3. Carita Buhun
Dongéng nya éta carita anu teu asup akal jeung teu
kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian
jaman baheula. Numutkeun kamus dongéng téh babad
meunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian
saenyana anu mohal jadina. Budi Rahayu Tamsah
nétélakeun yén dongéng mangrupa carita rékaan anu méré
kesan pamohalan tur ukuranana parondok. Dongéng
mimiti gelar dina wangun lisan, sumebar ti hiji jalma ka
jalma liana, tur teu kapanggih saha nu ngarangna. Lantaran
sumebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robah
atawa leungit. Robahna téks téh alatan aya anu dihaja jeung
teu di haja
4. Unsur-unsur Carita Dongéng
Téma, tema nya éta ide, maksud atawa tujuan anu hayang
dihontal ku pangarang dina hiji carita dongéng, anu baris
kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca atawa
ngadéngékeun dongéng.
Galur (plot) osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita,
kajadian anu sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji
lanjeureun carita. Galur dihartikeun runtuyan jeung patalina
kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti mimti nepi ka
pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nya éta
galur merélé, galur mobok tengah, jeung galur campuran.
5. Unsur-unsur Carita Dongéng
Tokoh carita atawa palaku nya éta jalma atawa pihak
anu ngalalakon dina hiji carita.
Latar (setting), nya éta waktu jeung tempat kajadian
hiji carita dongéng.
Amanat, nya éta pesen pangarang nu hayang
ditepikeun ka pamaca. Umumna amanat dina dongéng
mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca
atawa ngadéngékeun hiji carita nu sagemblengna.
6. Ciri-Ciri Dongéng
Caritana pondok, lanjeuran carita dina dongéng biasana
basajan jeung pondok. Ari nu jadi alesanana nya éta carita
dongéng osok didongéngkeun ka barudak, nu tangtuna waé
kamampuh nangkep basa jeung caritana kawatesanan.
Aya bagian anu pamohalan.
Asup kana wangun lancaran jeung ugeran.
Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna.
7. Ciri-Ciri Dongéng
Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat pikeun atikan,
hiburan, protés sosial, atawa kahayang nu di sidem.
Sanajan dongéng ditepkeuna sacara malibir tapi miboga
atikan anu utama ngeunaan kaluhungan budi jeung
pieunteungeun.
Sipatna pralogis, nya éta mibanda logika anu béda jeung
logika umum.
Sipatna tradisional, nya éta sumebarna turun-tumurun.
Pola ngadongéng sok angger
8. Sajarah Kamekaran jeung
Sumebarna Dongéng
Gelarna satra lisan di tatar Sunda kira-kira dina jaman
buhun anu dicirian ku ayana pangaruh Hindu.v Dina ieu
jaman, sastra anu aya teu kapanggih ngaran pangarangna
(anonim) kayaning carita-carita pantun, carita-carita
mithologia, pabél-pabél, jangjawokan, asihan, jampé-jampé,
kawih, jsté. Tétéla pisan satra lisan leuwih ti heula ayana
tibatan sastra tulis. Sastra tulis aya saba’da urang Sunda
wawuh kana tradisi tulis. Ku sabab téknologi ayeuna beuki
maju, nya éta ku ayana pecitakan, loba dongéng anu dimuat
dina majalah jeung surat kabar. Lian ti éta ogé, aya anu
dikumpulkeun jadi buku, di antarana: Dongéng disalin kana
tulisan, sanggeus téknologi ngambah kana kasustraan sunda,
loba dongéng anu dibukukeun
9. Fungsi Dongéng
Kalungguhan dongéng kacida pentingna pikeun
masarakat anu masih kénéh nyekel pageuh tradisi.
Dongéng henteu bisa di pisahkeun tina upacara ritual
manusa nurutkeun kapercayaan. Pungsi dongéng ti
jaman ka jaman robah. Dina jaman masarakat buhun,
dongéng téh henteu bisa dipisahkeun tina asal-usul
upacara-upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaan.
Dongéng sok dihartikeun alat pikeun ngabobodo budak
céngéng.
10. Fungsi Dongéng
Tapi mun seug dipaluruh leuwih jero, kalungguhan
dongéng téh lain wates keur ngabobodo budak céngng
hungkul, tapi ngabogaan tujuan séjén lamun ditétélakeun di
handap:
Ngarah anak incu urang nyaho kana turunan.
Ngarah anak incu urang nyaho kana pancakaki.
Ngarah anak incu urang nyaho kana asal muasalna tempat.
Ngarah anak incu urang nyaho kaayaan lemburna boh
kaayaan alamna boh kaayaan tali parantina.
Ngarah anak incu urang manggih luang tina pangawéan
karuhun pikeun bekel hirupna.
Ngarah pagawéan beurat karasa leuwih hampang.
11. Si Kabayan Ngala Tutut
Cék Ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan
gawé sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung
lauk.”
Cék Si Kabayan, “Ka mana ngalana?”
Cék ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah
nu meunang ngagaru geura.
Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di
dinya katémbong tututna loba, lantaran caina hérang, jadi
katémbong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi barang diteges-teges
ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai. Manéhna
ngarasa lewang neuleu sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya
sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh kalangkang langit. Cék Si
Kabayan dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina
caina. Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi ka teu
beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta tutut téh sok dialaan ku
jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.”
12. Si Kabayan Ngala Tutut
Geus kitu mah Si Kabayan léos ngala leugeut. Barang geus
meunang, dibeulitkeun kana nyéré, dijejeran ku awi panjang,
sabab pikirna dék ti kajauhan baé ngala tutuna moal deukeutdeukeut sieun tikecebur. Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan
tutut méh sapoé jeput, tapi teu aya beubeunanganana, ngan
ukur hiji dua baé. Kitu ogé lain beunang ku leugeut, beunang
sotéh lantaran ku kabeneran baé. Tutut keur calangap,
talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakop jadi beunang.
Lamun teu kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari
di jero cai mah éta leugeut téh teu daékeun napel, komo deui
tutut mah da aya leuleueuran. Di imah ku ninina didagoan,
geus ngala salam, séréh jeung konéng keur ngasakan tutut.
Lantaran ambleng baé, tuluy disusul ku ninina ka sawah.
Kasampak Si Kabayan keur ngaleugeutan tutut.
13. Si Kabayan Ngala Tutut
Cék ninina, “Na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?”
Cék Si Kabayan, “Kumaha da sieun tikecebur,
deuleu tuh sakitu jerona nepi ka katémbong langit.”
Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun
brus ancrub ka sawah.
Cék Si Kabayan, “Heheh él da déét.”
Tina Lima Abad Sastra Sunda.