanggup (ngalunasan) tina
sabagian hutang éta maka pék ménta tulung ka
dunungan Ama.” Anjeuna (Abdullah) nyarita: “Demi
Allâh kuring teu ngarti saha nu dimaksud ku pun
bapa dugikeun kuring nanya: “Yeuh ama, saha
maula (dunungan) ama téh? Anjeuna ngajawab:
“Allâh”. Abdullah sasauran: “Demi Allâh kuring teu
pernah ngarandapan kasulitan kusabab hutangna pun
bapa kajaba kuring ngado’a ka Allâh: “Ya Maula
Zubair, mugi Gusti mayar hutangna Zubair.” Maka
Mantenna (Allâh) pasti ngalunasan hutangna
Zubair.” Abdullah sasauran: “Maka Zubair kabunuh
sareng anjeuna teu ninggalkeun sadinar atawa
sadirham, kajaba ngan saukur sababaraha bidang
tanah, ti antarana tanah ghabah jeung sabelas imah
di Madinah jeung dua imah di Basrah, hiji imah di
Kufah jeung hiji deui di Mesir.” Abdullah sasauran:
“Sabenerna hutangna pun bapa téh nyaéta aya jalma
nu datag ka anjeuna kalayan mawa harta tuluy
dititipkeun ka pun bapa. Zubair sasauran: “Henteu
(kuring henteu narima barang titipan), tatapina
anggap waé hutang kusabab kuring sieun leungit (éta
barang titipan). Pun bapa teu pernah ngajabat di hiji
31. 31
pamarentahan, ogé teu jadi petugas penarik zakat
atawa jadi pejabat naon waé, ngan pun bapa
(ngabogaan harta nu dipibanda) tina hasil perang
sasarengan Rasulullâh atanapi sareng Abu Bakar,
'Umar, sareng 'Utsman .” Sasauran Abdullah:
“Kuring ngitung-ngitung hutang pun bapa, mangka
kuring manggihan (hutangna pun bapa) lobana
2.200.000 (dua juta dua ratus ribu) dirham. Tuluy
Hakim Ibn Hizam nepungan Abdullah, anjeuna
(Hakim) nyarita: “Yeuh anak dulur kuring sabaraha
hutangna dulur kuring (Zubair)?” Maka kuring
nyumputkeun (jumlah hutang sabenerna pun bapa)
jeung kuring ngajawab: “Saratus rebu.” Hakim
sasauran: “Demi Allâh, kuring boga kayakinan harta
anjeun moal cukup pikeun nutupan hutangna
Zubair.” Abdullah nyarita: “Kumaha lamun kuring
nyarita (yen hutang pun bapa téh) dua juta dua ratus
rebu?” nyarita Hakim: “Kuring ngarasa anjeun moal
sanggup nanggung ieu bangbaluh hutang, lamun
anjeun bener-bener teu sanggup, (tong sungkan)
menta tulung ka kuring.” Anjeuna (Hakim) nyarita:
“Baheula Zubair kungsi meuli ghabah ku harga
170.000.” Tuluy dijual ku Abdullah saharga
1.600.000.” Lajeng anjeuna (Hakim) ngadeg bari
pok nyarita: “Sing saha waé nu kungsi
ngahutangkeun (méré hutang) ka Zubair, tepungan
32. 32
kuring di ghabah.” Nya (singket carita) datang
Abdullah Ibn Jafar pikeun nepungan Abdullah Ibn
Zubair, manéhna ngabogaan piutang ka Zubair
saloba 400.000. Manéhna (Abdullah Ibn Jafar)
nyarita ka Abdullah Ibn Zubair: “Lamun anjeun
karep, kuring baris ngabebaskeun (éta hutang
Zubair) pikeun anjeun.” Abdullah Ibn Zubair
ngajawab: “Teu kudu.” Anjeuna (Abdullah Ibn Jafar)
nyarita deui: “Lamun anjeun karep, teundeun ngaran
kuring dina urutan nu panungtung, lamun anjeun
perlu ngaakhirkeun (dina urusan mayar hutang).”
Abdullah Ibn Zubair ngajawab: “Teu kudu.”
Abdullah Ibn Jafar nyarita deui: “Lamun kitu,
sérénkeun ka kuring sabidang tanah (ghabah) ieu.”
Abdullah Ibn Zubair ngajawab: “Keur anjeun
(watesna) ti dieu nepi ka dieu.” Satuluyna Abdullah
Ibn Zubair ngajual sabagian tina ghabah jeung bisa
ngalunasan hutang-hutang bapana. Malahan masih
aya sésa opat bagian jeung satengah. Tuluy
manéhna indit nepangan Mu’awiyah, di gédengeun
Mu’awiyah aya Amr Ibn Utsman, Al-Mundzir Ibn
Zubair jeung Ibnu Zam’ah. Nya Mu’awiyah tumaros
ka Abdullah: “Sabaraha taksiran (harga) tanah
ghabah?” Abdullah ngajawab: “Tiap hiji bagian
saharga saratus rebu.” Anjeuna (Mu’awiyah) nanya
deui: “Tinggal sakumaha deui sesana?” Abdullah
33. 33
ngajawab: “Opat satengah bagian deui.” Al-Mundzir
Ibn Az-Zubair sasauran: “Kuring nyokot (meuli)
sabagian ku harga saratus rebu.” Amr Ibn 'Utsman
sasauran: “Kuring nyokot (meuli) sabagian ku harga
saratus rebu.” Jeung Ibn Zam’ah ogé sasauran:
“Kuring nyokot (meuli) sabagian ku harga saratus
rebu.” Tuluy Mu’awiyah nanya ka Abdullah Ibn
Zubair: “Sakumaha deui sesana?” Abdullah
ngajawab: “Hiji satengah bagian deui.” Mu’awiyah
sasauran: “Keun, ku kuring dibeuli sesana kabeh ku
harga saratus lima puluh rebu.”
Abdullah Ibn Zubair sasauran: “Jeung Abdullah Ibn
Ja’far ngajual bagianana ka Mu’awiyah ku harga
600.000. Maka nalika Ibn Zubair geus réngsé tina
babayar hutang, anak-anak Zubair nyararita: “Geura
bagikeun ka kuring saréréa hak waris kuring
saréréa”, Abdullah nyarita: “Demi Allâh kuring moal
waka ngabagikeun (ieu harta) ti antara aranjeun
nepika kuring ngabewarakeun dina unggal usum
salila opat taun: “Kanyahokeun ku aranjeun! Sing
saha nu boga piutang ka Zubair, datang waé ka
kuring, kuring bakal ngalunasanana.” Maka unggal
taun Abdullah ngumumkeun dina tiap usum. Nalika
opat taun geus liwat, manéhna (Abdullah) ngabagi
(harta) ti antara maranéhna jeung masrahkeun nu
sapertiluna. Zubair ngabogaan opat pamajikan,
34. 34
masing-masingna meunang bagian 1.200.000.
sedengkeun sakabéh kakayaan Zubair téh jumlahna
50.200.000.
َبُابَتْحرْيمالظْلمَوَ ْالْمربَرد
ْالَمَظالم
35. 35
BAB XVI
HARAM MILAMPAH
KADHOLIMAN JEUNG
PARENTAH MULANGKEUN
HAK-HAK BATUR
a. Dalil Al-Qur'an
1) Q.S. Al-Mukmin (40) ayat 18
37. 37
b. Dalil As-Sunnah
1) H.R. Muslim ti Jabir
وعنجابرأنرسولللاقال:
اتقواالظلمفإنالظلمظلماتيوم
القيامة،واتقواالشحفإنالشحأهلك
منكانقبلكمح ؛ملهمعلأ ىن
سفكوادماءهمواستحلوم احارمهم
(رواهمسلم)
(Ieu hadits katampi) ti Jabir , yén Rasulullâh
ngadawuh: “Kudu boga rasa sieun kana
(migawe) kadholiman kusabab éta kadholiman
téh jadi popoék dina poé qiyamah. Jeung kudu
sieun kana (migawe) korét kusabab éta korét téh
nu geus ngabinasakeun jalma-jalma saméméh
aranjeun. Koret ngalantarankeun maranéhna
38. 38
ngucurkeun darah (saling ngabunuh) maranéhna
jeung ngahalalkeun sakabéh nu diharamkeun ka
maranéhna.” [H.R. Muslim]
2) H.R. Muslim ti Abu Hurairah
وعنأبيهريرةأنرسولللا
قال:لتؤدنالحقوقإلأ ىهلها
يومالقيامةح ،تي ىقادللشاة
الجلحاءمنالشاةالقرناء(رواه
مسلم)
(Ieu hadits katampi) ti Abu Hurairah , yén
Rasulullah ngadawuh: “(Demi Allah) sakabéh
haq pasti bakal dibikeun ka ahlina (nu bogana)
éta haq dina poé qiyamah, nepika domba/embé
nu teu tandukkan dibéré haq qishash pikeun
(ngabales) ka domba/embé nu tandukkan.” [H.R.
Muslim]
3) H.R. Bukhari sareng Muslim ti Ibnu ‘'Umar
40. 40
هذف ،ايشهركمهذأ الهلبلغت؟
قالون :اعمق ،ال:اش "اللهمهد"
ثلث،اويلكمـأوويحكمـ
انظروا:لترجعوب اعديكفارا
يضرببعضكمرقاببعض
(رواهالبخاريوروےمسلم
بعضه)
(Ieu hadits katampi) ti Ibnu 'Umar , anjeuna
sasauran: “Kuring saréréa (para shahabat) keur
ngobrolkeun ngeunaan Haji Wada’ sedengkeun
Nabi nuju aya ti antara kuring saréréa. Kuring
saréréa teu paham naon ari haji wada’ téh, dugika
Rasulullâh muji ka Allâh sarta mialem ka
Mantena (Allah), lajeng anjeuna (Rasul)
nyarioskeun ngeunaan Al-Masih Ad-Dajjal
kalawan panjang lebar penjelasanana. Rasul
ngadawuh: “Teu pati-pati Allâh ngutus hiji Nabi
kajabi éta Nabi méré paringetan/panyingsieun ka
umatna tina Al-Masih Ad-Dajjal. Nuh parantos
41. 41
méré paringetan, nya kitu deui Nabi-nabi
saparantosna (Nuh). Sabenerna Dajjal bakal
muncul kaluar di tengah-tengah aranjeun, mangka
teu aya sipatna nu samar ka aranjeun, teu aya nu
nyamuni ti aranjeun. Saestuna Rabb maranéh
(Allâh) henteu a’war (pécak sabeulah) jeung
sabenerna ari Dajjal éta a’war, pécak panon
katuhuna, kaya-kayaning panonna Dajjal saperti
buah anggur nu nolol. Sing inget! Saestuna Allah
geus ngaharamkeun pikeun aranjeun kana
(numpahkeun) darah aranjeun jeung (ngarampas)
harta aranjeun saperti kaharamanana ieu poé keur
aranjeun dina ieu bulan. Sing inget! Naha Kaula
geus nganepikeun?” aranjeuna (para shahabat)
ngawaler: “Sumuhun”. Rasulullâh SAW
ngadawuh: “Ya Allâh, mugi Gusti nyaksi.” Dugi
ka tilu kali. “Duh, karunya teuing aranjeun” atawa
“Duh, cilaka teuing aranjeun”. Perhatikeun! Ulah
nepi aranjeun baralik deui kana kakafiran
sanggeus kaula teu aya, sabagian aranjeun
neunggeul punduk/beuheung sabagian nu séjén
(silih bunuh tanpa dasar nu haq).” [H.R. Bukhari –
Muslim ngariwayatkeun sawaréhna]
4) H.R. Bukhari sareng Muslim ti ‘Aisyah
43. 43
ظالمةإنأخذهأليمشديد
:(هود١٠٢)متفقعليه
(Ieu hadits katampi) ti Abu Musa , anjeuna
sasauran: “Rasulullâh ngadawuh: “Saéstuna Allâh
nanggohkeun jalma dholim, mangka nalika Allâh
geus nyiksa éta jalma dholim, moal dileupaskeun
sama sakali.” Lajeng anjeuna (Rasul) maos (Q.S.
Hud ayat 12):
“Jeung kitu tah siksaan Pangeran hidep upama
Mantenna ngabinasa hiji nagara nu pangeusina
ngalakukeun kadholiman. Satemenna Siksaan
Mantenna téh nyeri taya hinggana tur keras
kabina-bina.”
44. 44
[H.R. Bukhari sareng Muslim]
6) H.R. Bukhari sareng Muslim ti Mu’adz
وعنمعاذقالب :عثنر ىسول
للافقالإ :نكتأتيقومم انأهل
الكتابفادعهمإلش ىهادةأنلإله
إلللاوأنيرسولللاف ،إنهم
أطاعول اذلكفأعلمهمأنللاقد
افترضعليهمخمسصلواتفي
كليوموليلةف ،إنأطاعوالذالك
فأعلمهمأنللاقدافترضعليهم
صدقةتؤخذمنأغنيائهمفترد
علف ىقرائهمف ،إنهمأطاعوا
لذلكفإياكوكرائمأموالهم،واتق
45. 45
دعوةالمظلومفإنهليسبينها
وبينللاحجاب(متفقعليه)
(Ieu hadits katampi) ti Mu’adz , anjeuna
sasauran: “Kuring diutus ku Rasulullâh anjeuna
ngadawuh: “Saestuna anjeun bakal ngadatangan
hiji kaum ti ahli kitab, mangka pék ajak
maranéhna supaya (ngaikrarkeun) syahadat, “Teu
aya sesembahan nu haq angingmung Allah jeung
saestuna Kaula (Muhammad) utusan Allâh.”
Upama maranéhna (ahli kitab) geus ta’at kana éta
syahadat, pék ajarkeun ka maranéhna yén Allâh
ngawajibkeun ka maranéhna lima sholat dina
sapoé-sapeuting. Upama maranéhna geus ta’at
kana éta (sholat lima waktu), pék ajarkeun ka
maranéhna yen Allâh ngawajibkeun zakat ka
maranéhna, nu dicokot ti jalma beunghar kalangan
maranéhna tuluy dibikeun ka jalma fakir miskin
tikalangan maranéhna. Upama maranéhna geus
ta’at kana éta (kawajiban zakat) maka ulah
ngadeukeutan harta maranéhna nu paling
dimulyakeun (berharga) jeung kudu sieun kana
do’ana jalma-jalma nu kaaniaya. Kusabab antara
éta do’a sareng Allah teu aya saeutik ogé lalangsé
(hahalang/tabir).” [H.R. Bukhari sareng Muslim]
46. 46
7) H.R. Bukhari sareng Muslim ti Abu Humaid
Abdurrahman bin Sa’ad As-Saidi
وعنأبيحميدعبدالرحمنبن
سعدالساعديقالاس :تعمل
النبيرجلمناألزديقالله:
ابناللتبيةعلالص ىدقةف ،لمق ادم
قاله :ذالكموهذاأهديإليف ،قام
رسولللاعلال ىمنبرفحمدللا
وأثنع ىليهث ،مقال:أمب اعدف ،إنى
أستعملالرجلمنكمعلال ىعمل
مماولنللا ىفيأتف ىيقوله :ذالكم
وهذه اديةأهديتإليأ ،فلجلس
فىبيتأبيهأوأمهحتت ىأتيه
47. 47
هديتهإنكانصادقو !!اللا
ليأخذأحدمنكمشيئب اغيرحقهإل
لقيللاتعالي ىحملهيومالقيامة
فلأعرفنأحدم انكملقيللا
يحملبعيرالهرغاءأ ،وبقرةلها
خوارأ ،وشاةتيعرث ،مرفعيديه
حتر ىؤيبياضإبطيهفقال:اللهم
هلبلغت(متفقعليه)
(Ieu hadits katampi) ti Abu Humaid
Abdurrahman Ibn Sa’ad As-Saidi , anjeuna
(Abu Humaid) sasauran: “Nabi parantos
ngangkat hiji jalma ti suku Al-Adz pikeun
ngumpulkeun zakat, ngaranna Ibn Al-Lutbiyyah.
Nya dina waktu manéhna datang (tina tugas)
manéhna nyarita: “Ieu keur aranjeun, sedengkeun
ieu mah hadiah keur kuring.” Maka Rasulullâh
naek mimba, ngucap tahmid ka Allâh sarta muji-
muji ka Mantenna lajeng ngadawuh: “Amma
48. 48
ba’du, saéstuna Kaula geus ngangkat hiji jalma ti
kaum aranjeun pikeun ngurus sabagian tina
saniskara nu geus dipaparinkeun Allâh kana éta
urusan ka kaula. Tuluy manéhna datang bari
nyarita: “Ieu keur aranjeun jeung ieu mah hadiah,
dihadiahkeun keur kuring.” Naha henteu diuk
waé di imah indung-bapana nepika éta hadiah téh
datang ka manéhna, lamun éta perkara téh bener!
Demi Allâh, teu pati-pati salah saurang ti antara
maranéh nyokot hiji perkara tanpa hakna kajaba
manéhna bakal patepang sareng Allah Ta’ala
dina poé qiyamah dina kaayaan mamanggul
barang (nu dicokot tanpa hak). Mangka ulah nepi
Kaula nyaho salah saurang ti antara maranéh
engké patepang sareng Allâh dina kaayaan
mamanggul hiji onta anu disada atawa
(mamanggul) hiji sapi nu ngalenguh atawa
(mamanggul) hiji embé nu ngabérélé.” Lajeng
anjeuna (Rasul) ngangkat dua pananganna dugi
ka témbong bodasna ingkab anjeuna, bari
ngadawuh: “Ya Allâh, jisim abdi parantos
ngadugikeun.” [H.R. Bukhari sareng Muslim]
8) H.R. Al-Bukhari ti Abu Hurairah
50. 50
rupa kahadean maka dosa-dosa dulurna dicokot
jeung ditanggung ku manéhna.” [H.R. Al-
Bukhari]
9) H.R. Bukhari sareng Muslim ti Abdullah bin
‘Amr bin ‘Ash
وعنعبدللابنعمروبنالعاص
عنالنبيقال:المسلممنسلم
المسلمونمنلسانهويدهوالمهاجر
منهجرمانهللا ىعنه(متفق
عليه)
(Ieu hadits katampi) ti Abdullah Ibn Amr Ibn Al-
‘Ash ti Nabi anjeuna sasauran: “Ari muslim
téh nyaéta jalma nu kaum muslimin salamet tina
gangguan/kajahatan letah (ucapan) jeung
leungeunna (kalakuanana). Sedengkeun muhajir
(jalma nu hijrah) téh nyaéta jalma nu ninggalkeun
51. 51
naon waé (saniskara) nu dilarang ku Allâh SWT.”
[H.R. Bukhari sareng Muslim]
10) H.R. Al-Bukhari ti ‘Abdullah Ibn Amr
وعنهقالك :انعلث ىقلالنبي
رجليقاللهكركرةفماتفقال
رسولللا:هوفالن ىارف ،ذهبوا
ينظرونإليهفوجدواعباءةقد
غله(ر اواهالبخاري)
(Ieu hadits katampi) ti anjeuna (Abdullah, Ibn
Amr , anjeuna sasauran: “Kabuktian jalma nu
ngurus barang-barang (cacandakan) kagungan
Nabi nyaéta hiji jalma nu ngaranna Kirkirah,
tuluy manéhna maot. Mangka Nabi ngadawuh:
“Manéhna (Kirkirah) aya dina naraka.” Aranjeuna
(para shahabat arindit pikeun mariksa, singhoréng
maranéhna (para shahabat) manggihan hiji jubah
nu disumputkeun ku manéhna (Kirkirah).” [H.R.
Al-Bukhari]
52. 52
11) H.R. Bukhari sareng Muslim ti Abu Bakrah
Nufa’i bin Harits
وعنأبيبكرةنفيعبنالحارث
عنالنبيقال:إنالزمانقد
استداركهيئتهيومخلقللا
السمواتواألرض:السنةاثنا
عشرشهرم ،انهاأربعةحرم:
ثلثمتواليات:ذوالقعدة
وذوالحجةوالمحرمورجبمضر
الذيبينجمادو ىشعبانأ ،ي
شهرهذق ا؟لنللا :اورسولهأعلم،
فسكتحتىظننأ انهسيسميهبغير
اسمهقالأ :ليسذاالحجة؟قلن:ا
بلىق .ال:فأيبلدهذا؟قلنللا :ا
54. 54
الشاهدالغائبف ،لعلبعضمن
يبلغهأنيكونأوعل ىهمنبعض
منسمعهث ،مقالأ :لهلبلغت؟
ألهلبلغتق ؟لنن :اعمق .الاللهم :
اشهد(متفقعليه)
(Ieu hadits katampi) ti Abu Bakrah Nufa’i Ibn Al-
Harits , ti Nabi , anjeuna sasauran: “Sabenerna
ieu zaman téh geus muter sakumaha kaayaanana
nalika Allâh nyiptakeun langit sareng bumi;
sataun dua belas bulan, ti antarana aya opat bulan
haram, nu tilu bulan berturut-turut : Dzulqa’dah,
Dzulhijjah, sareng Muharram; ditambah Rajab
Mudhar anu aya antara Bulan Jumada jeung
Sya’ban. Ari ayeuna bulan naon?” Kuring saréréa
ngajawab: “ Allah sareng Rasul-Na langkung
uninga.” Lajeng anjeuna jempé dugi ka kuring
saréréa nyangka anjeuna bakal nyebutkeun ngaran
bulan nu lainna. Anjeuna (Rasul) ngadawuh:
“Naha lain ayeuna téh bulan Dzulhijjah?” Kuring
saréréa ngajawab: “Sumuhun.” Rasul ngadawuh
deui: “Negeri naon ieu téh?” Kuring saréréa
55. 55
ngajawab: “Allah sareng Rasul-Na langkung
uninga.” Lajeng Rasul jempé dugika kuring
saréréa nyangka Rasul bakal nyebutkeun (éta
nagri) ku ngaran nu lain. Rasul ngadawuh: “Naha
lain ieu nagri téh nagri haram?” Kuring sareréa
ngajawab: “Sumuhun.” Rasulullâh SAW
ngadawuh: “Poé naon ayeuna?” Kuring saréréa
ngajawab: “Allah sareng Rasul-Na langkung
uninga.” Lajeng Rasul jempé dugi ka nyangka
Rasul bakal nyebut (éta ngaran poé) ku sebutan nu
lain. Rasul ngadawuh: “Naha lain poé ieu téh
yaum an-Nahr (poé kurban)?” Kuring saréréa
ngajawab: “Sumuhun.” Rasul ngadawuh:
“Saéstuna darah aranjeun, harta aranjeun, jeung
kahurmatan aranjeun téh haram, saperti haramna
ieu poé di ieu negeri aranjeun jeung dina ieu
bulan aranjeun. Aranjeun bakal patepang sareng
Pangeran aranjeun. Mantenna baris nanyakeun ka
anjeun ngeunaan amal-amal aranjeun. Mangka
sing inget ulah sakali-kali balik deui kana
kakafiran sanggeus kaula (maot), sabagian
aranjeun ngabunuh sabagian nu séjén. Sing inget,
nu hadir nganepikeun ka jalma nu teu hadir, bisa
jadi sabagian jalma nu teu hadir ayeuna (nu bakal
dibéré nyaho ku jalma nu hadir) bisa leuwih
paham ti batan jalma nu hadir pikeun
56. 56
ngadéngékeun langsung.” Lajeng Rasul
ngadawuh: “Sing inget, naha Kaula téh geus
nganepikeun? Sing inget, naha Kaula téh geus
nganepikeun?” Kuring saréréa ngajawab:
“Sumuhun.” Rasu ngadawuh: “Ya Allah, mugi
nyaksi.” [H.R. Bukhari sareng Muslim]
12) H.R. Muslim ti Abu Umamah Iyas bin
Tsa’labah Al-Haritsi
وعنأبأ ىمامةإياسبنثعلبة
الحارثيأنرسولللاقال:
مناقتطعحقامرئمسلمبيمينه
فقدأوجللا بلهالنارو ،حرم
عليهالجنةف ،قالرجلو :إنكان
شيئي اسيرايارسولللاف ؟قال:
وإنكانقضيبم انأراك(رواه
مسلم)
57. 57
(Ieu hadits katampi) ti Abu Umamah Iyas Ibn
Tsa’labah Al-Haritsi , yén Rasulullâh
ngadawuh: “Sing saha jalma anu nyokot hak hiji
jalma Muslim ku leungeun katuhuna maka Allah
geus ngawajibkeun neraka keur manéhna jeung
ngaharamkeun surga keur manéhna.” Maka hiji
jalma tumaros ka Rasulullâh : “Sok sanaos
barangna sakeudik (teu sapira), Ya Rasul?” Maka
Rasul ngadawuh: “Sok sanajan barangna
mangrupa batang siwak.” [H.R. Muslim]
13) H.R. Muslim ti ‘Adiy bin Umairah
وعنعديبنعميرةقال:
سمعترسولللايقولم :ن
استعملناهمنكمعلع ىملفكتمنا
مخيطف امف اوقهك ،انغلوليأتى
58. 58
بهيومالقيامةف ؛قامرجلأسود
مناألنصارك ،أنأ ىنظرإليه،
فقالي :ارسولللااقبلعنى
عملكق .الو :مالكق ؟الس :معتك
تقولكذو اكذق ،اال:وأنأ اقوله
النم :ناستعملناهعلع ىمل
فليجئبقليلهوكثيرهف ،مأ اوتي
منهأخذو ،من اهيعنهانتهى
(رواهمسلم)
(Ieu hadits katampi) ti Adiy Ibn Umairah
anjeuna sasauran: “Simkuring nguping
Rasulullâh ngadawuh: “Saha ti antara aranjeun
anu disérénan tugas amal, tuluy nyumputkeun ti
Kaula jarum jeung nu leuwih gede tibatan éta
(jarum), maka éta téh kaasup ghulul nu baris
ditanggung dina poé qiyamah.” Mangka aya hiji
lalaki hideung ti kaum Anshar nangtung,
59. 59
sapertina kuring kungsi ningali éta jalma, tuluy
éta jalma nyarita: “Ya Rasulullâh, tampi deui ieu
tugas nu disérénkeun ka jisim abdi,” Rasul
tumaros: “Naha kunaon kitu?” Éta jalma
ngajawab: “Simkuring nguping salira dadawuh
kitu kieu.” Rasul ngadawuh: “Jeung Kaula
ayeuna rék nyarita, sing saha jalma nu ku Kami
diangkat pikeun ngemban hiji tugas mangka
kudu dipasrahkeun sakabéhna, saeutik atawa
loba, mangka naon waé nu dibikeun ka manéhna
pék tarima jeung naon nu dilarang kudu
ditinggalkeun.” [H.R. Muslim]
14) H.R. Muslim ti 'Umar bin Khaththab
وعنعمربنالخطابقالل :ما
كانيومخيبرأقبلنفرمن
أصحابالنبيفقالوف :الن
شهيدو ،فلنشهيدح ،تم يروا
علىرجلفقالوف :النشهيد.
فقالالنبي:كلإنر يأيتهفى
60. 60
النارفب ىردةغلهـ اأوعباءة
(رواهمسلم)
(Ieu hadits katampi) ti 'Umar bin Khaththab ,
anjeuna sasauran: “Nalika réngsé perang Khaibar,
sababaraha shahabat Nabi datang ngadeuheus ka
Rasul. Aranjeuna ngalaporkeun: “Fulan syahid,
Fulan syahid, dugi ka nalika maranéhna nepi kana
ngaran hiji jalma maranéhna nyarita: “Fulan
Syahid.” Maka Nabi ngadawuh: “Henteu
(syahid), saéstuna Kaula ningali manéhna di
naraka, kusabab burdah (pakean nu garis-garis) nu
dicokotna (tina ghanimah) – atawa jubah.” [H.R.
Muslim]
15) H.R. Muslim ti Abu Qatadah Al-Harits bin
Rib’i
62. 62
رسولللان :عموأنتصابر
محتسبم ،قبلغيرمدبرإ ،ل
الدينفإنجبريل(عليهالسلم)
قاللذ ىلك(رواهمسلم)
(Ieu hadits katampi) ti Abu Qotadah Al-Harits Ibn
Rib’i , ti Rasulullâh , yén kabuktosan Rasul
ngadeg di payuneun aranjeuna (para shahabat),
ujug-ujug Rasul ngajelaskeun ka aranjeuna: jihad
di jalan Allah jeung iman ka Allah éta téh amal nu
pangutama-utamana. Mangka aya hiji jalma nu
ngadeg bari pok tumaros ka Rasul: “Ya
Rasulullâh, kumaha numutkeun pandangan salira,
upama abdi kabunuh dina pangperangan fi
sabilillah, naha sagala kasalahan abdi bakal
dipupus?” Rasul ngadawuh: “Bener, lamun anjeun
kabunuh di jalan Allah bari sabar jeung miharep
ridha-Na, nyanghareup ka musuh henteu
nonggongan.” Lajeng Rasulullâh ngadawuh:
“Kumaha tadi téh pertanyaanana (balikan deui)?”
Manéhna ngajawab: “Kumaha numutkeun
pandangan salira, upama abdi kabunuh di jalan
Allâh, naha dosa-dosa abdi bakal dihapunten ku
63. 63
Allah)?” Mangka Rasulullâh ngadawuh: “Enya,
(lamun) anjeun dina kaayaan sabar, ngarepkeun
ridho-Na, nyanghareup (ka musuh) henteu
nonggongan, kajaba (urusan) hutang, kusabab
Jibril ngabéjakeun hal éta ka Kaula.” [H.R.
Muslim]
16) H.R. Muslim ti Abu Hurairah
وعنأبيهريرةأنرسولللا
قالأ :تدرونمنالمفلسق ؟الو:ا
المفلسفينامنلدرهملهول
متاعف ،قالإ :نالمفلسمنأمتي
منيأتي يومالقيامةبصلة
وصياموزكاةو ،يأتو يقدشتم
هذو ،اقذفهذو اأكلمالهذا
64. 64
وسفكدمهذاو ،ضربهذا
فيعطه ىذم انحسناتهو ،هذم ان
حسناته،فإنفنيتحسناتهقبلأن
يقضم ىاعليهأخذمنخطاياهم
فطرحتعليهث ،مطرحفالن ىار
(رواهمسلم)
(Ieu hadits katampi) ti Abu Hurairah , yén
Rasulullâh ngadawuh: “Naha aranjeun nyaraho
saha ari muflis téh?” Maranéhna (para shahabat)
ngawaler: “Muflis (jalma nu bangkrut) téh
numutkeun abdi sadaya mah jalma nu teu
ngabogaan (deui) dirham jeung barang.” Mangka
Rasulullâh ngadawuh: “Saéstuna ari muflis di
umat Kaula mah nyaéta jalma nu datang dina poé
qiyamah kalayan mawa (pahala) sholat, puasa,
jeung zakat, tatapina manéhna datang dina
kaayaan geus ngahina si anu, geus nuduh zina si
anu, geus ngadahar hartana si anu, geus ngabunuh
si anu, geus neunggeul si anu, mangka ieu jalma
dibayar ku sabagian kahadeanana jeung ieu téh
65. 65
dicokot tina kahadeanana. Upama kahadeanana
geus béak saméméh kabayar hutang-hutangna, nya
dicokot dosa-dosa maranéhna (anu geus didholim
ku manéhna) tuluy ditibankeun éta dosa ka
manéhna, anu satuluyna éta jalma dialungkeun ka
naraka.”
[H.R. Muslim]
17) H.R. Bukhari sareng Muslim ti Ummu
Salamah
وعنأمسلمةأنرسولللا
قالإ :نمأ انب اشروإنكم
تختصمونإليولعلبعضكمأن
يكونألحنبحجتهمن
بعض،فأقضيلهبنحوماأسمع
فمنقضيتلهبحقأخيهفإنما
66. 66
أقطعلهقطعةمنالنار(متفق
عليه)
(Ieu hadits katampi) ti Ummu Salamah yén
Rasulullâh ngadawuh: “Saéstuna ari Kaula téh
manusa (biasa), aranjeun ngadukeun perkara ka
Kaula bisa jadi salah saurang aranjeun leuwih
pinter ngajelaskeun hujjahna
(alesana/pembelaanana) tibatan nu séjénna,
sahingga Kaula mutuskeun keur manéhna,
sakumaha numutkeun keterangan/penjelasan nu
kadéngé ku Kaula. Mangka sing saha jalma nu
geus dimeunangkeun perkarana ku Kaula
(kusabab pinter nganepikeun hujjah), sedengkeun
manéhna nyaho yén éta téh hak dulurna, mangka
(saolah-olah) Kaula geus méré
saguruntul/sapotong seuneu naraka.” [H.R.
Bukhari sareng Muslim]
18) H.R. Al-Bukhari ti Ibnu 'Umar
وعنابنعمرقال:قالرسول
للال :نيزالالمؤمنفف يسحة
67. 67
مندينهمالميصبدمح اراما
(رواهالبخاري)
(Ieu hadits katampi) ti Ibnu 'Umar , anjeuna
sasauran: “Rasulullâh ngadawuh: “Hiji jalma
muslim salawasna aya dina kajembaran tina
agamana sapanjang teu ngocorkeun geutih anu
haram.” [H.R. Al-Bukhari]
19) H.R. Al-Bukhari ti Khawlah binti Tsamir
Al-Anshariyah, garwa Hamzah
وعنخولةبنتاثمراألنصارية
وهيامرأةحمزةقالت:سمعت
رسولللايقولإ :ن
رجاليتخوضونفم ىالللابغير